Mun leukeun niténan Undang-undang Pérs, saperti Undang-undang No. 40 Taun 1999, mémang écés taya sesebutan pérs lokal atawa pérs daérah. Nu jinek réngkolna dina éta undang-undang mah, pérs nasional jeung pérs asing. Hartina, pérs nu maké basa Sunda gé kalungguhan jeung pungsina mah sarua wé jeung pérs nasional.
Ngan, upama nilik kana patékadan umumna nu medalkeun média massa Sunda atawa pérs Sunda, mémang jinek. Puguh pamiangan jeung udaganana! Naon téa? Umumna mah, lian ti nyumponan pungsi jeung kalungguhan saperti pérs umumna, deuih boga udagan séjén, milu miara jeung mekarkeun budaya Sunda.
Sabenerna, patékadan pérs Sunda kawas kitu téh, bisa jadi pakarepan urang Sunda umumna nu boga kasadaran kana budayana. Ngan, ari pérs mah, apan lian ti boga kasadaran téh, ogé milu ngahudangkeun kasadaran pihak séjén.
Patali jeung miara budaya, mémang sawadina mah, (pangpangna) kawajiban pamaréntah, kaasup pamaréntah daérah. Da, hirup-huripna budaya daérah gé apan dijamin ku Undang-undang Dasar 1945 gé. Ngan, tangtuna, upama ku UUD dijamin, hartina ogé kudu aya pangrojongna sangkan éta jaminan téh bisa dilaksanakeun sahadé-hadéna.
Patali jeung budaya Sunda, di antarana deuih aya Perda No. 5 taun 2003. Éta Perda nu ayeuna keur dirvusi téh bisa jadi gambaran rasa tanggung jawab pamaréntah dina miara jeung ngamumulé budaya Sunda, pangpangna nu patali jeung basa katut aksara daérah.
Nilik kana pakarepan Pamaréntah Daérah Jawa Barat jeung pakarepan média massa Sunda, écés pisan nyantélna téh. Masing-masing pihak, najan béda huluwotan kokocoranana, enas-enasna mah, tetep patékadan miara budaya Sunda téa. Hartina, payus pisan upama pihak-pihak nu boga karep miara budaya Sunda gé meunang pangro-jong Pamaréntah Jawa Barat.
Ngan, mana bukti pangrojong pamaréntah daérah ka média Sunda, pangpangna mah kana média citak? Nilik lalampahan média Sunda ti mangsa ka mangsa, teu weléh tilem-timbul kalayan pamustunganana carem. Dongéng lawas média massa Sunda nu ka tukang-tukang remen ‘ngageuri’, terus ngukuntik média massa Sunda kiwari.
Upama baréto taya Perda nu patali jeung basa, upamana, pamaréntah teu ngarasa boga kawajiban mantuan pérs Sunda, mémang pantes. Tapi, sanggeus aya Perda, bawirasa, Perda gé payus pisan upama daék mantuan hirup-huripna média Sunda. Da, ku cara kitu, tujuan nu hayang kahontal ku Perda téa, sabagian dilaksanakeun ku média massa Sunda. Apan, ku medalkeun warta-warta jeung tulisan-tulisan dina basa Sunda gé, salasahiji cukang lantaran sangkan basa Sunda terus hirup di masa-rakatna.
Upaya larapna Perda nu patali jeung basa Sunda, mémang digederkeun ka sakumna kabupatén / kota di Jawa Barat. Apan, geus ilahar upama aya anjuran-anjuran bupati / walikota sangkan dina salasahiji poé saban mingguna nyararita maké basa Sunda jeung maké pakéan adat Sunda. Tarékah kitu téh, salasahiji tarékah ngahontal tujuan Perda téa.
Upama ajakan-ajakan nyarita basa Sunda digederkeun, bawirasa ogé kudu aya pangrojongna, di antarana bacaan-bacaan Sunda. Atuh, upama média massa Sunda jadi bacaan parapagawé - leupas tina ajén wartana - apan copelna bisa jadi pangrojong mahérna maké basa Sunda téa.
Mun udagan Perda bener-bener lain ukur lalam-bé atawa lain ukur sawatesanan konsép, hal-hal nu sipatna ‘praktis’ tur basajan, bisa dilaksanakeun. Upamana waé, di kantor-kantor pamaréntahan, meujeuhna upama aya bacaan Sunda, kaasup majalah-majalah Sunda. Lian ti éta, atuh iklan-iklan layanan masarakat ti pihak lembaga pamaréntah ogé, bisa dimuat dina média massa Sunda kalayan maké basa Sunda. Ku cara kitu, lain ukur, pihak pamaréntah nyontoan masarakat maké basa Sunda, tapi deui bisa mantuan hirup-huripna média Sunda. Pérs Sunda téh tong diantep teu walakaya, ku lantaran teu dirojong jeung dideudeul ku Pamaréntah Provinsi, Kabupatén / Kota, para-wakil rahayat katut Badan Usaha Milik Daérah (BUMD)! ***