Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Ngabagi Kanyaah ka nu Amanah

Mimiti ‘usum’ kompanyeu partéy katut calon législatf (calég). Mobil ngaleut ditumpakan ku para-simpatisanana. Rahayat ngarumpul di lapang, di gedong serbaguna maké kaos pangbagian  bari ngabandungan kader-kader partéy calon anggota parlemén biantara dina panggung nembrakkeun ideu atawa gagasan, kahayang, jeung sajabana. Mun sora maranéhna unggul jadi anggota déwan di puseur nagara (DPR RI), DPRD Provinsi, jeung nu dipercaya ngawarakilan rahayat di DPRD Kabupatén / Kota, rahayat bakal makmur tur raharja, hukum ditanjeurkeun keur sakabéh pangeusi ieu nagara, moal dibéda-béda, sing saha waé nu salah kudu dihukum saluyu jeung kalakuanana.
Réa pisan jangji nu dibudalkeun sangkan nu araya harita jeung kulawargana di imah katut tatanggana nyolok partéyna, tong asa-asa cenah nyolok potrét manéhna.
Kabéhanana ogé genah kadéngéna, mépéndé haté ngabubungah rasa, jadi matak bingung nu ngabandungan, da kabéhanana ogé jangjina aramis, aralus taya cawadeunana.
Tapi sabenerna mah urang teu kudu bingung, atawa cangcaya ka sing saha waé ogé, ari urang geus wanoh kana paripolah sapopoé para-calég mah. Saban poé katitén kabandungan kumaha ketak jeung laku-lampah calég di lembur. Naha tina sakitu lilana urang wanoh ka maranéhna, karasa kahadéanana keur kapentingan  urang lembur sakumna? Atawa nembrakkeun kanyaahna téh  ngadadak duméh nyanghareupan Pemilihan Umum (Pemilu) 2014 wungkul ?
Tanggal 9 April 2014 waktuna Pemilu, teu lila kurang leuwih dua minggu deui. Sawadina urang geus boga pamilih sorangan nu panceg, kudu ka saha urang nyoblos. Éta aya dina haté séwang-séwangan, nu penting urang kudu nyolok, kudu nyoblos kana potrét Calég pamilih urang nu sapagodos tur saluyu jeung haté. Urang mah tong jadi Golput (Golongan putih). Lebar. Pésta Démokrasi nu lumangsung lima taun sakali téh tong dimomorékeun, malah kudu dimangpaatkeun sahadé-hadéna. Muga waé urang mah teu salah pilih, lantaran salah milih keur piwakileun urang di parlemén salila lima taun téh balukarna teu hadé. Ngabagi kanyaah mah kudu ka nu amanah, malar naon nu jadi harepan urang nya éta rahayat nu raharja téréh ngawujud, lain saukur angen-angen wungkul.***

Pérs Sunda Tong Diantep Teu Walakaya

Mun leukeun niténan Undang-undang Pérs, saperti Undang-undang No. 40 Taun 1999, mémang écés taya sesebutan pérs lokal atawa pérs daérah. Nu jinek réngkolna dina éta undang-undang mah, pérs nasional jeung pérs asing. Hartina, pérs nu maké basa Sunda gé kalungguhan jeung pungsina mah sarua wé jeung pérs nasional.
Ngan, upama nilik kana patékadan umumna nu medalkeun média massa Sunda atawa pérs Sunda, mémang jinek. Puguh pamiangan jeung udaganana! Naon téa? Umumna mah, lian ti nyumponan pungsi jeung kalungguhan saperti pérs umumna, deuih boga udagan séjén, milu miara jeung mekarkeun budaya Sunda.
Sabenerna, patékadan pérs Sunda kawas kitu téh, bisa jadi pakarepan urang Sunda umumna nu boga kasadaran kana budayana. Ngan, ari pérs mah, apan lian ti boga kasadaran téh, ogé milu ngahudangkeun kasadaran pihak séjén.
Patali jeung miara budaya, mémang sawadina mah, (pangpangna) kawajiban pamaréntah, kaasup pamaréntah daérah. Da, hirup-huripna budaya daérah gé apan dijamin ku Undang-undang Dasar 1945 gé. Ngan, tangtuna, upama ku UUD dijamin, hartina ogé kudu aya pangrojongna sangkan éta jaminan téh bisa dilaksanakeun sahadé-hadéna.
Patali jeung budaya Sunda, di antarana deuih aya Perda No. 5 taun 2003. Éta Perda nu ayeuna keur dirvusi téh bisa jadi gambaran rasa tanggung jawab pamaréntah dina miara jeung ngamumulé budaya Sunda, pangpangna nu patali jeung basa katut aksara daérah.
Nilik kana pakarepan Pamaréntah Daérah Jawa Barat jeung pakarepan média massa Sunda, écés pisan nyantélna téh. Masing-masing pihak, najan béda huluwotan kokocoranana, enas-enasna mah, tetep patékadan miara budaya Sunda téa. Hartina, payus pisan upama pihak-pihak nu boga karep miara budaya Sunda gé meunang pangro-jong Pamaréntah Jawa Barat.
Ngan, mana bukti pangrojong pamaréntah daérah ka média Sunda, pangpangna mah kana média citak? Nilik lalampahan média Sunda ti mangsa ka mangsa, teu weléh tilem-timbul kalayan pamustunganana carem. Dongéng lawas média massa Sunda nu ka tukang-tukang remen ‘ngageuri’, terus ngukuntik média massa Sunda kiwari.
Upama baréto taya Perda nu patali jeung basa, upamana, pamaréntah teu ngarasa boga kawajiban mantuan pérs Sunda, mémang pantes. Tapi, sanggeus aya Perda, bawirasa, Perda gé payus pisan upama daék mantuan hirup-huripna média Sunda. Da, ku cara kitu, tujuan nu hayang kahontal ku Perda téa, sabagian dilaksanakeun ku média massa Sunda. Apan, ku medalkeun warta-warta jeung tulisan-tulisan dina basa Sunda gé, salasahiji cukang lantaran sangkan basa Sunda terus hirup di masa-rakatna.
Upaya larapna Perda nu patali jeung basa Sunda, mémang digederkeun ka sakumna kabupatén / kota di Jawa Barat. Apan, geus ilahar upama aya anjuran-anjuran bupati / walikota sangkan dina salasahiji poé saban mingguna nyararita maké basa Sunda jeung maké pakéan adat Sunda. Tarékah kitu téh, salasahiji tarékah ngahontal tujuan Perda téa.
Upama ajakan-ajakan nyarita basa Sunda digederkeun, bawirasa ogé kudu aya pangrojongna, di antarana bacaan-bacaan Sunda. Atuh, upama média massa Sunda jadi bacaan parapagawé - leupas tina ajén wartana - apan copelna bisa jadi pangrojong mahérna maké basa Sunda téa.
Mun udagan Perda bener-bener lain ukur lalam-bé atawa lain ukur sawatesanan konsép, hal-hal nu sipatna ‘praktis’ tur basajan, bisa dilaksanakeun. Upamana waé, di kantor-kantor pamaréntahan, meujeuhna upama aya bacaan Sunda, kaasup majalah-majalah Sunda. Lian ti éta, atuh iklan-iklan layanan masarakat ti pihak lembaga pamaréntah ogé, bisa dimuat dina média massa Sunda kalayan maké basa Sunda. Ku cara kitu, lain ukur, pihak pamaréntah nyontoan masarakat maké basa Sunda, tapi deui bisa mantuan hirup-huripna média Sunda. Pérs Sunda téh tong diantep teu walakaya, ku lantaran teu dirojong jeung dideudeul ku Pamaréntah Provinsi, Kabupatén / Kota, para-wakil rahayat katut Badan Usaha Milik Daérah (BUMD)! ***

Kudu Parat ka Saban Tempat

Ku Dudi Santosa

(SundaMidang 100 Kaca 74)

Karep jeung ketak pamingpin, kudu dipiwanoh ku balaréa. Nya, tangtuna gé butuh média sangkan pakarepan pamingpin nyambung jeung kahayang masarakat. Naon téa médiana téh? Bisa rupa-rupa kaasup média masa.
Kiwari, média gé rupa-rupa naker. Lian ti média citak aya éléktronik jeung online. Kabéhanana keur pamaréntah mah kacida pereluna, sangkan rupa-rupa golongan masarakat bisa katodél ku éta béwara.
Keur Jawa Barat, naon waé médiana, basana nu dipaké mah, di antarana, basa Sunda atawa basa indung keur urang Sunda mah. Ieu basa, lain wungkul alat komunikasi tapi deuih keur ngantengkeun tatali batin antara parapanyatur basa Sunda.
Kumaha nasib pérs Sunda? Ti baheula gé éstu gumantung pisan kana kanyaah pribadi-pribadina. Kétang, nu urusan jeung kasundaan mah, boh seni boh budaya séjénna, lolobana mah ukur ngandelkeun kanyaah masarakatna. Padahal, kahirupan basa, seni, ogé budaya séjénna, kacida butuh perhatian saban pihak kaasup pamaréntah.
Dina Perda No. 5 Taun 2003, jinek naker pamaréntah téh kudu ilubiung ngahirup-huripkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda. Paheutna jangji pamaréntah kawas kitu, kuduna mah geus karasa ku masarakat Sunda. Ngan, kumaha buktina? Ku lantaran aturan téh ukur aya réngkolna, tacan aya léngkah jinek. Ayana aturan jeung tayana aturan, taya bédana!
Di antara pamaké basa Sunda, pérs Sunda. Ieu widang mah, ka bala ka balé. Lian ti keur méré béwara ka balaréa ngeunaan kaayaan rupa-rupa kahirupan, ogé jadi pangrojong hirup jeung huripna basa Sunda. Apan, hirupna basa téh bakal gumantung ka nu marakéna. Upama éta basa tetep dipaké boh sacara lisan boh tinulis, tangtu wé éta basa téh bakal tetep hirup.
Sabenerna, pancén pamaréntah téh kabantuan ku pérs. Lantaran, sagala rupa program pamaréntah bisa kabéwarakeun ka masarakat ngaliwatan média masa. Ku cara kitu, upama program pamaréntah hayang dipiwanoh ku masarakat sarta hayang meunang pangrojong rahayat éta karep jeung kahayang pamaréntah téh kudu nepi ka masarakat sakumna.
Patali jeung pentingna béwara pamaréntah téa, keur Pemprov Jabar jeung Banten, tetep kacida butuhna ku média masa nu basana basa Sunda. Ngan, ajén média gé tangtu bakal gumantung kana pangrojong pihak séjén.
Dina Perda No. 5 Taun 2003, ogé kacatur, keur ngawaragadan kagiatan-kagiatan nu patali jeung basa, sastra, ogé aksara Sunda, ngancokeun APBD. Hartina, ngandelkeun duit rahayat kénéh nu ngumpulna ngaliwatan pamaréntah.
Bawirasa, pamaréntah mah loba cara upama bener-bener rék némbongkeun kanyaahna ka média (pérs) Sunda. Apan, dina kagiatan-kagiatanana téh perelu dibéwarakeun ka balaréa. Lian ti béwara nu ditulis dina basa Indonésia apan merenah pisan upama maké basa Sunda.
Ngabéwarakeun kagiatan-kagiatan Jawa Barat nu ‘palaksanaanana’ Pamaréntah Jawa Barat, mémang bisa waé diémbarkeun sacara nasional ku basa nasional. Tapi, bisa leuwih keuna tur merenah upama ditepikeun dina basa Sunda.
Pamaréntah loba cara upama hayang mikanyaah pérs atawa ngarojong kamekaran pérs Sunda. Pamaréntah boga BUMD. Ilahar apan masing-masing éta pausahaan téh nyayagikeun CSR (corporate sosial responsibility). Mun waragad CSR diséngsarkeun sawaréh keur média Sunda, tangtuna gé moal gaplah. Lantaran ketak kitu téh sarua jeung milu miara basa nu dipaké ku masarakat.***

Lalaki Kenya Bangbung Ranggaék

Ku Rukman Héryana

(SundaMidang 100 Kaca 68)

Kulawarga berencana téh bakal ngabalukarkeun ibu-ibu jeung wanoja, teu aya gairah sapatemon, kurang sumanget ngalayanan salaki. Lantaran kitu, kuring mah boro-boro nitah, nyarankeun gé henteu ka pamajikan, pikeun ngagunakeun alat KB (kontrasépsi), da ari kawajiban awéwé mah keur ngalahirkeun barudak. Kitu ceuk Zaddock Odhiambo, hiji lalaki anu umurna kakara 28 taun tapi geus boga budak genep.
Babaturan Zaddock, Damaskus Chemonges nétélakeun, yén kulawarga berencana téh bahaya pisan, kuring ngadéngé nu milu KB bakal ngalahirkeun budak anu euweuh ceulian jeung mataan, mun rék ngajarangan budak mah maké cara-cara tradisi wé, nu geus dilakukeun ku maranéhna saméméh nyaho cara-cara KB anu modéren, pokna.
Barang ditanya nyaho jeung paham ngeunaan vasectomi? Chemonges nyebutkeun, lamun lalaki divasectomi bakal maot, sajaba ti éta, lalaki bakal “impoten”, nu balukarna pamajikanana bakal saré di luareun imah, nu engke balikna mawa budak batur.
Margaret Akoth ti Manyatta ngobrolkeun ka Inter Press Service, basa mimiti kuring milu KB ku cara pel kalawan rerencepan, lantaran kuring teu hayang boga budak deui, boga opat gé geus dianggap cukup. Barang kanyahoan ku salaki kuring, éta pél dibalangkeun bari manéhna ninggalkeun imah. Jaba ti éta, manéhna ngancam mun kuring teu daék eureun milu KB, manéhna rék maéhan kuring. Kuring indit ka klinik kaséhatan, ménta cara séjén supaya teu kapanggih ku salaki, nya kuring ku patugas disarankeun maké cara suntik. Pamustunganana, kuring disuntik tilu bulan sakali kalawan rerencepan, alesan ka salaki mah rék mariksakeun budak. Hiji mangsa salaki kuring kungsi nanyakeun, ku naon kuring can ngandung budak deui? Nya kuring ngajawab ku sagala cara, nu penting mah teu curigaeun salaki, sabab kuring inget kana ancamanana. Kitu dongéng Margaret Akoth.
Lain waé kaum istri nu diancam téh, tapi patugas kaséhatan gé diancam ku parasalaki upama kanyahoan méré alat kontrasépsi ka pamajikan maranéhna. Malah dianggap musuh, tur nuduh patugas kaséhatan boga niat rék ngaruksak kulawarga, kitu ceuk Rose 'Ochieng anu dines jadi patugas kaséhatan di Nyalunya, 17 kilométer ti Kisumu. Manéhna geus remen meunang ancaman salila tugas. Malah babaturan Rose mah loba anu kabur ninggalkeun tempat tugasna lantaran salian ti diancam téh nepi ka diusir ku kaum bapa di tempat tugasna.
Tah kitu dulur-dulur, gambaran kaum bapa di Kenya kacida antina kana kulawarga berencana (KB) téh. Isu soal teu sapagodosna lalaki kana KB, nolakna kaum bapa kana KB téh aya sababaraha alesan. Hasil panalungtikan di Rift Valley dina bulan Désémber 2008 nepi ka Januari 2009 nétélakeun, alesan utamana nya éta salah paham ngeunaan kulawarga berencana keur awéwé jeung lalaki. Lalaki nyebutkeun yén wanoja anu milu KB téh jadi tiis di tempat saré, nu séjénna nyebutkeun lamun arinyana divasectomi bakal moal bisa ngalakukeun sapatemon, anu ngabalukarkeun turunna darajat lalaki, sarta inggis pasanganana bakal nyolowédor ka nu séjén. Kasieunan nu séjén, bapa-bapa bakal kaleungitan budak ku jalan maot atawa pipisahan, sabab vasectomi teu bisa dirobah. Maranéhna bakal jadi miyuni hayam kabiri, ngéplék jawér ngandar jangjang, kuméok méméh dipacok. Mun di leuweung kayu randu, mun di lebak kayu dangdeur, hurung hérang ngan bincurang, ceuk maranéhna.
Balukar tina kaayaan kitu, parapatugas kaséhatan sieun targét teu kahontal lantaran kudu nurunkeun angka kematian ibu lobana 75% dina taun 2015, moal bisa kahontal upama teu dipigawé babarengan kaasup kaum lalaki.
Sikep masarakat saperti kitu téh, ngabalukarkeun Kenya jadi hiji nagara anu kasuburanana pangluhurna sadunya, lantaran anu lahir teu kawatesanan nu maot mah loba ngurangan. Dina taun 1960, Kenya rata-rata boga budakna 8,1... Ambuing di Indonésia gé dina taun 1970 ngan 5,6. Tapi dina taun 1990, rata-rata boga budak di Kenya, geus jadi 5,4. Jadi salila 30 taun, Kenya bisa nurunkeun TFR atawa rata-rata boga budak 2,7.
Sanajan bari kitu, dina 15 belas taun katompérnakeun nepi ka taun 2005, rata-rata boga budak masih tetep saluhureun 5 saban kulawargana, lantaran nambahan pasangan usia subur ngora (anu karawin anyar), hal éta ngabalukarkeun kasieun yén ngaronjatna jumlah padumuk teu sajalan jeung ngaronjatna pakumbuhan ékonomi nagara Kenya. Diitung upama teu aya tarékah anu daria, padumuk Kenya anu ayeuna 54 juta bakal jadi 83 juta dina taun 2040.
Tarékah keur ngaronjatkeun ilubiungna kaum lalaki kana KB, mindeng diayakeun gempungan darurat dina hiji rangkay anu keumeuh di Manyatta, Kenya bagian kulon, jeung Kisumu. Nya éta ngabadamikeun soal-soal kamasarakatan, di hareupeun para-inohong kepala suku di éta wewengkon. Dina éta gempungan, kaasup nyawalakeun masalah kulawarga berencana.
Dina hiji pagempungan kepala suku, nu dipiluan ku 50 urang ti sababaraha suku nu aya di Kenya nu geus marilu KB. Dina éta gempungan ngabahas soal tanggung jawab lalaki dina kaséhatan réproduksi wanoja. Ku arinyana dima’naan, sanajan maranéhna geus marilu KB tapi masih kénéh sok ngurangan hubungan sapatemon, boh waktuna atawa mindengna.
Tapi ti harita mimiti aya anu méré penjelasan ngeunaan vasectomi ti jalma anu geus ngalaksanakeun vasectomi. Ceuk si Ochieng, teu mungkin, maenya vasectomi ngabalukarkeun lalaki leungit gairah seksna, ogé teu bener mun ngabalukarkeun lalaki jadi impotén. Kuring gé sanggeus vasectomi, ngalaksanakeun kawajiban salaki pamajikan angger normal, tapi pamajikan teu kakandungan deui, nu matak vasectomi téh hiji cara anu praktis keur ngeureunan boga deui budak.
Ku sabab kitu, dulur-dulur, upama ngajak vasectomi ku patugas komo deui éta patugas téh can ngalaksanakeun vasectomi, bakal hésé nurutna, bakal hésé miluna. Béda deui upama diajakna atawa diterangkeunana ku jalma anu kungsi ngalaman. Geuning di urang gé, dina mangsa Jawa Barat meunang targét vasectomi 6.000 urang sataun, sanajan urang apruk-aprukan, harita taun 2009 nepi ka bulan Maret kakara meunang 114 urang. Tapi saenggeusna urang ngabentuk Paguyuban Kontap Pria di tingkat kabupatén / kota malah terus ka tingkat kacamatan séwang-séwangan, alhamdulillah nu marilu vasectomi ngaronjat anu luar biasa. Lantaran, dipadungdengkeun, dibéjérbéaskeun, jeung dicontoan ku nu geus marilu vasectomi. Malah sabada diiming-imingan ku sing saha nu panglobana meunang akséptor vasectomi bakal dibiayaan umroh. Antukna dua taun noron, urang bisa miangkeun jawara vasectomi miang umroh.
Sulintang damar kaanginan, tétéla anu meunang téh, nu geus divasectomi lain patugas. Kahiji Kang Mamat ti Kota Banjar anu diiangkeun taun 2009, inyana téh sapopoéna jadi calo di terminal Banjar. Dina taun 2010 anu miang téh Kang Adang ti Kabupatén Bandung, anu gawé sapopoéna jadi tukang témbok / tukang kayu. Sok lah... tuluykeun usaha ngantebkeun Paguyuban Kontap Pria, malah mun perelu mah nepi ka désa-désa. Kang Yoga ti Kabupatén Bandung, dina taun 2007 miang ka Ambon ngahadiran Harganas, lantaran kolompokna jadi jawara tingkat nasional.
Sok komo deui, keur vasectomi di Indonésia geus aya lampu héjo, ku ayana Fatwa Ulama taun 2012 waktu musawarah MUI di Cipasung Tasikmalaya Jawa Barat. Dina éta fatwa dijéntrékeun :
Vasectomi téh haram, kajaba:
1. Keur tujuan anu hadé anu teu patukang tonggong jeung saréat. Mun ditarjamahkeun mah meureun, upama tujuanana téh sangkan mulus turunan, séhat kulawarga, barudak kaaping kajaring kajaga kariksa, luhur élmuna, jembar pangabisana, mulus balungna mekar otakna, sangkan takwa ka Nu Maha Kawasa dina mangsana.
2. Teu maneuh (permanén). Ngandung harti, meunang vasectomi upama teu mutuskeun turunan, tur bisa deui boga turunan. Hal ieu geus kajawab, yén anu geus divasectomi gé loba anu baroga budak deui lantaran ari boga budak mah lain urusan manusa, tapi urusan Alloh, sabab urusan manusa mah taya nu langgeng. Nepi ka sok jadi bukur catur buah carita, majarkeun pamajikanana nyolowédor, padahal sanggeus dibuktikeun mah salakina positip deui ngandung bibit, éta kersaning Nu Maha Kawasa.
3. Aya jaminan bisa nyambung deui jeung balik deui normal. Pikeun ngusahakeun fatwa éta pan aya tarékah rékanalisasi, nya éta nyambungkeun deui saluran spérma, jeung geus kabuktian aya nu hasil leuwih ti saurang.
4. Teu nimbulkeun bahaya atawa madlarat keur nu ngalaksanakeunana. Hal ieu ku urang bisa dipaluruh tur dititénan, yén mangrébu-rébu anu geus ngalaksanakeun vasectomi éstu teu ngabahayakeun ka dirina, hirup walagri dina rumah tangga.
5. Teu diasupkeun kana program atawa cara-cara alat KB Mantap. Ku lantaran kitu, vasectomi ayeuna sipatna lain targét, tapi kudu dirobah jadi ngalayanan paménta masarakat.

Inget vasectomi, inget lagu Kontap Pria ciptaan Kang Rukman téa, anu kieu unina:

Kontap Pria

Kontap Pria cara KB keur pameget
Kulawarga nu putrana langkung dua
Umur istri manjing tilu puluh
Sarat utama luyu sakulawarga
Ulah risi mun urang divasectomi
Saluran bibit nu dibeungkeut tali
Nu diturih ngan ukur sasénti
Dipigawéna husus ku dokter ahli
Vasectomi dijamin moal rék nyeri
Sabada operasi kudu ati-ati
Tapi omat ulah kacaian
Beh dituna tong loba pikiran
Sabada operasi ulah campur heula
Ditunda paling lilana saminggu
Mun ngamimitian arek sapatemon
Sementara maké kondom.***

Carpon

Nu Teu Mulang Tas Lebaran

Ku Ena Rs.

(SundaMidang 100 Kaca 46)

Kaasup alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dédé, kasampak keur aya. Malah témbong nyalsé, Haji Dédé keur maca koran dina téras hareup. Biasana Haji Dédé mah jarang di imah, hésé hayang panggih téh, malum pangusaha nu keur meumeujeuhna manjang.
“Aééh, geuning urang kota téh aya kénéh di lembur?” ceuk Haji Dédé bari nilepan koran.
Wija ngahéhéh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Batur mah nu marudik téh geus baralik deui ka kota, ari manéh Ja, naha aya kénéh di lembur?” Haji Dédé mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... Badé teras di lembur wé ayeuna mah... Horéam ka kota deui téh abdi mah...” Ceuk Wija. Haténa mah rada éra nyarita kitu téh.
“Sukur atuh ari geus rék bumetah di lembur mah... Teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur gé... Sukur... sukur lah, bungah lembur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditaringgalkeun ku nu naréangan kipayah ka kota...”
Wija nyéréngéh.
“Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija téh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... Meureun meujeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... Piraku rék saumur-umur usaha di kota waé, teu inget balik deui ka lembur...”
“Nya muhun nu saruksés mah Pa Haji... Nu nasibna saé sareng arageung modal mah mendakan kasenangan usaha di kota téh.... Abdi mah ukur kari daki wé di kota gé...” ceuk Wija. Luk tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji...”
“Enya, kétang nya, nasib meureun nu kuat mah. Tapi kétang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah kumaha patékadan urang. Mun urang kuat tékad dina ngarobah nasib, nya nasib gé bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah-satengah tékad urangna, meureun nasib gé moal bisa robah...”
Wija ngeluk deui waé.
“Atuh soal modal, ah kuring apal Ja urang dieu nu suksés usaha di kota. Itu Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda, pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Dagang basona gé di ruko ayeuna mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gedé modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manéhna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna...”
Teu lémék, Wija beuki ngeluk.
“Si Toha deuih, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot, Si Udéng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pemborong...”
“Muhun pan nu sanés mah, Pa Haji... Saraé milikna... Abdi mah angger wé pétot kahirupan téh...” Ceuk Wija karék némbalan.
Haji Dédé ngahéhéh.
“Ah, ulah dipaké leutik haté, Ja... Encan Wija mah... Pan ceuk kuring gé nasib mah bisa dirobah asal kuat tékad dina ngarobahna. Teu di kota teu di lembur pikeun jadi jalma suksés mah taya halangan. Modal ulah jadi halangan. Réa jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngaturna bet jadi beunghar. Kuring gé cicing di lembur lain agul Ja, ceuk batur mah pan disebut suksés...”
“Sumuhun...”
“Terus, Wija ayeuna di lembur rék usaha kana naon?”
Méméh némbalan Wija ngarénghap heula.
“Nya éta Pa Haji, abdi téh teu acan gaduh totoongan badé naon-naonna. Namung saheulaanan mah mamanawian abdi téh badé nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padamelan nu tiasa dipidamel ku abdi...” Ceuk Wija neger-neger manéh ngomong sakitu gé. Rumasa éra geus kapeupeuh ku omongan Haji Dédé cikénéh.
“Ah, éra ngagawékeun urang kota mah...” Haji Dédé ngahéhéhéh.
“Teu kénging kitu Pa Haji... sing hawatos wé ka abdi...” Beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Éra...
“Emh, hampura kétang Ja, heureuy kuring mah... Nya ari arék buburuh di kuring mah pék waé... Kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran téh, supirna ka karota... bisa nyupir kénéh lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji... Pan di Jakarta gé abdi nyupiran damel téh...” Témbal Wija giak.
“Nya atuh mimiti isuk wé gawéna. Kabeneran tas lebaran téh loba order ngakutan batu ka proyék perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh néangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja. Jagjag mobilna mah... Tapi jig wé ilikan ku sorangan. Kenékna si Hamid..., apal lin ka Si Hamid? Éta anakna Mang Cécé...”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig wé ilikan mobilna...”
Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dédé mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi téh. Nu séjénna mah tangtu keur jaralan, da réa mobil treuk Haji Dédé téh. Mun teu salah aya kana tujuh belasna.
Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z 7610 TB. Enya jiga jagjag kénéh. Tina cétna ogé katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kalacat naék kana mobil, konci kontakna ngagantung. Jegur dihirupan, didédéngékeun sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, gerentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang toong ka kolong mobil, nempoan handapna. Pér aralus, taya nu potong. Ban sakitu mah garaling kénéh. Tinggal mecut wé...
*
Mulang ti Haji Dédé teu tuluy mulang ka imah. Tapi méngkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana.
Panonpoé keur meujeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah di lembur manéhna mah taya nu kagaringan da boga irigasi nu kawilang kuat caina. Paré keur meumeujeuhna héjo, sawaréh témbong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu bapana, Wija tuluy muru saung. Gék diuk. Késang renung dina tarangna. Tapi késang nu karasana genah kana awak, lain késang lantaran baringsang ku panasna hawa Jakarta, tempat manéhna nyiar kipayah welasan taun ka tukang.
Gék Wija diuk dina talapuh saung. Nempo ka jauhna satungtung ngaplakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongokan sawah parentul na galengan. Ti beulah wétan aya manuk kuntul ngalayang muru watés pasawahan...
Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus ka liwat. Mangsa manéhna usaha di Jakarta. Wayah kieu bororaah bisa nyalsé, teu kawas ayeuna di lembur. Keur meumeujeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah... Gawé jadi supir Mayasari, hawa panas, macét teu anggeus-anggeus... hhhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manéhna masih ké-néh karasa capéna, ripuhna... Dipiki-pikir ayeuna mah uyuhan wé bisa tahan welas-welas taun kitu...
Keur Wija, omongan Haji Dédé tadi téh asa nyindiran ka manéhna, Enya batur mah saruksés, ari manéhna mulang ka lembur téh ngaligincing. Ladang usaha béak keur kahirupan sapopoé. Bisa neundeun gé teu sabaraha. Nu diancokeun téh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeunana gé bubar, érép pisan.
Nganjrek di imah kontrakan saumur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedéan usaha. Bisa undak pacabakan. Ari manéhna supir wé saumur-umur. Bororaah bisa cara batur...
Wija ngarénghap... Mun palid dina kahirupan kota manéhna mah rumasa. Jiga jalma beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon waé nu hayang diasaan. Kana kahirupan peuting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meulian pakéan teu kapetolan. Kajeun duit béak da isuk gé bisa néangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya wé anak pamajikan. Kikiriman ka lembur téh taya leuwihna, sasat sésa manéhna di Jakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabulan béak, sabulan béak. Nepi ka kolotna gegelendeng. Majar téh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya punjulna mah. Nyupiran mah di lembur gé réa ieuh nu bogaeun mobil. Asal daék ngadunungan ka batur...
Dipikiran dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tékad pikeun bumetah di lembur. Kumaha waé résikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya: Naha can ka Jakarta deui, naha di lembur kénéh...?
Sakuduna mah mulang bumetah deui di lembur téh geus kari ngahunang ngahening. Boga bekel nu kandel. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manéhna mah enol pisan téh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya ngamimitian ti enol deui waé.
Kaduhung, bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon hambur, gerentes haté Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tékad kuat ngarobah nasib... meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus capé, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur téh bati bingung. Dasar... ah... Wija garo-garo teu ateul.
Batur mah saruksés usaha di Jakarta téh. Ari manéhna....?
Encan Wija mah... omongan Haji Dédé nongtoréng deui. Wija ngoréjat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana lain kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah téh... Haté Wija norowéco.
“Kang Wija...” Aya nu ngageroan.
Wija ngalieuk. Horéng Hamid, nangtung di luareun saung. teu kadéngé jolna.
“Aéh, Mid... rék ka mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dédé, cenah énjing mah jalan jeung Kang Wija da badé damel di anjeunna...” ceuk Hamid.
“Enya, Mid. Daék lin buburuh babarengan jeung kuring?”
“Atuh kantenan, Kang. Bungah wé nu aya. Tos sabulan abdi mah teu buburuh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bungahna béh ditueun ti bungah... Abdi tiasa buburuh deui... Teu énak nganggur téh, Kang...”
Wija nyéréngéh. Haté manéhna gé bet milu bungah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian haténa. Rék diniatan ngarobah nasib. Rék ditékadkeun kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... Najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan.
Teu karasa waktu geus tangangé. Panonpoé morérét. Angin rada tarik, sora daun paré nu katebak kadéngé ngeresek.***

Lembur simpé,
Agustus 2012.

Éksékusi

Ku Endan Sukanda *)

(SundaMidang 100 Kaca 26)

Nurutkeun papayan sajarahna, hukum pati téh asalna mah ku cara ditunggel jangga, istilah anu dipaké pikeun ngalemeskeun “diteukteuk beuheung” atawa dipeuncit. Dipapay leuwih ka tukang deui, dina jaman baheula béhditueun baheula, upamana anu kacatet dina jaman Aristotéles mah, jalma-jalma anu dianggap siwah dina pamadeganana, manakomo dianggap ngabangkang kana kailaharan, dihukum patina ku cara dipaksa nginum (diinuman) racun. Sakitan kokolojotan, tina bahamna ngabudah sésa-sésa racun anu tangtu wé matak maténi. Sanajan waktuna kaitung cukup rada lila, kitu lah antara satengah tepi ka sapoé jeput ti mimiti racun asup kana kadut tepi ka aya réaksina anu tuluy sakitan téa ngemasi pati.
Ari ditunggel jangga mah, sakitan anu leungeunna dibarogod (da bisi kabur) digiringkeun ka hiji tempat anu maneuh, terus beuheungna sina nyindekel kana talenan anu jangkungna kira-kira 60 cm, rubak buleudanana 40 cm. Srog logojo anu bosongot ngangsrog, cleng sirah sakitan misah tina awakna digampleng ku gobang atawa kampak parantina. Wassalam, gumantung kana amalna, naha di ditu rék ka naraka atawa sawargana mah. Ngan anu sidik, sirah anu baloboran kénéh ku getih, laju dipulung ku logojo, saterusna ditémbongkeun ka balaréa anu nyaksian, sangkan nu lalajo jadi saksi yén sakitan téa geus dihukum pati.
Jaman raja-raja nyakrawati di Perancis bihari, hukum pati ditunggel jangga téh aya kamajuan anu kaitung rada “nyakola” sahanteuna asa teu kaciri bengis teuing. Alat pamotong beuheung, mangrupa beusi atawa logam anu beuratna ratusan kati. Éta “péso” anu rubakna kira-kira sadeupa, panjangna punjul satengah deupa kalayan beulah handapna ngahaja sina seukeut, digantungkeun cacangkedna anu disambungkeun maké tambang dadung. Mun cangkedna ditarik, ieu péso atawa kampak raksasa téa ngagulusur kana jalan parantina murag kalawan neundeut, ninggang kana beuheung jalma sakitan anu mémang keur nunggu-nunggu diteukteuk. Éta pakarang anu matak muringkak saawak-awak, muriding sabulu-bulu gading téh guilotine disebutna, maneuh paranti neukteuk beuheung sakitan.
Rada béh dieu pisan, anu dihukum pati téh ku jalan digantung, kaasup dina jaman modérn ayeuna. Upamana waé anu kajadian dina mangsa Ordeu Lama baheula, aya tilu soldadu urang anu dihukum gantung di Malaysia. Nya kitu deui Ali Bhutto, jalma dina jaman modéren nagarawan anu ngalaman gugulayunan dina tihang gantungan téh. Malah tepi ka ieu tulisan dijieun ogé, Nagri Jiran tatangga urang mah masih kénéh nerapkeun hukuman pati ku jalan digantung pikeun sakitan anu diponés maot, upamana bandar narkoba, atawa anu ngahaja maéhan.
Saterusna hukum pati beuki maju, dina harti merhitungkeun jihat kamanusaan. Dina hal ieu mah inohong logojo néangan jalan jeung ihtiar, kumaha carana sangkan sakitan teu lila teuing nandangan panyiksa saméméh datang ajalna. Nya kapanggih ku jalan dibedil. Kalawan rerencepan, sakitan téa dibawa ka hiji tempat anu dirusiahkeun. Leungeun sakitan dibangkol, panonna ditutupan tuluy dituyun ka tempat éksékusi. Di dinya geus nyampak sungut-sungut bedil anu jumlahna 12 bedil. Ti dinya kalayan rerencepan komandan regu témbak ngasupan salasahiji bedil ku pélor, sedengkeun bedil nu sawelas deui mah kosong. Cunduk waktu anu tangtu, pas datang kana mangsana, 12 urang penémbak jitu (sniper) dipanggil pikeun ngalaksanakeun pancénna. Tilu, dua, hiji, témbak! Belesur tina salasahiji sungut bedil aya pélor anu ngabelesat meneran kana jajantung sakitan, da ngahaja geus dicirian minangka sasaran témbak. Beletak, dada sakitan keuna, satuluyna aya nu ngalémbéréh dina palebah dada si sakitan, hiji, dua, tilu... sapuluh detik (atawa leuwih saeutik) kulahék waéh beuheung sakitan ngulahék. Dokter ngarampaan pigeulang sakitan, jslté anu saterusna nyieun viseum anu nétélakeun yén sakitan geus bener-bener maot dina jam menit jeung detik saanu.
Hukum pati anu “panggenahna” dina harti anu dihukumna teu pati lila teuing kasiksa, nya éta diuk dina korsi listrik. Palebah urat nadi sakitan, kayaning dina palebah beuheung, pigeulang leungeun duanana, luhureun bincurang suku duanana jeung palebah dada dibeulitan logam panganteur arus listrik anu panghébatna. Tilu, dua, hiji! Aliran listrik anu ngamalir kana korsi listrik téa dicetrékkeun. Kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, hos. Ieu mah antara 3 - 5 detik tepi ka wasalamna, gumantung daya tahan (endurance) jasmani sakitan.
Heup, nyaritakeun anu dihukum pati mah bisi kabaca ku anu leumpeuh yuni, malaur katempuhan anu nulisna kéh. Enya da dicaritakeun deui di dieu sotéh pikeun babandingan carita anu aya pakaitna jeung kecap éksékusi, anu kiwari mah lain waé mindeng kapireng ku urang saréréa, tapi geus teu matak ngabirigidig.
Béda jaman, béda jalma nu ngajamanan. Sok sanajan asalna mah, dina kamus naon waé harti kecap éksékusi téh diheureutkeun ngan wungkul pikeun anu dihukum pati. Upamana dina Kamus Ensiklopédi Indonésia taun 1992 kabaca dina kaca 1345. Di dinya mah malahan kapanggih rupa-rupa hukum anu kungsi diterapkeun di nagara urang, di antarana aya hukum dera atawa hukum cambuk. Cenah gé kieu, katerangan ngeunaan hukum dera mah, “hukuman menyakiti badan dengan pukulan kayu, rotan atau cambuk, dsb. yang masih banyak dijalankan sebelum tahun 1900 tetapi kini sudah terlarang” Dina kaca éta kénéh, ditétélakeun kieu, “hukuman mati dalam hukum pidana Indonesia termasuk hukuman yang paling berat”. Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia (KUBI) W.J.S Poerwadarminta, boh anu medal taun 1987 nya kitu KUBI wedalan taun 2006 dina kaca 313 masih kénéh sarua kabaca, “éksékusi adalah pelaksanaan putusan hakim, hususnya hukuman mati” Malah dina Kamus Inggris-Indonesia Indonesia-Inggris mah leuwih tembres deui, “execute” vb melakukan; -- somebody, menjalankan hukuman mati atas. “execution” hal melakukan (hukuman mati).
Saluyu jeung mekarna jaman, ieu kecap jadi ngalegaan jeung ngajembaran. Dina harti kiwari mah éksékusi téh dilarapkeun dina rupa-rupa pakumbuhan kahirupan, upamana éksékusi wangunan anu jadi bahan patelak, éksékusi lahan, jslté.
Jadi, lamun kiwari urang di dieu di sarakan (anu cenah gemah ripah loh jinawi) maca atawa ngabandungan hiji warta aya kalimah, “Si Ontohod lantaran kaasup koruptor, sakeudeung deui baris diéksékusi (tangtuna gé lain jasmanina anu rék dihukum pati, tapi... harta kakayaanana anu meunang hasil ngagerejud tina duit rahayat atawa ngagasab kakayaan nagara). Pan heueuh geus pasti, da di urang mah lain di Cina anu kungsi kabéjakeun dina warta, yén pajabat-pajabat nagara anu duruwiksa, anu jadi koruptor ngorowot tepi ka duit nagara copong gorowong téa ditibanan hukum pati. Tumerapna, minangka rambat kamalé tina ieu kawijakan pamaréntah Cina, anu rék ngicip-ngicip korupsi, rék nyoba-nyoba ngagasab harta rahayat jeung nagara, jadi mikir sababaraha jumpalikan.
Naha perlu kitu di nagara urang ogé (anu majar cenah gemah ripah loh jinawi téa) harti éksékusi kiwari diriutkeun tepi ka ngaheureutan deui saperti bihari? Keur koruptor, utamana anu geus nyata nyangsara masarakat tepi ka jaradi masakat rosa, ka hareupna lamun urang mireng béja aya ti antara maranéhna anu diéksékusi téh dina sawangan urang geus pasti maranéhna disetrum dina korsi listrik, didor, ngagulayun digantung; atawa cara anu leuwih ka tukang deui diguilotin jeung diinuman racun? Manakomo da geus ti jaman Menkumham Patrialis Akbar, hukum pati di nagara urang bisa dilaksanakeun ka koruptor saupama kalakuan kotor ceceremedna téa dina kaayaan nagara keur walurat atawa ngagasab waragad anu diancokeun keur musibah. Beu, mun enya téh...***
*) Nu nulis guru Sajarah SMAN 3 Kota Sukabumi

Banjir Jakarta

Ku Adjat Sudradjat *)

(SundaMidang 100 Kaca 14)

Saréréa geus pada-uninga yén Jakarta téh saban taun kabanjiran. Ngan dina taun ieu, karaosna rada mokaha. Éta waé Jalan Thamrin anu ngabulungbung di tengah kota, nepi ka kakeueum. Kitu deui istana. Ceuk téori, istana mah moal nepi ka kabanjiran, lantaran Walanda geus mendet cai anu bakal ka dinya ku pintu Manggarai. Cai dikamalirkeun ka wahangan Mookervaart, anu terusna ka Cisadané di Tangerang. Sigana taun ieu mah hujanna rada ngagebrét, cenah ceuk ahlina mah lantaran aya badéy tropis di Samudera Hindia.
Nurutkeun catetan, ti jaman Purnawarman kénéh kira-kira 1700 taun ka tukang, wewengkon Jakarta téh geus loma kana banjir. Dina batu lingga anu ditulis jaman harita, kailo yén Raja ngawangun wahangan pikeun ngamalirkeun cai. Dina jaman Jan Pieterszoen Coen mah geus puguh, wahangan téh digedé-gedékeun jiga di Amsterdam. Pijalaneun téh lain di darat, tapi dina cai mapay-mapay wahangan. Demi jalan sisi wahangan éta diancokeun bongkar muat barang wungkul. Nepi ka ayeuna kitu kaayaan di Nagri Walanda. Kaharti, sabab urang Walanda mah ngeunteungna téh ka sagara. Ku kituna ngaropéa laut, nyieun parahu atawa ngamumulé basisir téh tigin pisan. Sigana nagri urang anu cenah basisirna pangpanjangna sadunya, sawadina meureun kitu. Jalésvéva Jayamahé, kitu saur parapahlawan laut urang ogé.

Mawat Banjir
Nilik kana kaayaan alam fisikna mah saéstuna Jakarta téh sayang banjir. Ieu wewengkon téh merenahna dina hiji léngkob. Cai ti Citarum wétaneun léngkob, méngkolna téh ka léngkob Jakarta, kitu deui ti beulah kulon ti Cisadané. Ciliwung anu merenahna di tengah-tengah, notog pisan ka Jakarta. Dina jaman Coen mah Ciliwung téh sékéna kahirupan. Basa Coen meunang widi pikeun ngadegkeun gudang, merenahkeunana téh di sisi Ciliwung. Kitu deui urang Portegis anu ti saméméhna geus ngokolakeun gudang di sisi beulah wétan. Ciliwung sasatna diapit ku puseur niaga anu paeunteung-eunteung. Ku kituna Ciliwung téh jadi pupuhu jalan.
Sanggeus ngusir urang Portegis, Coen nyieun wahangan ka kénca ka katuhu, sangkan parahu bisa lalar liwat ka suklakna ka siklukna di wewengkon Batavia. Ku kituna, nilik kana kodratna Jakarta téh kota cai. Tutumpakan, boh barang boh jelema, ngandelkeun jalan cai. Tangtu waé lamun dibalik kana tutumpakan jalan darat jiga kiwari, nya masih kénéh kudu bireuk jeung cai. Ngarobah falsafah kota geus tangtu merelukeun waktu. Kungsi aya béja cenah Pamaréntah Jakarta mitembeyan ngamumulé deui wahangan pikeun tutumpakan cai. Ieu téh kacida alusna lantaran saluyu jeung kodratna kota.
Ayeuna lantaran tutumpakan di darat leuwih genah tur pangpangna mah kitu kahayang balaréa, nya teu nanaon pindah ti kodrat cai ka kodrat darat. Ngan tangtu ngarobah kodrat, komo ieu mah lantaran kodrat perbawa alam, geus tangtu henteu gampang. Nu ngokolakeun Dayeuh Jakarta ti baheula ogé geus wanoh kana téori-téorina pikeun ngarobah falsafah tina kota cai kana kota darat. Ngan tangtu dina prakna henteu bisa gagancangan, lain waé perelu waragad, tapi ogé perelu waktu. Katurug-turug Jakarta sakitu gegekna, ngaléngkah gé hésé.

Alam fisik wewengkon Jakarta
Wewengkon Jakarta téh tumuwuh dina léngkob anu disaeur ku keusik gunung. Ratusan réwu taun ka tukang, sarupaning babatuan anu diburakeun ku Gunung Salak, Gunung Gedé, jeung Pangrango saeutik-saeutik ngurug Léngkob Jakarta anu harita mah jirimna laut. Tempat pangurugan merenahna di palebah Bogor. Nu matak alam fisik Jakarta-Bogor wujudna méncos ka Bogor bari ngalegaan ka Jakarta. Wangun sarupa kitu téh teu béda jeung kipas atawa ku ahlina sok disebut kipas aluvium (alluvial fan). Basisir Léngkob Jakarta jaman harita kira-kira merenahna di wewengkon Cibinong.
Cai anu monténg ti Bogor ka Cibinong teu eureun ngakutan keusik, nepi ka kipas aluvium téh ngalegaan. Kitu jeung kitu waé, saeutik-saeutik basisir ngésér ka kalér. Biwir kipas tungtungna nepi ka wewengkon Senayan. Ti Bogor nepi ka Senayan, taneuhna beureum, anu disebut taneuh laterit anu asalna tina keusik gunung anu ngawangun kipas téa. Ti Senayan ka kalér, léngkob téh kaurugna ku leutak anu ngendek di walungan. Urut basisir masih katangar manjang ti wétan ka kulon ngajajar ti kidul ka kalérkeun. Ieu anu disebut geger basisir (beach ridges), lébarna 50 méteran, jangkungna aya kana dua tilu méterna. Ayeuna tapak geger basisir téh geus teu pati écés, lantaran dilindes ku wangunan kota. Tapi kodratna mah aya kénéh, nya éta ieu geger téh mendet cai. Katurug-turug lahan tukangeunana téh urut rawa anu taneuhna henteu nyerep cai. Di palebah dieu cai pasti ngeuyeumbeu. Jalan Sudirman jeung Thamrin motong geger basisir anu manjang ti wétan ka kulonkeun. Ku kituna, palebah jalan motong lahan urut rawa, geus pasti cileungcangna rada jero. Ti baheula anu kawentar téh wewengkon Sarinah.
Aya deui anu nyebutkeun yén banjir Jakarta téh aya patalina jeung cai jero taneuh anu disedotna kaleuleuwihi. Ku lantaran kitu, taneuh neundeut, cai asin rembes ti laut nepi ka Monas. Tapi teu saeutik ahli anu teu sapagodos. Panalungtikan katompérnakeun maké isotop, nétélakeun yén cai asin téh lain ti laut, tapi ti anggalna geus aya di dinya. Perkara neundeut, bisa jadi bener, tapi dina enyana masih bisa dikokolakeun ku ngawatesan nyedotna cai taneuh. Tapi aya deui anu nalungtik, cenah neundeutna Dayeuh Jakarta téh lantaran ngareunteutna alas Léngkob Jakarta. Ieu téh patali jeung soéhna tatapakan léngkob di deukeut Tangerang jeung deukeut Bekasi. Sasatna Léngkob Jakarta téh dumadina lantaran dihapit ku dua wewengkon anu cicingna henteu teteg. Cenah teu mustahil ieu soéh téh nguliat deui di jaman kiwari anu disebut néotéktonik. Ieu panalungtikan tacan masagi masih perelu kénéh disusud jeung diteuleuman.
Kumaha akalna sangkan ulah banjir? Nya rada hésé, lantaran kudu ngarobah kodrat fisik kota. Tapi lamun aya waragadna mah teu hésé-hésé teuing. Anu ngokolakeun Jakarta geus apal kana kaayaan alam fisik Jakarta. Cenah rancangan pikeun nangkes banjir ogé geus sababaraha kali digulang-gapér. Wahangan Wétan (Banjir Kanal Timur) anu geus diwangun kacida hadéna. Dibarengan ku wahangan beulah kulon anu geus diwangun ku Walanda sigana bakal mampuh ngabénténgan Jakarta tina cai anu narajang ti beulah kidul.
Ayeuna tinggal bénténg ti beulah kalér, lantaran cenah cai laut ogé dina usum ngijih sok mancal basisir. Éta kaharti lantaran cai ti Citarum jeung Cisadané ngulibek ka Léngkob Jakarta. Buktina, délta Citarum henteu tumuwuh ka kalér, tapi ngeluk ka Léngkob Jakarta. Atuh caina ogé ngulibek ka dinya. Ku kituna beungeut cai laut di Léngkob Jakarta ngaluhuran. Demi cai walungan geus tangtu ngeuyeumbeu lamun neumbrag cai laut anu leuwih luhur. Leuwih ti kitu, ngabayabah ka mamana. Dina perkara ieu, rancangan pikeun ngamumulé basisir kalér Jakarta merenah pisan. Ku modél polder siga di Nagri Walanda cai laut bisa diajak badami. Urang Walanda mah cenah geus 800 taun ngomé cai modél kitu téh. Ngompa caina maké kincir angin. Ngan di urang mah meureun maké BBM anu geus tangtu unggal poé kutar-ketir.***
*) Nu nulis ahli géologi, dumuk di Dago Babakan, Bandung. Serélék: asudradjat@yahoo.com


Metakeun Jurus-jurus Wirausaha

Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)

(SundaMidang 100 Kaca 7)

Kahirupan bisnis neueul kana sabudeureun “Persaingan”, geusan meunangkeun pasar, sumber daya, tahan, legana wewenang. Nu ditataan bieu tangtu wé didodoho ku halangan-harungan ogé “Risiko”, nu dilantarankeun talajak jalma séjén atawa ogé pangaruh alam. Ku lantaran kitu, hartina ogé butuh “Perilaku” jeung “Strategi” (sangkan nyorang hirup jeung huripna).
Bédana leuweung bisnis jeung leuweung nu saenyana téh patali jeung lingkungan ogé pipikiran manusa. Leuweung bisnis sarua bahayana, tapi jauh leuwih pajurawet. Kitu téh patali jeung rarancang, pipikiran, jeung strategi manusa jauh leuwih ngabahayakeun.
Kalanggengan bisnis jeung ngungudag kaunggulan di dunya usaha remen ngalantarankeun tindakan séjén ti lawan bisnis nu balukarna ngarugikeun malah maéhan salasahiji pihak. Contona, perang harega nu kejem sarta ngagunakeun pangaruh nu sawenang-wenang, oge ‘ngarebut’ pausahaan leutik nu ‘dirangsadan’ hartana atawa nu dimérger, ahirna mah leungiteun idéntitasna, paéh wéh!
Ménéjer abad ka-21 ngalaman lumangsungna strategi persaingan (papunjul-punjul) nu kejem. Geusan tetep ngabogaan daya tahan dina bisnis, tangtu wé kudu tetep ngimeutan kamekaran dunya usaha. Lian ti kitu, tangtuna ogé kudu tetep waspada, ati-ati jeung gemet dina nyanghareupan pihak séjén. Hartina ogé kudu waspada dina nyanghareupan pamangsa-pamangsa nu kejem!
Kapamingpinan Wiraswasta Pamaréntahan dipedar panjang lébar ku David Osborne jeung Ted Gaebler (1992) dina buku nu judulna Reinventing Government, ditarjamahkeun “Mewirausahakan Birokrasi”. Pandangan kawiraswastaan, ayeuna leuwih maju, jeung deuih asup kana séktor pamaréntahan. Pamaréntah mimiti mikahayang, ngokolakeun assét nagara sacara wiraswasta.
Parapajabat kaasup sagala tingkatan aparatna kudu ngabogaan jiwa kapamingpinan wiraswasta, nalingakeun aspék-aspék ékonomis, untung / rugi dina ngajalankeun, ngurus assét nagara. Pamarentah mimiti ngurangan supsidi nu mingkin lila mingkin ngaganggu kauntungan nagara. Ku lantaran kitu, pamaréntah kalayan sakumna réngrénganana, kudu ngarobah oriéntasina (sawangan jeung tujuanana) nu neueul kana kapentingan rahayat.
Dina kaayaan saperti kitu, pamaréntah sakuduna leuwih ngarahkeun batan ‘ngalaksanakeun’ kudu ‘nyuntikeun’ persaingan kana garapan gawé palayanan. Pamaréntah, kudu leuwih neueulkeun sawangan jeung tujuanana ka palanggan, birokrasi pamaréntah kudu ngahasilkeun batan tuluy-tuluyan ngabalanjakeun duit nagara.
Patali jeung pakarepan kitu, hartina ogé pamaréntah téh kudu leuwih ngaheulakeun ‘nyegah’ batan ngubaran. Dina palayanan, pamaréntah gé kudu mampuh nyugemakeun masarakat nu narima éta palayanan. Upama karasana nyugemakeun, masarakat gé moal asa-asa mayar pajeg, rétribusi jeung sajabana keur kapentingan pamaréntah.***
*) Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan



(SundaMidang 100 Kaca 3)

Milih téh énténg bangga. Énténgna kari milih, lantaran piliheun mah geus disadiakeun. Ari banggana, apan kudu asak milihna, lain ukur milih. Hartina, mutuskeun pilihan mah kudu dumasar kana rupa-rupa tinimbangan.
Dina pilihan pamingpin, ilaharna aya tilu bagian penting, nu dipilih (calon), nu milih, jeung bobotoh (tim suksés). Masing-masing pihak, boga jurus sangkan hasil maksud.
Calon jeung tim suksés, bisa sareundeuk saigel, bisa pada-pada metakeun jurus sangkan calon atawa nu dicalonkeun ngabogaan daya pangirut. Nu jadi ‘sasaranana’, nu rék milih téa.
Saha nu diandelkeun sangkan nu kapilih téh nu panghadéna? Tangtu wé nu marilih! Lantaran, arinyana nu nangtukeun ajén-inajén pamingpin nu dipilihna.
Nangtukeun pipamingpineun, raket patalina jeung nangtukeun mangsa ka hareup. Najan teu bisa nganjang ka pagéto, tetep kudu nataharkeun mangsa nu bakal datang ti kiwari mula. Cindekna, kudu satékah polah narékahan sangkan pamingpin ka hareup téh nu pangpunjulna.
Nilik ka dinya, butuh kacerdasan nu marilih. Nu milih téh kudu ngimeutan kamampuh calon nu rék dipilih, pasipatanana, ogé jangji-jangjina nu kudu kaukur. Ngan, tangtu deuih nu rék milih téh kudu ngarasa boga tanggung jawab kana pilihanana.***


Milih Asak Jeujeuhan

Ku Dudi Santosa

(SundaMidang 98 Kaca 74)

Mun kapamingpinan padaniténan, padanalingakeun, padangadurényomkeun, mémang kitu kuduna. Lantaran, nu karandapan ku balaréa téh tara tuna tina ketak pamingpinna. Remen kasaksén, pamingpin nu teu ‘eureugeujeug’ ngabalukarkeun mamalana nu tumiba jeung karandapan ku balaréa.
Ku ayana milih langsung, salasahiji wujud pangakuan, rahayat téh déwasa, sawawa. Bisa milih nu payus keur pamingpinna. Kapercayaan undang-undang atawa aturan kawas kitu, sawadina dimangpaatkeun sahadé-hadéna ku rahayat sakumna. Hartina, milih pamingpin téh kudu jadi kasadaran geusan milu nangtukeun kahirupan mangsa ka hareup.
Dina waktuna milih pamingpin, mun dina maénbal mah, éta bal téh aya di pihak masarakat. Ka mana gorolongna, ka mana diancokeunana, kumaha nu ngawasa éta bal. Hartina, kasempetan hadé kawas kitu, sawadina dimangpaatkeun sahadé-hadéna.
Patali jeung milih gupernur, piliheun geus sadia. Kari kumaha nu milihna. Jengléngan jeung adeg-adeg pamingpin Jawa Barat, kari nunggu putusan warga Jawa Barat dina nangtukeun pilihan.
Dina saban milih pamingpin, kauger ku aturan-aturan anu jinek nu geus disaluyuan ku balaréa. Hartina, aya padika maneuh nu sawadina jadi tatapakan jeung cecekelan sakumna pihak nu patali jeung éta perkara. Tapi, nu kawas kitu (aturan) téa, ukur ngaréngkol dina tulisan, nu narjamahkeunana jeung larapna mah kumaha jelemana. Nya, lebah dieu, butuh kajujuran sakumna pihak dina ngalarapkeun éta aturan demi kamaslahatan balaréa, lain demi pribadi calon, lain demi kelompok tim suksés, ogé lain demi kauntungan sabagian pihak atawa golongan.
Dina milih, waktuna ngadédéngékeun keteg haté sorangan. Waktuna, milih binarung ku harepan jeung kajujuran. Ceuk kekecapan kolot mah, apan sing asak-asak ngéjo, bisi tutung tambagana, sing asak-asak nénjo bisi kaduhung jagana.
Mémang ilahar, mun masing-masing pihak calon ogé hayang paunggul-unggul. Malah, dina ‘ngadagangkeun’ calon sangkan dipilih, bisa jadi metakeun rupa-rupa jurus jeung tarékah najan ‘kaleuleuwihi’ jeung ‘manipulasi’.
Mangsa kompanye, ‘perang’ ngirut haté masarakat moal bisa disingkahan. Dina kaayaan kitu, masarakat gé butuh ‘hadirna’, di antarana, kaum intelék, tokoh agama, jeung inohong masarakat.
Kaum intelék saperti akademisi nu kaasup pamilih rasional, sawadina jadi lantéra nu nyaangan masarakat sangkan teu salah pilih. Pamanggih-pamanggih golongan kawas kieu nu patali jeung kapamingpinan, payus jadi bahan tinimbangan masarakat. Nya, da arinyana nu geus manukna dina rupa-rupa widang paélmuan, kaasup dina sual pamaréntahan. Atuh, payus pisan upama pamanggih-pamanggih ti jalma-jalma kawas kitu, bisa jadi ‘rujukan’ dina nangtukeun kapamingpinan.
Nu kaasup inohong agama atawa inohong masarakat, sawadina ogé mampuh méré ‘panerangan’ ka umatna sangkan nu baris kapilih téh, nu bener-bener maslahat keur umatna. Hartina ogé, pamingpin agama / masarakat kudu némbongkeun sikep nu teu cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng, demi karukunan umat. Lantaran, mémang pilihan umat gé moal salawasna sakelir.
Dina padungdung, tarung marebutkeun ‘haté’ rahayat, ilahar naker siligésrék, silidupak. Éta mah, bungbuna kahirupan. Teu béda tina kompetisi atawa pasanggiri, masing-masing pihak gé hayang unggul. Tapi, nu ulah poho téh, ayana aturan! Kari malikkeun deui kana aturan, sarta masing-masing pihak taat kana aturan nu mémang geus jadi kasapukan sakumna pihak.***

KB Bangladésh Suksés, 
Tapi Kulawarga Tacan Bérés

Ku Rukman Héryana

(SundaMidang 98 Kaca 68)

Bangladésh téh hiji nagara anu kaasup padet padu-mukna di dunya, kiwari padumuk Bangladésh ku-rang leuwih 150 juta jiwa. Éta wé dina taun 2003 waktu padumukna masih 135 juta, kapadetanana ngahontal 1.000 jiwa dina sakilométer pasagina, pangpadetna di dunya.
Di Indonésia kiwari gé, masih jauh can ngahontal sakitu. Ari kapadetan padumuk téh ditangtukeun ku le-gana wilayah dibagi jumlah padumuk. Jadi Bangladésh mah nagarana leutik, padumukna loba. Kumaha panga-ruh kana ngokolakeunana? Sarua baé, upama di tempat anu padedet, hésé ngatur padumukan, anu aya panga-ruhna kana soal kotorna angin atawa polusi udara, ngatur runtah, macétna lalu lintas, jeung réa-réa deui.
Ari di Indonésia mah aya lima pasualan padumuk, nya éta, kahiji, jumlahna loba (240 juta), kadua, laju pa-dumuk luhur (15% sataun), katilu dumukna henteu rata (di Jawa nu legana ngan 6% tina lega Indonésia dici-cingan ku 46% padumuk Indonésia). Ari di nu carang padumuk mah, ngokolakeunana ogé hésé, conto di Bengkulu saprovinsi padumukna ngan 1,7 juta, jarakna paturenggang, jadi nyieun jalan ratusan kilométer anu méakkeun waragad milyaran, dipakéna ngan ku padu-muk nu saeutik, komo di Sulawesi, papua jeung sajaba-na.
Kaopat, rata-rata umurna ngora. Di Indonésia tina 240 juta padumuk, 64 jutana umur rumaja, saperti di Jawa Barat tina 44 juta padumuk, 11 jutana umurna ru-maja. Kitu deui di Bangladésh, padumuk rumajana 40% tina jumlah padumukna. Tétéla éta téh jadi bangbaluh, atawa beban beurat keur kulawarga, ceuk istilah mah disebut Depedéncy Ratio téa.
Kalima, pasualan padumuk Indonésia téh nya éta pangasilan atawa ékonomina masih héngkér, upama di-bandingkeun jeung nagara séjén.
Balik deui ka soal Bangladésh, ti mimiti merdéka 33 taun ka liwat, pendidikan jeung kaséhatan mimiti nga-ronjat, sarta kamiskinan mimiti ngurangan. Bangla-désh téh nagara paling miskin di Asia Kidul, leuwih ti satengah padumuk Bangladésh masih miskin.
Salasahiji usaha anu ngabantu ngaronjatkeun kara-harjaan rahayat téh nya éta ku KB. KB di Bangladésh mimiti diwanohkeun ka masarakat dina taun 1950, anu dilaksanakeun ku usaha sukaréla ti masarakat. Sedeng-keun dina taun 1965, kakara diprogramkeun ku pama-réntah. Hasilna lumayan nyugemakeun, éta wé dina ta-un 1970 - 1975, rata-rata boga budakna alias TFR geus ngahontal 3,3 padahal dina taun 1950 masih 6,3. Rata-rata buga budakna téh jadi turun 48% salila 25 taun. Béda antara rata-rata boga budak di kota jeung di désa, di désa mah rata-ratana 3,5 ari di kota mah 2,5.
Ah héébaat euy... di urang gé teu kitu...
Kitu deui nu milu KB ngaronjat luar biasa, meureun mun ceuk élmu KB mah CU / PUS alias nu milu KB di-banding pasangan usia subur. Dina awal taun 1965 nepi ka 1970 kakara ngahontal 8%, sedengkeun taun 2000 geus ngahontal 54%. Hébring deui waé euy...
Ngan parandéné kitu, dina soal kawin ngora mah di Bangladésh gé masih kénéh jadi mamala sanajan umur kawin dina undang-undang dironjatkeun tina 14 taun jadi 18 taun keur wanoja, 21 taun keur lalaki. Tapi oro-kaya 50% wanoja Bangladésh nikah dina umur 15 taun, 80% nikah dina umur rumaja atawa méméh 18 taun, jeung 57% ngalahirkeun dina umur 19 taun.
Soal ngagugurkeun kandungan ogé masih dipilam-pah ku urang Bangladésh, padahal aborsi téh dipahing ku pamaréntah. Ku lobana nu ngagugurkeun kandung-an, ngabalukarkeun luhurna ibu-ibu anu maraot dina waktu ngalahirkeun.
Dina hasil panalungtikan, di Bangladésh 59% wano-ja anu nikah milih boga anak dua, sedengkeun 22% ha-yang boga anak tilu. Sabada dirata-ratakeun wanoja mah harayang boga budakna téh 2,5, ari lalaki mah ha-yang boga budakna téh 2,4. Tapi aya nu alus dina éta panalungtikan téh, yén rata-rata jarak boga anak lilana 39 bulan. Jarak ti anak kahiji ka anak nu kadua 39 bulan, jeung saterusna.
LSM di Bangladésh salasahiji anu paling aktif nga-bantu KB di dunya, arinyana loba nyadiakeun dukungan keur KB, ngawangun tali mimitran jeung klinik-klinik swasta.
Tujuan KB anu pangdiutamakeunana nya éta:
1. Pikeun ngurangan jumlah ibu-ibu nu maraot waktu ngalahirkeun, bayi nu maot, jeung nurunkeun rata-rata boga budak / TFR.
2. Ngaronjatkeun lalaki supaya ilubiung dina kaséhat-an réproduksi alias ngatur ngandung nu rimbitan.
3. Ngaronjatkeun akséptor anu maké alat KB dangka panjang.
4. Ngaronjatkeun kasumangetan gawé di daérah-daé-rah / pausahaan anu gawéna léléda.
5. Nurunkeun angka anu eureun alias drop out tina maké alat KB.
6. Ngaronjatkeun kaséhatan rumaja.
7. Ngadorong supaya ulah kawin ngora-ngora.

Kumaha nyawang kahayang di mangsa nu bakal da-tang:?
Kahiji, ngusahakeun supaya rata-rata boga budak ngan dua, sangkan saimbang pikeun ngaganti atawa istilahna mah pertumbuhan penduduk 0 (enol) alias Zero population growth. Bangladésh geus ngitung upama rata-rata boga budak masih 3, jumlah padumuk Bang-ladésh bakal jadi 250 juta dina taun 2050. Tapi upama rata-rata boga budakna 2 alias laju padumuk saimbang, padumuk Bangladésh ngan bakal jadi 210 juta dina taun 2060.
Kadua, ngurangan masa subur pasangan ngora, 65% laju padumuk taun 2000 - 2005 lantaran hasil nga-lahirkeun tina pasangan ngora, pangpangna tina pa-sangan umur istri 15 nepi ka 19 taun, anu ngabalu-karkeun 40% padumuk umurna 15 taun ka handap. Dina taun 1990-an sabenerna geus mimiti ngurangan pasangan ngora téh, malah nu miskin tina pasangan ngora gé mimiti ngurangan. Usaha anu ngadorong kana ngaronjatna umur nikah, di antarana nya éta sakola haratis pikeun anu geus ngahontal kelas 12 alias tamat SLTA.
Katilu, nyiptakeun ngaronjatna paménta jeung ka-butuh kana KB, pangpangna ngaronjatna kabutuh di nu can ngalaksanakeun KB. Usahana nya éta:
* Ngalakukeun panyuluhan nu ngasruk ka palembur-an, ngasrak ka padésaan ku jalan door to door ka imah-imah. Dina taun 2004, Asistén Kesejahteraan Keluarga (FWA) geus ngadatangan 21.900.000 pa-sangan usia subur sarta sakaligus nyadiakeun alat KB keur kalumangsungan anu milu KB.
* Nguatan deui sistim palayanan nu hadé, boh cara ngabagi kontrasépsi pon kitu deui ngalayanan ka akséptor anu kakara milu KB.
* Nyumponan kabutuh, sangkan saban aya anu ha-yang milu KB bisa kalayanan, sigana nu disebut un meet need téa, nya éta embung boga budak atawa hayang boga budak ditunda, tapi teu marilu KB. Salian ti ngalayanan nu ngora, pangpangna mahing ulah loba nu eureun KB.
* Ngaramu cara-cara KB, nyadiakeun kabéh cara KB, pangpagna anu bisa dipaké dina dangka panjang kayaning IUD, Inplant, ogé MOW jeung MOP pikeun arinyana anu seja ngawatesanan boga budak. Dina cara KB anu dangka panjang mah disadiakeun rupa-rupa hadiah sangkan jadi panarik, di antarana dibéré duit atawa inséntif, jeung rupa-rupa hadiah séjénna.
* Ngajugjug ka daérah anu susah dijugjug lantaran jalanna hésé, atawa daérahna mencil, meureun mun di urang mah program Galciltas, nya éta “daérah tertinggal, terpencil dan perbatasan”. Pan di Jawa Barat gé loba ngagarap ku jalan ngariung di buruan urang lembur di Purwakarta, Jumling di Bandung Barat, Geoll di Subang, malah waktu urang jeung TNI taun nu kaliwat di Jabar ngayakeun program Gentra Sukma Kasemaran alias Gerakan TNI - Rakyat, Suksés Manunggal, KB - Keséhatan Masyarakat Rentan. Kayaning daérah-daérah: Barreta (Bantaran rel keréta), Kumisan (Kumuh, miskin perkotaan), Galciltas (Tertinggal, terpencil, pedésaan), Pantura-pantes (pantai Utara - pantai Selatan), jrrd.
* Ngajaga kasadiaan kontrasépsi di saban tempat, gawé bareng jeung swasta supaya nyadiakeun alat KB.
Kaopat, ngaronjatkeun kaséhatan kulawarga, nem-patkeun jalma atawa patugas anu bener-bener dipi-karesep ku balaréa, siap jadi tuladan, tuladeun pieun-teungeun keur deungeun-deungeun picontoeun para-nonoman.
Jalma anu:
- Takol déngékeuneun,
- ngomong pikahartieun,
- gerak pikalucueun,
- beungeut pikaresepeun.***

Sisi Séjén Gupernur Jabar Ahmad Héryawan

Panci Susun Tilu, Anak Band, jeung Ahli Masjid

(SundaMidang 98 Kaca 8)

Kasuksésan hiji jalma pamohal-an dihontal sosoranganan. Li-an ti patékadan diri pribadi nu we-weg panceg, tilu modal utama dina ngawangun karakter hiji jalma geu-san ngahontal impianana nya éta sa-dar kana pentingna kulawarga, atik-an atawa pendidikan, jeung ling-kungan.
Éta tilu pilar utama kahirupan téh silipakait turta teu bisa dipisah-pisah kitu baé. Tangtu baé bakal ka-rasa buahna upama dilenyepan sarta dilaksanakeun dina hirup kumbuh sapopoé kalayan sadar sarta man-jang sinambungan.
Hal éta bisa ditengetan tina ta-pak lacak Gupernur Jabar Ahmad Héryawan (Kang Ahér). Anjeunna teu ujug-ujug kitu baé mupuhuan tatar Pasundan. Sabab kapercayaan sarta amanah nu ditanggung ku an-jeunna téh mangrupa “buah” tina la-ku hirup anjeunna ti leuleutik tepi ka sawawa tug tepi ka ayeuna.
Kang Ahér babar kaping 19 Juni 1964, di Warudoyong, Désa Marga-luyu Kac. Sukaraja, Kab. Sukabumi. Hiji lembur di tutugan Gunung Ge-dé Pangrango.

Lingkungan Imah
Tepi ka ayeuna hawa sabudeur-eun Sukaraja masih tiris tur seger. Tanahna kawilang subur. Satung-tung deuleu masih témbong héjo ngémploh. Ari pernahna mah di an-tara jalur Sukabumi-Cianjur.
Kawas umumna pasipatan urang palemburan, urang Warudoyong ogé masih nyepeng palasipah hirup paheuyeuk-heuyeuk leungeun pa-antay-antay panangan, sauyunan-sabilulungan.
Waktu kuring ngadongdon Wa-rudoyong, Ahad, 14 Oktober 2012, témbong warga keur gotongroyong alias rukun gawé réréongan ngawa-ngun (boa ngoméan), suhunan sala-sahiji imah warga. Aranjeunna di-gawé luyu jeung kabisana séwang-séwangan. Tangtu baé bari gawé téh dibarung ku sempal guyon urang Sunda.
Hiji deui nu jadi ciri mandiri urang kampung Warudoyong jeung sabudeureunana lebah réligiositas atawa kasadaran kana Kaagungan Gusti Nu Maha Suci. Sahanteuna di unggal lelewek aya tajug, masjid, pasantrén, atawa mimbar-mimbar pangaosan. “Suasana di kota santri” kacida karasana upama pabuburit. Barudak arulin di buruan masjid, bapa-bapana ka carai seja mandi laju arabdas, sarta haleuang barudak jeung kolot keur anteng nadoman, sakapeung paharus-harus paco-wong-cowong dina toa sapéker.
Nya tina lembur kawas kitu Kang Ahér tumuwuh tepi ka gedé. Putra pasangan Pépén Efféndy jeung Hj. Atikah ieu ti leuleutik mula geus dikalangan ku lingkung-an nu genah, tumaninah, sarta mi-sobat kana jiwa barudak.
Nalika ngaléngkah ka luar tina lawang panto imah geus disuguhan alam éndah pikabetaheun. Tiis ceuli hérang panon. Waktu nincak buru-an Kang Ahér geus disampakkeun ku kahirupan masarakat nu silisim-beuhan, silirojongan. Kaayaan ka-was kitu, dipisadar atawa hanteu, ngarojong karakter, pangpangna kondisi kajiwaan atawa alam bawah sadar Kang Ahér.
Dumasar sajumlahing katerang-an warga Warudoyong, Kang Ahér atawa nalika leutikna katelah Asép baé, mibanda sikep bageur jeung nyaahan. Warga ogé reueus tur reugreug kana pasipatan Kang Ahér nu teu unggah adat. Najan ki-wari Kang Ahér janten Gupernur Jawa Barat.
Jiwa kapamingpinan Kang Ahér diécéskeun ku Iwan Juanda (46 ta-un). Nurutkeun Iwan, kapaming-pinan Kang Ahér geus témbong ti imah mula, pangaosan, jeung sako-laan.
“Abdi apal pisan karakter Kang Ahmad. Hirup babarengan jeung anjeunna, sapapait-samamanis. Ti baheula ogé sipat kapamingpinan anjeunna téh tos katingal. Kantos janten Ketua OSIS. Malah, waktu masih kuliah di LIPIA Jakarta ogé, Kang Ahmad téh tos ngayakeun modél kaderisasi ka pamuda-pamu-da désa. Ceramah di payuneun para pamuda désa mah biasa. Modél ge-rakan tarbiah téa meureun ayeuna mah,” ceuk Iwan.

Atikan
Jiwa kapamingpinan Kang Ahér kagambar tina sikepna nu teu gam-pang reuntas harepan. Dina mayun-an pasualan sabisa-bisa mandiri baé. Nurutkeun Hj. Romlah (106 taun), “Asép mah jalma bébas. Maju. Tara seueur itu-ieu. Sadayana sok ku nya-lira waé. Tara nyusahkeun. Kuliah di Jakarta ogé kulawarga mah te-rang-terang tos ditampi waé,” saur-na
Nalika kaayaan keuangan kula-warga rada kurang Kang Ahér tos ngabiasakeun hémat, ngirit. Jajauh-eun ngamonyah-monyah artos mah. Bulak-balik sakola ogé remen ni-kreuh alias badarat téa. Ceuk Iwan, “Kang Ahmad pan ti kelas tilu SMP ogé tos masantrén di Tugu, pasan-trén Daarul Falah. Tah ti pasantrén ka SMP téh biasa mapah. Bulak-ba-lik aya kana opat kilométerna.”
Iwan nétélakeun, keur masan-trén Kang Ahér geus ngabiasakeun hirup basajan. “Kang Ahmad téh nempatan kobong leutik pisan. Abdi nu sok mangmawakeun béas jeung artosna ogé. Kang Ahmad téh bisa kasebat angkatan santri budug. Da-har dina balastrang,” tandes Iwan.
Kabiasaan nikreuh, hirup di ko-bong, dahar babarengan jeung pa-pada santri lianna, teu nyusahkeun nu janten sepuh, asana, ngan bisa di-dawamkeun ku jalma-jalma nu nga-jénan pentingna hirup basajan sarta mibanda tujuan hirup panceg dina galur nu bener.
Najan kitu, kabasajanan lain har-tina teu aya guam geusan nyipta-keun rupaning pulas kahirupan ku rancagé hadé gawé. Nanajan hirup basajan kagiatan positip mah tetep dilakonan.
Kang Ahér téh alumnus di SD Selaawi 1, Désa Margaluyu, Kaca-matan Sukaraja, Kabupatén Suka-bumi. Nurutkeun Iwan, ti SD kénéh Kang Aher geus ngiluan rupa-rupa kagiatan sakola bari teu mopoho-keun palajaran.
“Batur sakelasna nu sami-sami calakan téh Kang Ahid Hidayat. Anjeunna ayeuna janten profésor di IPB. Tah, Kang Ahmad jeung Kang Ahid téh mun ceuk ayeuna mah kompetitor nu sami-sami pinter. Juara kelas ogé mindeng gantian. Waktu rék aya lomba antar-SD ogé Kang Ahmad sareng Kang Ahid téh diajar babarengan bari ngéndong di bumina Pa Engkus, guru SD Sela-awi 1,” ceuk Iwan.

Panci Susun Tilu
Jiwa kapamingpinan Kang Ahér beuki atra katara waktu nyuprih pa-ngarti di SMP Negeri 1 Sukaraja. Kelas hiji Kang Ahér dipercaya jadi Ketua Murid (KM). Kelasna kaasup pangkompakna. Kelas dua Kang Ahér kapilih jadi Ketua OSIS SMP Negeri 1 Sukaraja.
“Nu masih émut mah, Ahmad téh disiplin kana waktos. Ngahormat pisan ka sadayana guru,” ceuk guru SMP Negeri 1 Sukaraja, Euis Su-nayati (55 taun), nu basa harita jadi wali kelasna Kang Ahér.
Waktu kanaékan kelas Kang Ahér jeung batur-baturna méré ha-diah. “Ku ibu téh ditaros, ‘meunang artos ti mana? Naon maksadna?’ Ja-wabna ‘kénging patungan. Minang-ka tanda hatur nuhun ka Ibu nu tos ngabingbing abdi sadaya.’ Ah ku Ibu téh ditampi waé. Komo harita Ibu téh can lami nikah,” ceuk Bu Euis ngumbar panineungan. Nurutkeun Euis, hadiah ti Kang Ahér sabatur-batur nu mangrupa panci susun tilu, najan geus tilu puluh taun, tepi ka kiwari masih nyampak turta ditun-da di imah Euis.
Kang Ahér ti leuleutik resep ka-na dunya seni. Kungsi ancrub neu-leuman kasenian modéren. “Malah Kang Ahmad téh kantos janten anak band sagala. Duka nyepeng keyboard, duka gitar, hilap deui,” tandes Iwan.
Ari nurutkeun guru SMP Nege-ri 1 Sukaraja, Tutang (54 taun), Kang Ahér ogé aktip dina sajum-lahing cabang olahraga. “Lari, se-nam, maénbal, voli, sadaya dilakon-an ku Ahmad mah. Ka guru ogé nga-hormat pisan. Kana olahraga mah saged pisan. Atuh Ahmad mah tu-kang mangmasangkeun nét voli. Dititah ku abdi masang nét téh tara ngaengkékeun. Guru-guru ogé ti baheula raresepeun,” ceuk Tutang, nu waktu Kang Ahér SMP, Tutang jadi guru olahragana.
Mangkat rumaja, nalika tolab él-mu di SMA Negeri 3 Kota Sukabu-mi, jalan kahirupan Kang Ahér mi-miti leuwih museur. Kang Ahér leu-wih aktip dina widang kaagamaan.
Nurutkeun guru SMA Negeri 3 Sukabumi Néndén jeung Maulida, Kang Ahér waktu SMA aktip di Re-maja Masjid Al-Mukhtar (RMA), salasahiji kagiatan murid nu aya di SMA Negeri 3 Kota Sukabumi.
“Muhun, di SMA mah Ahmad leuwih aktip dina kagiatan masjid. Malah anjeunna sering debat ngeu-naan kaagamaan jeung guru-guru, kaasup jeung Pak Sutrisna Suban-di, Pak Fahmi, katut Pa Zain,” ceuk Maulida, nu kungsi jadi wali kelasna Kang Ahér.
Najan kurang aktip di OSIS, Kang Ahér tetep miroséa ka baba-turanana. Nurutkeun Ketua OSIS SMA Negeri 3 Sukabumi manten nu kiwari jadi Kepala SMP Negeri 15 Kota Sukabumi, Engkus Kusnadi, M.Pd. “Ahmad Héryawan selalu mengingatkan saya dan teman-te-man bila perilaku sehari-hari me-nyimpang dari ketentuan keagama-an. Di kelas sendiri Ahmad Hérya-wan tidak banyak bicara tetapi préstasi akademiknya selalu baik,” saurna.
“Hal yang tidak pernah berubah dari Ahmad Héryawan sejak SMA hingga sekarang menjadi gubernur adalah kejujuran, kesederhanaan, dan keteladanannya. Meski sudah jadi gubernur beliau tidak menya-lahgunakan jabatannya. Itu yang membuat saya salut,” pokna téh.
Hal éta ditandeskeun ku guru SMA Negeri 3 Sukabumi, Endan Sukanda. Ceuk Endan, “Najan bapa teu ngalaman ngawulang Ahér, ba-pa tetep diaku guru. Malah bapa kungsi diulem ka Gedong Saté saga-la. Hartosna Ahér teu lali ka pur-wadaksi. Ngangken pisan ka sadaya guru-guru.”
Lulus SMA ti daptar tepi ka dita-rimana éstuning dilakonan ku so-rangan. Harita, Kang Ahér daptar ka IAIN Sunan Gunung Djati Ban-dung, IKIP Bandung, jeung LIPIA Jakarta. Sadayana ditampi. Tapi Kang Ahér netepkeun kuliah di LI-PIA “Alesanna sabab LIPIA nga-jamin béasiswa pikeun biaya sakola jeung sadidintenna,” ceuk Iwan.
Aktipitas mangsa kamahasiswa-an dina widang kaagamaan beuki kerep dilakonan. Lian ti ngotéktak bagbagan agama, mangsa mahasis-wa ogé dijadikeun sarana geusan ngalegaan jeung mageuhan tali du-duluran. Ayeuna mah ngerepan je-jaring sosial téa meureun.
Malah, nya dina mangsa éta, me-neran tingkat tilu, Kang Ahér pa-amprok jodo jeung papada aktivis lianna. Kang Ahér ti LIPIA ari istri-na mah ti Univesitas Indonésia (UI).
“Kulawarga ogé kungsi rada reu-was, Kang Ahmad nu katelah tara bobogohan, ngadadak ménta nikah. Tapi Alhamdulillah, Kang Ahmad téh pruk nikah ogé ka Bak Nétty” ceuk Iwan.
Sabada nikah Kang Ahér kungsi jadi “kontraktor” alias pipindahan imah, sabab terus ngontrak kamar atawa imah batur. Najan kitu ari ka-giatan agama, sosial, jeung politik-na mah tetep dipaju.
Salasahiji titik penting karir po-litik Kang Ahér taun 1998 jadi sala-saurang nu ngadegkeun Partai Ke-adilan (PK), nu kiwari jadi Partai Keadilan Sejahtera (PKS).***
(Djasépudin, ésais; guru honorér; nganjrek di Cibinong, Bogor, Jawa Barat)

Gumantung Ketak Pamingpin

Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)

(SundaMidang 98 Kaca 6)

Ngaranna gé pamingpin, purah nu jadi lulugu. Kitu deui dina kamekaran hiji usaha, bakal kacida gumantungna ka pamingpinna. Dina dunya usaha mah, kapamingpinan entrepreneur téh kacida pentingna. Ka dituna, jadi ukuran maju mundurna éta pausahaan.
Kapamingpinan entrepreneur (entrepreneurial leadership) téh kapamingpinan nu ngabogaan ajén-inajén dina hal méntal, kawaspadaan méntal, jiwa jeung sumanget wirausaha.
Pasipatan kawas kitu, tangtu wé ngabogaan ciri-ciri anu jinek. Naon téa? Di antarana, teu nungguan kumaha béhna atawa teu ngan ukur masrahkeun nasibna ka nu séjén. Hartina, dirina éta pamingpin nu boga pokal ngaléngkah sarta boga kayakinan, dirina téh boga pancén jadi koncina kasuksésan dina éta organisasi pausahaan. Cindekna, nya inyana pisan nu jadi panghudang sumanget anggota timna.
Dina prakna ngaléngkah, salawasna néangan lolongkrang anyar pikeun ngalaksanakeun pakarepanan. Hartina, éta pamingpin téh teu weléh néangan jalan geusan ngahontal pamaksudanana.
Lian ti kitu, éta pamingpin gé wani nandangan rasiko nu baris tumiba, wani néangan hal-hal anyar sarta népakeun pasipatan kitu ka anggota timna. Cindekna, kamampuh dirina téh geusan disebarkeun ka pihak séjén.
Pasipatan séjénna, wani tanggungjawab saupama tinemu jeung kagagalan. Malah, lian ti kitu, éta kagagalan téh teu weléh jadi pangalaman nu kacida gedé haregana. Hudangna tina kagagalan téa, dijadikeun lolongkrang keur nyumangetan pihak séjén utamana mah anggota timna.
Sumber daya kapamingpinan entrepreneur, lian ti lantaran kakuatan jiwana, ogé boga méntal nu waspada. Pasipatan kitu, dipaké geusan ngawujudkeun udaganana.
Kapamingpinan nu kawas kitu, ogé lantaran mikirna jauh ka hareup. Ku lantaran kitu, pasipatan pamingpin saperti bieu mah kaasup kapamingpinan anu visioner. Cindekna, kapamingpinan entrepreneur mah ngabogaan kamahéran dina mingpin organisasi dina rupa-rupa kaayaan, kaasup dina mangsa nu galituk ku tangtangan sarta teu gampang diungkulanana.
Nilik ka nu ditataan di luhur, kapamingpinan entrepreneur mah bisa ngawujud minangka: Kahiji, Agent of Change. Cindekna mah, agén parobahan. Pamingpin di dinya mah, nu mokalan ayana parobahan dina nyanghareupan panangtang jaman. Kadua, adumanis seni jeung disiplin. Hartina, pamingpin téh mampuh mikir rancagé geusan mawa organisasi nu dipingpinna ngahontal kaayaan ka nu leuwih hadé. Katilu, waspada dina ngaléngkah. Lir kukurubutan di leuweung geledegan, butuh kaludeung, butuh kakuatan geusan ngungkulan rupa-rupa pasualan. Lantaran dina kahirupan kawas kitu, saha nu leuwih séhat, nu leuwih kesit, nu leuwih kuat, nya nu kawas kitu nu baris unggul.***
*) Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan

Gapura Midang

Nguatan Harepan Masarakat

(SundaMidang 98 Kaca 3)

Paningal pamingpin, lir nu nyawang ti tempat luhur. Ti lebah dinya bakal bruh-bréh nu aya di sahandapeunana. Ngan, tangtuna gé, lain ukur semet sakadar apal jeung nalingakeun, da saterusna mah kudu milu makihikeun naon nu jadi implengan jeung harepan nu di harandap.
Rahayat nu ‘diposisikeun’ ku pamingpinna aya di hilir, sawadina meunang panalinga anu daria sagala rupana. Da, bongan kitu aturanana dina kahirupan kanagaraan mah, nu mingpin téh kapapancénan jadi nu boga kakawasaan. Hartina, ku wewenang jeung kakawasaan pamingpin, rahayat boga hak ngahontal kahayangna.
Dina saban marén pancén kapamingpinan, teu weléh dituturkeun ku harepan. Karep kawas kitu, ilahar naker, sabab kapamingpinan nu geus kaliwat sakuduna ogé jadi pangalaman keur sing saha waé nu kapapancénan jadi pamingpin saterusna.
Patali jeung kapamingpinan di Jawa Barat, rahayat kacida ngantina ketak pamingpin nu mampuh jadi cukang harepan kahontalna angen-angen balaréa. Nu kumaha téa? Tangtuna gé kahayang masarakat mah teu sing lahuta, nu penting rahayat meunang hak-hakna nu samistina. Bisa hirup jeung huripna, sarta ngarasa jadi warga nu boga martabat di lemburna.
Mun rahayat Jawa Barat ngimpikeun karaharjaan jeung kamajuan, mémang aya modalna keur ngahontal kamajuan téh. Apan, baheula, waktu awal-awal Indonésia merdéka, provinsi Jawa Barat téh pinunjul naker. Kituna téh dina sagala rupana. Matak, pantes mun harita gé tatar Sunda jadi pamungpungan.
Harepan-harepan malikan kajayaan, kudu jadi tékad pamingpin Jawa Barat. Kudu jadi kasadaran sakumna nu boga kakawasaan. Hartina, keur ngahontal éta harepan, pamingpin téh kudu mampuh ‘narjamahkeun’ kaayaan jeung pasualan-pasualan nu keur karandapan kiwari, sarta boga ‘jurus ampuh’ pikeun ngungkulanana.***

Ngawangun Kamandirian Ékonomi


Ku Dudi Santosa

Béda cai béda tampian. Kitu ceuk paribasa gé. Kurang leuwih, hartina téh, masing-masing jalma atawa kolompok jalma boga ciri mandiri atawa adat-pangadatan séwang-séwangan.
Warna-warni kahirupan kawas kitu, upama larapna dina ékonomi, bakal kacida gedé mangpaatna. Lantaran hiji pihak jeung pihak séjénna, bakal sililengkepan. Hartina, bisa silicumponan pangabutuh. Nya dina kaayaan kitu roda ékonomi bakal tuluy-tuluyan muter.
Nyaritakeun ékonomi, moal henteu bakal tetep neueul kana séktor produksi. Hartina ogé bakal ngandelkeun kabeungharan atawa kaayaan alam.
Tatar Sunda upluk-aplak, ngalantarankeun ogé ngahasilkeun rupa-rupa hasil bumi. Hartina, upama dikokolakeun kalayan daria, ogé dumasar kana kaunggulan daérah séwang-séwangan, hasilna bakal karasa ku balaréa, mangpaat keur jalma réa.
Ngan, kumaha buktina ayeuna? Bisa kasaksén, ti waktu ka waktu, dina nyumponan kabutuh pangan gé remen kénéh ngandelkeun ti mancanagara. Mémang, kitu téh, bisa jadi tarékah teunggeul deukeut, lantaran perkara kabutuh pangan mah tara beunang dipersabenan. Tapi, mun haben ngungkulan bangbaluh pangan ku cara kawas kitu, antukna angger bakal kacida gumantungna ka deungeun-deungeun. Padahal, harega diri bangsa di antarana téh lantaran kamandirianana, pangpangna mah dina sual pangan.
Salila ieu, matéahkeun widang tatanén, ngandelkeun pisan masarakat. Padahal, sawadina urusan pangan téh, teu ngan ukur diteumbleuhkeun ka masarakat. Komo deui, upama tarékah masarakat ngokolahkeun tatanén ogé dipaké kauntungan pihak-pihak séjén.
Kiwari, mémang lain sakadar béja, upama sual  binih pepelakan, sual gemuk, jeung cara masarkeun hasil tatanén, loba rambat-kamaléna. Pamustunganana, lantaran loba nu hayang milu untung ti patani, nu kabagéan ripuhna mah angger wé patani.
Kahirupan patani, mémang beuki dieu beuki ripuh. Buktina, loba nu kapaksa ngajual lahan geusan dipaké kapentingan séjén. Teu jarang para nonoman urang lembur ngurihit ka kolotna meuli kandaraan saperti motor, kajeun ngajual tanah atawa sawah demi bisa ‘ngojég’. Hartina, usaha tina ngandelkeun ngolah lahan turun pamor, nepi ka dianggap ‘teu ngajangjikeun’.
Masalah tatanén, mémang lir katindih ku kari-kari. Lian ti loba teuing nu milu ngamangpaatkeunana, ogé kawijakan pamaréntah nu teu jinek. Apan, kasaksén saban waktu lahan keur tatanén gé haben ngurangan, robah rupa jadi tempat pamukiman, pakantoran, pabrik jeung sajabana. Alesanana, mémang rupa-rupa, kaasup butuh lahan keur pamukiman padumuk nu terus nambahan.
Mémang kaharti, upama saha waé gé butuh tempat dumuk anu merenah. Hartina, butuh imah. Ka dituna, butuh lahan keur piimaheun. Tapi, dina ngurus padumukan warga gé, deui-deui pamaréntah teu jinek. Contona, dina lahan-lahan tatanén nu aya di pakotaan, jlug-jleg wawangunan nu sabenerna mah, lain keur nu kacida butuhna ku imah, lantaran nu diadegkeunana gé sakelas apartemén!
Mémérés sual kabutuh pangan, mémang butuh rarancang nu gembleng ti mimiti sungapanana nepi ka hilirna. Ti mimiti kawijakan pamaréntah nepi ka nu ngalaksanakeun éta kawijakan. Kaasup deuih ngabasmi ‘rorongona’ nu ngahihileudan masalah pangan.
Mun nanya saha nu kudu nalingakeun sual tatanén, nya tangtu wé pihak-pihak nu boga kawijakan téa. Cindekna mah pihak pamaréntah boh puseur boh daérah. Di dieu perelu kanyaah nu bener-bener jujur, butuh nu bener-bener nyaah ka rahayat lain lantaran kapentingan pulitik.
Dina ngawangun daérah, kiwari mah, apan jinek gék-gékanana. Kamajuan daérah gé teu ngan ukur kudu neumbleuhkeun ka pamaréntah puseur. Lantaran otonomi daérah téa. Hartina, masing-masing bupati atawa walikota bisa ngurus ngatur daérahna kaasup nu patali jeung sual tatanén.***

Ngaronjatkeun Sumanget Wirausaha


Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)

Wirasusaha lain kagiatan nu ujug-ujug. Tapi, ngaliwatan tahapan-tahapan nu nété tarajé nincak hambalan. Modél mitembeyan mekarkeun wirausaha  digambarkeun ku  Bygrave jadi léngkah-léngkah, Innovation (Inovasi), Triggering Event (Pemicu),Implementasi (Pelaksanaan), jeung  Growth (Pertumbuhan).
Nu ditataan bieu, urang pedar hiji-hiji, najan sabéngbatan. Kahiji, inovasi nu asalna tina diri pribadi bakal jadi pangjurung kana ngamimitian mekarkeun usaha. Ari paktor-paktor environment atawa lingkungan nu ngajurung inovasi téh,  ayana lolongkrang ( peluang), pangalaman, jeung karancagéan.
Kadua, nu maksa manusa boga pangjurung atawa Triggering téh di antarana, lantaran kateusugemaan kana pagawéan nu keur disanghareupan kiwari. Ku kituna, éta pribadi jelma téh bakal néangan tarékah séjén sangkan kahirupanana leuwih hadé. Lian ti éta, bisa jadi lantaran eureun atawa dieureunkeun tina pagawéan (PHK), nepi ka teu aya pakasaban séjén. Sabab lianna, bisa lantaran paktor umur, kawani nyorang rasiko, jeung patékadan nu kuat kana karepna ancrub dina widang bisnis.
Nu ngalantarankeun munculna karep usaha ogé, lantaran ayana saéngan bisnis, nyampakna sumber-sumber usaha nu bisa dimangpaatkeun, saperti boga tabungan modal, warisan, ngabogaan wawangunan di tempat nu merenah (strategis), jeung sajabana.
Milu kana latihan-latihan atawa Incubator bisnis ogé bisa jadi nyumangetan kana wirausaha. Lantaran di dinya bakal meunang pangalaman nu bisa dilarapkeun dina dunya usaha.
Kiwari loba kursus-kursus bisnis jeung lembaga ménéjemen fakultas ékonomi nu ngalaksanakeun palatihan jeung inkubator bisnis.
Kitu deui kawijakan pamaréntah, bisa ngarojong tumuwuhna wirausaha. Upamana, pihak pamaréntah méré lolongkrang nu raket patalina jeung upaya mekarkeun wirausaha, upamana sadiana pasilitas kiridit jeung bimbingan usaha nu dilaksanakeun ku pihak Departemén Tenaga Kerja (Depnaker).
Lian ti nu ditataan di luhur, aya ogé paktor sosiologis nu bisa numuwuhkeun karep wirausaha. Kitu téh, lantaran ayana hubungan-hubungan manusa jeung manusa. Ayana tim nu bisa diajak babarengan usaha, ogé ayana pangjurung kolot pikeun muka lawang usaha.
Katilu, satutas jinek karep usaha, léngkah saterusna mah palaksanaanana. Sababaraha hal nu ngarojong palaksanaan bisnis, lantaran mémang geus aya wirausaha nu siap méntal dina ngalaksanakeun bisnis. Nya tangtu wé, dina kasiapan ogé rupa-rupa, aya nu siap méntal sacara gembleng dina ngalaksanakeun bisnis; ayana ménéjer nu ngalaksnakeun bisnisna, ayana kasiapan tékad nu jinek (komitmen) dina ngalaksanakeun bisnis, jeung ayana visi jauh ka hareup geusan ngahontal kasuksésan.
Kaopat, prosés kamekaran. Mekarna usaha dirojong ku faktor organisasi, di antarana ayana tim nu sauyunan (kompak) dina ngalaksanakeun usaha, nepi ka rarancang jeung palaksaanana bisa dilaksanakeun sahadé-hadéna. Lian ti éta, ayana strategi nu jinek minangka buah tina kakompakan téa. ***
(Hanca)

*) Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan

Noong Tatar Sunda Tina Satelit


Ku Adjat Sudradjat *)

Jaman ayeuna balaréa geus loma kana gambar jagat panoongan tina satelit. Baheula mah gambar modél kitu téh kaasup rusiah anu disumputkeun pangrikipna. Sababna, lantaran ieu téh salasahiji pakarang pikeun ngintip musuh. Kaayaan alam jeung padumukan musuh baris kakolongan tina gambar satelit. Komo sanggeus manusa nyieun gambar ku meulah cahaya jadi mangpirang-pirang rupa. Teu béda ti katumbiri di langit. Unggal rupa dicirian aya kana 64 undakna. Dina rék dicitak jadi gambar, unggal rupa katut undakna diadumaniskeun, nepi ka katimu nu pangcékasna. Kodak anu camperenik jaman kiwari kabéh maké téknologi sarupa kitu, anu disebut dijital téa.
Ku jalan meulah cahaya, méh sagala rupa nu kumelip di alam dunya baris katoong tina satelit. Gunung, walungan, tatangkalan, jalan, mobil, cindekna sagala bakal nembrak dina gambar satelit. Sigana ngan bulu tuur anu teu katingal téh. Ayeuna méh sakuliah dunya beunang disebutkeun bulistir. Komo sanggeus éta gambar-gambar téh diuar-uar dina internét.

Éléktromagnét
Dina kaayaan walurat, manusa sok réa akalna. Kitu deui basa jaman perang dunya kadua. Manusa merih sangkan kapal terbang musuh bisa katangén saméméh nepi. Ku jalan masang lamat di jomantara, naon baé nu ngaliwat ka dinya bakal katohyan lantaran ngoyagkeun benang lamat. Ieu anu disebut radar téa. Cenah ieu téknologi téh saenyana nyonto ciciptaan Alloh SWT anu nyangkaruk dina lalay. Sanajan hiber di nu mongkléng ogé, lalay mah tara teuteunggar. Saterusna katalungtik yén lalay téh ngaluarkeun sinyal éléktromagnét anu baris ngoyagkeun sarafna lamun sinyal neumbrag naon baé sarupaning barang di hareupeunana. Ieu sinyal disebutna ombak éléktromagnét.
Ti dinya kapalaruh yén di alam dunya téh ranteng benang éléktromagnét, tapi anu katangén ku manusa ngan anu panjang sinyalna antara 0,38 nepi ka 0,72 mikron (hiji mikron = sapersaréwu milliméter). Ieu sinyal bisa ngoyagkeun saraf panon urang, nya éta anu ku urang disebut cahaya. Sinyal éléktromagnét anu leuwih pondok disebutna ungu ultra (ultra violet, UV) ari nu panjang disebutna beureum infra (infra red, IR). Ieu sinyal téh kakara katangar lamun urang maké pakakas sajabaning kodak jeung radio. Dina palebah dieu sok aya nu ngaleuleuwihi. Cenah aya jalma pinter anu teu kudu maké pakakas ogé bisa nalingakeun éta sinyal. Cindekna anu teu kareungeuh ku batur ku manéhna mah katingal. Kitu deui anu teu kadéngé ku batur ku manéhna mah kadangu. Palebah dieu élmu pangaweruh teu ngabibisani, sabab seukeutna saraf panon jeung saraf ceuli saban jalma bisa jadi baréda. Komo lamun tigin diasahna.
Tina kodak kaarah potrétna anu jadi hancengan panon. Ari tina radio kaluar sora pikeun dangueun ceuli. Lantaran bahanna mah sarua nya éta sinyal éléktromagnét, duanana bisa dikantétkeun, nya jadi televisi téa. Ka béhdieunakeun diropéa deui jadi barang anu bisa dikeukeupeul ku urang anu disebut hapé (hand phone) téa.

Satelit
Baheula motrétan wewengkon musuh téh maké kapal terbang. Upamana, dina jaman Jepang, sok aya kapal Walanda anu nyulusup ti Ustrali ka Batawi tuluy motrétan markas jeung instalasi militér Jepang. Komo anu ka Ambarawa mah ngahajakeun motrétan pangbérokan urang Walanda, lantaran maranéhanana nyahoeun yén Jepang téh ngumpulkeun kabéh tawanan awéwé di Ambarawa. Tangtu waé kapal terbang modél kitu gampang katohyan musuh. Ku lantaran kitu sanggeus perang dunya lekasan, tur diganti ku mumusuhan “dua buta térong”, sili-intip téh maké pesawat terbang anu hiberna luhur pisan, anu disebut pesawat U-2. Sanajan méh nyundul langit, ari potrétna mah cékas lantaran maké téknologi dijital téa. Lila-lila pesawat U-2 ogé bisa diberik ku pesawat musuh. Tungtungna sangkan teu kaberik, ieu dua buta térong téh babalapan paluhur-luhur hiber. Dina perkara ieu salasahiji pinunjul ku bisa nyieun sputnik. Buta nu hiji deui tangtu waé karérab. Kabeneran basa ngabuburak Jérman dina perang dunya kadua, urang Jérman anu palinter buru-buru diampihan. Aya saurang anu kawentar anu ngaranna von Braun. Nya ieu jalma anu diperih sina nyieun rokét. Ari rokét téh tutumpakan pikeun ngagandong satelit ka jomantara. Paramitra tangtos uninga perkawis perang bintang téa.
Tina satelit éta dua buta teu reureuh sili-intip ku jalan motrétan wewengkon musuh jeung korawana. Bangsa anu lian mah ngan ngalalajoan, sanajan satelit pasuliwer luhureun suhunanana tur bari motrétan lemah caina. Rék diberik teu kaudag da hésé ngahontalna, nya kapaksa ngan gegelendeng. Lila-lila ku lantaran satelit téh bisa dimangpaatkeun pikeun komunikasi, kapikir ku maranéhanana yén satelit téh piduiteun. Tungtungna dibalantikkeun. Singsaha waé bisa ngéngkén satelit, kaasup bangsa urang ngéngkén Palapa téa. Ayeuna mah nelepon ka suklakna ka siklukna ogé bisa lantaran sinyal éléktromagnét ditojokeun kana satelit. Ti dinya éta sinyal malik deui ka dunya, tuluy dibagikeun maké pangulang  (repeater).

Gambar satelit Tatar Sunda
Lain waé satelit komunikasi anu diduitkeun téh, potrét ogé ayeuna mah didagangkeun. Wewengkon mana waé aya, kaasup tatar Sunda. Baheula mah kudu meuli, tapi lila-lila gambar anu geus heubeul diobral sarta bisa diala tina internét, sanajan tetep waé teu meunang didagangkeun ku nu ngalana. Sok rajeun satelit téh motrét kajadian anu anéh, saperti upamana bituna Gunung Merapi di Jawa Tengah. Pikeun panglaris, biasana potrét modél kitu mah harita kénéh dicai-atahkeun, alias gratis cukup ku nyebut ngaran anu motrétna.
Gambar satelit tatar Sunda écés mintonkeun gunung anu ngariung dina geger tatar Sunda. Di tengah-tengahna aya léngkob Kota Bandung. Di pakidulan ngajajar gunung anu ngémploh héjo, kasimbutan tangkal entéh. Beulah kalér katingal Gunung Tangkuban Parahu anu manjang. Di lamping kidulna ngendat gurat anu katelah Patahan Lémbang téa. Di lamping kalérna ngampar tatangkalan entéh jeung pasawahan Subang-Pamanukan. Kaharti lamun tatar Sunda gemah ripah téh, lantaran séké cai anu aya di congcot gunung ditandéan ku pasawahan anu mayakpak dina lampingna. Komo lamun ieu cai téh diawét-awét, disimpen dina tandon siga bendungan Jatiluhur, Cirata, jeung Saguling. Ti dinya kakara dijeujeuhkeun pikeun karaharjaan parapatani, salian ti muterkeun mesin listrik. Lamun lahanna lega mah saenyana masih loba wewengkon anu manjing pikeun bendungan saperti kitu. Ngan hanjakal ayeuna mah padumukna patétéép nepi ka hésé néangan lahan.
Walungan Citarum anu ngembat di tengah-tengah, éta baheula jadi ciri tapel wates Karajaan Sunda jeung Galuh. Dina gambar satelit atra pisan katingali katut tilu bendungan anu ngajajar ti Saguling nepi ka Jatiluhur. Kacida pikareueuseunana lantaran ieu walungan dimangpaatkeun ti girang nepi ka hilir. Di Nusantara teu loba walungan anu dibendungna sababaraha kali modél kitu. Lamun ditilik-tilik ieu walungan téh muarana méngkol ka kulonkeun siga anu mayungan Léngkob Jakarta. Tangtu waé pikainggiseun bisi lila-lila laut palebah léngkob ngadéétan, tur kapal teu bisa balabuh. Cenah puseur dayeuh Karajaan Majapahit, Trowulan anu kiwari jauh mela-melu ti basisir, baheulana mah labuan tempat ngariungna armada laut anu ngeréh sajagating Nusantara. Wallohu’alam.***

*) Nu nulis ahli géologi, dumuk di Dago Babakan, Kota Bandung. Serélék: asudradjat@yahoo.com

Tong Inggis ku Basa Inggris SM 95


Proverb
Paribasa (ditarjamahkeun bébas)

Descend a tiger can’t be a lumb = Turunan maung moal jadi embé. Sawaja sabeusi, indung lembu bapa banténg.
Half a loaf is better than no bread = Ti batan euweuh pisan teu nanaon saeutik ogé asal aya.
Half an hour too soon is better than half a minute too late = Mending kénéh leuwih gancang satengah jam ti batan elat satengah menit.
He is wise who speaks a little = Jalma wijaksana tara réa omong.
He jumps out of the frying pan into the fire = Luncat tina katél panggoréngan gebrus kana seuneu. Leupas tina sungut maung asup kana sungut buhaya.
He who tries his best today will be happiest tomorrow = Anu poé ieu diogawé soson-soson isuk pagéto bakal pinanggih jeung kabagjaan.
Honesty is the best policy = Kajujuran téh kawijaksanaan anu panghadé-hadéna.
Hunger drives the wolf from the bush = Lapar maksa ajag kaluar tina dungus. Lapar bisa ngalantarankeun poho kana temah wadi poho kana papagon hirup.
Idleness is the roots of evils = Nganggur ngalingeuh teu boga pagawéan téh akarna kajahatan.
It is better to be preserved in vinegar than rot in honey = Leuwih hadé dikeueum dina cuka tapi belengar awét ti batan dikeueum dina madu tapi buruk. Leuwih hadé hirup perih tina ladang késang sorangan ti batan hirup méwah hasil basilat curang.
It is better to own one mistake rather than to conceal it = Mending kénéh ngaku hiji kasalahan ti batan disumput-sumput.
Kill the bear before you sell the skin = Paéhan heula biruangna kakara kulitna dijual. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngoprék moal nyapék.
Languages close the nation = Basa ngaraketkeun bangsa. Urang bahari gaul jeung bangsa séjén lamun urang bisa basa éta bangsa.
Laziness is the key to beggary = Pangedulan jalan kana kamalaratan.
Let the past be forgotten = Ulah nginget-nginget mangsa anu geus kaliwat. Anu geus kajadian mah geus baé tong diinget-inget.
Look before you leap = Pikir-pikir heula naon-naon anu rék dilakonan bisi kaduhung engkéna. Ka hareup ngala sajeujeuh ka tukang ngala saléngkah.
Make hay while the sun shines = Sadia payung saméméh hujan.
More haste less speed = Gancang pincang, buru-buru matak tigebru.
No proceeds without sweat = Ari boga kahayang kudu daék kaluar késang.
Old birds are not to be caught with chaff = Anu geus réa pangalaman moal gampang katipu atawa moal gampang kabobodo.
One is never too old to learn = Diajar atawa nyiar pangarti teu kawatesan ku umur.
One today is worth than two tomorrow = Migawé hiji pagawéan poé ieu leuwih hadé ti batan migawé dua pagawéan isukan.
Perfection is no trifle = Sagala rupa hayang sampurna téh teu gampang. Sagala rupa hayang nyugemakeun ati téh teu babari.
Pride is the beginning of destruction = Sombong adigung téh awal tina kaancuran.
Reading is the best teacher = Maca téh guru anu panghadéna.
Right  mixture make good master = Campuran anu bener ngajadikeun bahan anu hadé. Campur gaul jeung santri kabawa nyantri, campur gaul jeung bangsat kabawa jahat.
Talking is more difficult than writing = Nyarita leuwih hésé ti batan nulis.
To say is easy but to do is difficult = Babari ari ngomong mah anu hésé téh prakna.
While there is life there is hope = Kasebut masih kénéh hirup mah aya kénéh harepan
Youth is hope for tomorrow = Kaom rumaja téh harepan pikahereupeun.