Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Ngabagi Kanyaah ka nu Amanah

Mimiti ‘usum’ kompanyeu partéy katut calon législatf (calég). Mobil ngaleut ditumpakan ku para-simpatisanana. Rahayat ngarumpul di lapang, di gedong serbaguna maké kaos pangbagian  bari ngabandungan kader-kader partéy calon anggota parlemén biantara dina panggung nembrakkeun ideu atawa gagasan, kahayang, jeung sajabana. Mun sora maranéhna unggul jadi anggota déwan di puseur nagara (DPR RI), DPRD Provinsi, jeung nu dipercaya ngawarakilan rahayat di DPRD Kabupatén / Kota, rahayat bakal makmur tur raharja, hukum ditanjeurkeun keur sakabéh pangeusi ieu nagara, moal dibéda-béda, sing saha waé nu salah kudu dihukum saluyu jeung kalakuanana.
Réa pisan jangji nu dibudalkeun sangkan nu araya harita jeung kulawargana di imah katut tatanggana nyolok partéyna, tong asa-asa cenah nyolok potrét manéhna.
Kabéhanana ogé genah kadéngéna, mépéndé haté ngabubungah rasa, jadi matak bingung nu ngabandungan, da kabéhanana ogé jangjina aramis, aralus taya cawadeunana.
Tapi sabenerna mah urang teu kudu bingung, atawa cangcaya ka sing saha waé ogé, ari urang geus wanoh kana paripolah sapopoé para-calég mah. Saban poé katitén kabandungan kumaha ketak jeung laku-lampah calég di lembur. Naha tina sakitu lilana urang wanoh ka maranéhna, karasa kahadéanana keur kapentingan  urang lembur sakumna? Atawa nembrakkeun kanyaahna téh  ngadadak duméh nyanghareupan Pemilihan Umum (Pemilu) 2014 wungkul ?
Tanggal 9 April 2014 waktuna Pemilu, teu lila kurang leuwih dua minggu deui. Sawadina urang geus boga pamilih sorangan nu panceg, kudu ka saha urang nyoblos. Éta aya dina haté séwang-séwangan, nu penting urang kudu nyolok, kudu nyoblos kana potrét Calég pamilih urang nu sapagodos tur saluyu jeung haté. Urang mah tong jadi Golput (Golongan putih). Lebar. Pésta Démokrasi nu lumangsung lima taun sakali téh tong dimomorékeun, malah kudu dimangpaatkeun sahadé-hadéna. Muga waé urang mah teu salah pilih, lantaran salah milih keur piwakileun urang di parlemén salila lima taun téh balukarna teu hadé. Ngabagi kanyaah mah kudu ka nu amanah, malar naon nu jadi harepan urang nya éta rahayat nu raharja téréh ngawujud, lain saukur angen-angen wungkul.***

Pérs Sunda Tong Diantep Teu Walakaya

Mun leukeun niténan Undang-undang Pérs, saperti Undang-undang No. 40 Taun 1999, mémang écés taya sesebutan pérs lokal atawa pérs daérah. Nu jinek réngkolna dina éta undang-undang mah, pérs nasional jeung pérs asing. Hartina, pérs nu maké basa Sunda gé kalungguhan jeung pungsina mah sarua wé jeung pérs nasional.
Ngan, upama nilik kana patékadan umumna nu medalkeun média massa Sunda atawa pérs Sunda, mémang jinek. Puguh pamiangan jeung udaganana! Naon téa? Umumna mah, lian ti nyumponan pungsi jeung kalungguhan saperti pérs umumna, deuih boga udagan séjén, milu miara jeung mekarkeun budaya Sunda.
Sabenerna, patékadan pérs Sunda kawas kitu téh, bisa jadi pakarepan urang Sunda umumna nu boga kasadaran kana budayana. Ngan, ari pérs mah, apan lian ti boga kasadaran téh, ogé milu ngahudangkeun kasadaran pihak séjén.
Patali jeung miara budaya, mémang sawadina mah, (pangpangna) kawajiban pamaréntah, kaasup pamaréntah daérah. Da, hirup-huripna budaya daérah gé apan dijamin ku Undang-undang Dasar 1945 gé. Ngan, tangtuna, upama ku UUD dijamin, hartina ogé kudu aya pangrojongna sangkan éta jaminan téh bisa dilaksanakeun sahadé-hadéna.
Patali jeung budaya Sunda, di antarana deuih aya Perda No. 5 taun 2003. Éta Perda nu ayeuna keur dirvusi téh bisa jadi gambaran rasa tanggung jawab pamaréntah dina miara jeung ngamumulé budaya Sunda, pangpangna nu patali jeung basa katut aksara daérah.
Nilik kana pakarepan Pamaréntah Daérah Jawa Barat jeung pakarepan média massa Sunda, écés pisan nyantélna téh. Masing-masing pihak, najan béda huluwotan kokocoranana, enas-enasna mah, tetep patékadan miara budaya Sunda téa. Hartina, payus pisan upama pihak-pihak nu boga karep miara budaya Sunda gé meunang pangro-jong Pamaréntah Jawa Barat.
Ngan, mana bukti pangrojong pamaréntah daérah ka média Sunda, pangpangna mah kana média citak? Nilik lalampahan média Sunda ti mangsa ka mangsa, teu weléh tilem-timbul kalayan pamustunganana carem. Dongéng lawas média massa Sunda nu ka tukang-tukang remen ‘ngageuri’, terus ngukuntik média massa Sunda kiwari.
Upama baréto taya Perda nu patali jeung basa, upamana, pamaréntah teu ngarasa boga kawajiban mantuan pérs Sunda, mémang pantes. Tapi, sanggeus aya Perda, bawirasa, Perda gé payus pisan upama daék mantuan hirup-huripna média Sunda. Da, ku cara kitu, tujuan nu hayang kahontal ku Perda téa, sabagian dilaksanakeun ku média massa Sunda. Apan, ku medalkeun warta-warta jeung tulisan-tulisan dina basa Sunda gé, salasahiji cukang lantaran sangkan basa Sunda terus hirup di masa-rakatna.
Upaya larapna Perda nu patali jeung basa Sunda, mémang digederkeun ka sakumna kabupatén / kota di Jawa Barat. Apan, geus ilahar upama aya anjuran-anjuran bupati / walikota sangkan dina salasahiji poé saban mingguna nyararita maké basa Sunda jeung maké pakéan adat Sunda. Tarékah kitu téh, salasahiji tarékah ngahontal tujuan Perda téa.
Upama ajakan-ajakan nyarita basa Sunda digederkeun, bawirasa ogé kudu aya pangrojongna, di antarana bacaan-bacaan Sunda. Atuh, upama média massa Sunda jadi bacaan parapagawé - leupas tina ajén wartana - apan copelna bisa jadi pangrojong mahérna maké basa Sunda téa.
Mun udagan Perda bener-bener lain ukur lalam-bé atawa lain ukur sawatesanan konsép, hal-hal nu sipatna ‘praktis’ tur basajan, bisa dilaksanakeun. Upamana waé, di kantor-kantor pamaréntahan, meujeuhna upama aya bacaan Sunda, kaasup majalah-majalah Sunda. Lian ti éta, atuh iklan-iklan layanan masarakat ti pihak lembaga pamaréntah ogé, bisa dimuat dina média massa Sunda kalayan maké basa Sunda. Ku cara kitu, lain ukur, pihak pamaréntah nyontoan masarakat maké basa Sunda, tapi deui bisa mantuan hirup-huripna média Sunda. Pérs Sunda téh tong diantep teu walakaya, ku lantaran teu dirojong jeung dideudeul ku Pamaréntah Provinsi, Kabupatén / Kota, para-wakil rahayat katut Badan Usaha Milik Daérah (BUMD)! ***

Kudu Parat ka Saban Tempat

Ku Dudi Santosa

(SundaMidang 100 Kaca 74)

Karep jeung ketak pamingpin, kudu dipiwanoh ku balaréa. Nya, tangtuna gé butuh média sangkan pakarepan pamingpin nyambung jeung kahayang masarakat. Naon téa médiana téh? Bisa rupa-rupa kaasup média masa.
Kiwari, média gé rupa-rupa naker. Lian ti média citak aya éléktronik jeung online. Kabéhanana keur pamaréntah mah kacida pereluna, sangkan rupa-rupa golongan masarakat bisa katodél ku éta béwara.
Keur Jawa Barat, naon waé médiana, basana nu dipaké mah, di antarana, basa Sunda atawa basa indung keur urang Sunda mah. Ieu basa, lain wungkul alat komunikasi tapi deuih keur ngantengkeun tatali batin antara parapanyatur basa Sunda.
Kumaha nasib pérs Sunda? Ti baheula gé éstu gumantung pisan kana kanyaah pribadi-pribadina. Kétang, nu urusan jeung kasundaan mah, boh seni boh budaya séjénna, lolobana mah ukur ngandelkeun kanyaah masarakatna. Padahal, kahirupan basa, seni, ogé budaya séjénna, kacida butuh perhatian saban pihak kaasup pamaréntah.
Dina Perda No. 5 Taun 2003, jinek naker pamaréntah téh kudu ilubiung ngahirup-huripkeun basa, sastra, jeung aksara Sunda. Paheutna jangji pamaréntah kawas kitu, kuduna mah geus karasa ku masarakat Sunda. Ngan, kumaha buktina? Ku lantaran aturan téh ukur aya réngkolna, tacan aya léngkah jinek. Ayana aturan jeung tayana aturan, taya bédana!
Di antara pamaké basa Sunda, pérs Sunda. Ieu widang mah, ka bala ka balé. Lian ti keur méré béwara ka balaréa ngeunaan kaayaan rupa-rupa kahirupan, ogé jadi pangrojong hirup jeung huripna basa Sunda. Apan, hirupna basa téh bakal gumantung ka nu marakéna. Upama éta basa tetep dipaké boh sacara lisan boh tinulis, tangtu wé éta basa téh bakal tetep hirup.
Sabenerna, pancén pamaréntah téh kabantuan ku pérs. Lantaran, sagala rupa program pamaréntah bisa kabéwarakeun ka masarakat ngaliwatan média masa. Ku cara kitu, upama program pamaréntah hayang dipiwanoh ku masarakat sarta hayang meunang pangrojong rahayat éta karep jeung kahayang pamaréntah téh kudu nepi ka masarakat sakumna.
Patali jeung pentingna béwara pamaréntah téa, keur Pemprov Jabar jeung Banten, tetep kacida butuhna ku média masa nu basana basa Sunda. Ngan, ajén média gé tangtu bakal gumantung kana pangrojong pihak séjén.
Dina Perda No. 5 Taun 2003, ogé kacatur, keur ngawaragadan kagiatan-kagiatan nu patali jeung basa, sastra, ogé aksara Sunda, ngancokeun APBD. Hartina, ngandelkeun duit rahayat kénéh nu ngumpulna ngaliwatan pamaréntah.
Bawirasa, pamaréntah mah loba cara upama bener-bener rék némbongkeun kanyaahna ka média (pérs) Sunda. Apan, dina kagiatan-kagiatanana téh perelu dibéwarakeun ka balaréa. Lian ti béwara nu ditulis dina basa Indonésia apan merenah pisan upama maké basa Sunda.
Ngabéwarakeun kagiatan-kagiatan Jawa Barat nu ‘palaksanaanana’ Pamaréntah Jawa Barat, mémang bisa waé diémbarkeun sacara nasional ku basa nasional. Tapi, bisa leuwih keuna tur merenah upama ditepikeun dina basa Sunda.
Pamaréntah loba cara upama hayang mikanyaah pérs atawa ngarojong kamekaran pérs Sunda. Pamaréntah boga BUMD. Ilahar apan masing-masing éta pausahaan téh nyayagikeun CSR (corporate sosial responsibility). Mun waragad CSR diséngsarkeun sawaréh keur média Sunda, tangtuna gé moal gaplah. Lantaran ketak kitu téh sarua jeung milu miara basa nu dipaké ku masarakat.***

Lalaki Kenya Bangbung Ranggaék

Ku Rukman Héryana

(SundaMidang 100 Kaca 68)

Kulawarga berencana téh bakal ngabalukarkeun ibu-ibu jeung wanoja, teu aya gairah sapatemon, kurang sumanget ngalayanan salaki. Lantaran kitu, kuring mah boro-boro nitah, nyarankeun gé henteu ka pamajikan, pikeun ngagunakeun alat KB (kontrasépsi), da ari kawajiban awéwé mah keur ngalahirkeun barudak. Kitu ceuk Zaddock Odhiambo, hiji lalaki anu umurna kakara 28 taun tapi geus boga budak genep.
Babaturan Zaddock, Damaskus Chemonges nétélakeun, yén kulawarga berencana téh bahaya pisan, kuring ngadéngé nu milu KB bakal ngalahirkeun budak anu euweuh ceulian jeung mataan, mun rék ngajarangan budak mah maké cara-cara tradisi wé, nu geus dilakukeun ku maranéhna saméméh nyaho cara-cara KB anu modéren, pokna.
Barang ditanya nyaho jeung paham ngeunaan vasectomi? Chemonges nyebutkeun, lamun lalaki divasectomi bakal maot, sajaba ti éta, lalaki bakal “impoten”, nu balukarna pamajikanana bakal saré di luareun imah, nu engke balikna mawa budak batur.
Margaret Akoth ti Manyatta ngobrolkeun ka Inter Press Service, basa mimiti kuring milu KB ku cara pel kalawan rerencepan, lantaran kuring teu hayang boga budak deui, boga opat gé geus dianggap cukup. Barang kanyahoan ku salaki kuring, éta pél dibalangkeun bari manéhna ninggalkeun imah. Jaba ti éta, manéhna ngancam mun kuring teu daék eureun milu KB, manéhna rék maéhan kuring. Kuring indit ka klinik kaséhatan, ménta cara séjén supaya teu kapanggih ku salaki, nya kuring ku patugas disarankeun maké cara suntik. Pamustunganana, kuring disuntik tilu bulan sakali kalawan rerencepan, alesan ka salaki mah rék mariksakeun budak. Hiji mangsa salaki kuring kungsi nanyakeun, ku naon kuring can ngandung budak deui? Nya kuring ngajawab ku sagala cara, nu penting mah teu curigaeun salaki, sabab kuring inget kana ancamanana. Kitu dongéng Margaret Akoth.
Lain waé kaum istri nu diancam téh, tapi patugas kaséhatan gé diancam ku parasalaki upama kanyahoan méré alat kontrasépsi ka pamajikan maranéhna. Malah dianggap musuh, tur nuduh patugas kaséhatan boga niat rék ngaruksak kulawarga, kitu ceuk Rose 'Ochieng anu dines jadi patugas kaséhatan di Nyalunya, 17 kilométer ti Kisumu. Manéhna geus remen meunang ancaman salila tugas. Malah babaturan Rose mah loba anu kabur ninggalkeun tempat tugasna lantaran salian ti diancam téh nepi ka diusir ku kaum bapa di tempat tugasna.
Tah kitu dulur-dulur, gambaran kaum bapa di Kenya kacida antina kana kulawarga berencana (KB) téh. Isu soal teu sapagodosna lalaki kana KB, nolakna kaum bapa kana KB téh aya sababaraha alesan. Hasil panalungtikan di Rift Valley dina bulan Désémber 2008 nepi ka Januari 2009 nétélakeun, alesan utamana nya éta salah paham ngeunaan kulawarga berencana keur awéwé jeung lalaki. Lalaki nyebutkeun yén wanoja anu milu KB téh jadi tiis di tempat saré, nu séjénna nyebutkeun lamun arinyana divasectomi bakal moal bisa ngalakukeun sapatemon, anu ngabalukarkeun turunna darajat lalaki, sarta inggis pasanganana bakal nyolowédor ka nu séjén. Kasieunan nu séjén, bapa-bapa bakal kaleungitan budak ku jalan maot atawa pipisahan, sabab vasectomi teu bisa dirobah. Maranéhna bakal jadi miyuni hayam kabiri, ngéplék jawér ngandar jangjang, kuméok méméh dipacok. Mun di leuweung kayu randu, mun di lebak kayu dangdeur, hurung hérang ngan bincurang, ceuk maranéhna.
Balukar tina kaayaan kitu, parapatugas kaséhatan sieun targét teu kahontal lantaran kudu nurunkeun angka kematian ibu lobana 75% dina taun 2015, moal bisa kahontal upama teu dipigawé babarengan kaasup kaum lalaki.
Sikep masarakat saperti kitu téh, ngabalukarkeun Kenya jadi hiji nagara anu kasuburanana pangluhurna sadunya, lantaran anu lahir teu kawatesanan nu maot mah loba ngurangan. Dina taun 1960, Kenya rata-rata boga budakna 8,1... Ambuing di Indonésia gé dina taun 1970 ngan 5,6. Tapi dina taun 1990, rata-rata boga budak di Kenya, geus jadi 5,4. Jadi salila 30 taun, Kenya bisa nurunkeun TFR atawa rata-rata boga budak 2,7.
Sanajan bari kitu, dina 15 belas taun katompérnakeun nepi ka taun 2005, rata-rata boga budak masih tetep saluhureun 5 saban kulawargana, lantaran nambahan pasangan usia subur ngora (anu karawin anyar), hal éta ngabalukarkeun kasieun yén ngaronjatna jumlah padumuk teu sajalan jeung ngaronjatna pakumbuhan ékonomi nagara Kenya. Diitung upama teu aya tarékah anu daria, padumuk Kenya anu ayeuna 54 juta bakal jadi 83 juta dina taun 2040.
Tarékah keur ngaronjatkeun ilubiungna kaum lalaki kana KB, mindeng diayakeun gempungan darurat dina hiji rangkay anu keumeuh di Manyatta, Kenya bagian kulon, jeung Kisumu. Nya éta ngabadamikeun soal-soal kamasarakatan, di hareupeun para-inohong kepala suku di éta wewengkon. Dina éta gempungan, kaasup nyawalakeun masalah kulawarga berencana.
Dina hiji pagempungan kepala suku, nu dipiluan ku 50 urang ti sababaraha suku nu aya di Kenya nu geus marilu KB. Dina éta gempungan ngabahas soal tanggung jawab lalaki dina kaséhatan réproduksi wanoja. Ku arinyana dima’naan, sanajan maranéhna geus marilu KB tapi masih kénéh sok ngurangan hubungan sapatemon, boh waktuna atawa mindengna.
Tapi ti harita mimiti aya anu méré penjelasan ngeunaan vasectomi ti jalma anu geus ngalaksanakeun vasectomi. Ceuk si Ochieng, teu mungkin, maenya vasectomi ngabalukarkeun lalaki leungit gairah seksna, ogé teu bener mun ngabalukarkeun lalaki jadi impotén. Kuring gé sanggeus vasectomi, ngalaksanakeun kawajiban salaki pamajikan angger normal, tapi pamajikan teu kakandungan deui, nu matak vasectomi téh hiji cara anu praktis keur ngeureunan boga deui budak.
Ku sabab kitu, dulur-dulur, upama ngajak vasectomi ku patugas komo deui éta patugas téh can ngalaksanakeun vasectomi, bakal hésé nurutna, bakal hésé miluna. Béda deui upama diajakna atawa diterangkeunana ku jalma anu kungsi ngalaman. Geuning di urang gé, dina mangsa Jawa Barat meunang targét vasectomi 6.000 urang sataun, sanajan urang apruk-aprukan, harita taun 2009 nepi ka bulan Maret kakara meunang 114 urang. Tapi saenggeusna urang ngabentuk Paguyuban Kontap Pria di tingkat kabupatén / kota malah terus ka tingkat kacamatan séwang-séwangan, alhamdulillah nu marilu vasectomi ngaronjat anu luar biasa. Lantaran, dipadungdengkeun, dibéjérbéaskeun, jeung dicontoan ku nu geus marilu vasectomi. Malah sabada diiming-imingan ku sing saha nu panglobana meunang akséptor vasectomi bakal dibiayaan umroh. Antukna dua taun noron, urang bisa miangkeun jawara vasectomi miang umroh.
Sulintang damar kaanginan, tétéla anu meunang téh, nu geus divasectomi lain patugas. Kahiji Kang Mamat ti Kota Banjar anu diiangkeun taun 2009, inyana téh sapopoéna jadi calo di terminal Banjar. Dina taun 2010 anu miang téh Kang Adang ti Kabupatén Bandung, anu gawé sapopoéna jadi tukang témbok / tukang kayu. Sok lah... tuluykeun usaha ngantebkeun Paguyuban Kontap Pria, malah mun perelu mah nepi ka désa-désa. Kang Yoga ti Kabupatén Bandung, dina taun 2007 miang ka Ambon ngahadiran Harganas, lantaran kolompokna jadi jawara tingkat nasional.
Sok komo deui, keur vasectomi di Indonésia geus aya lampu héjo, ku ayana Fatwa Ulama taun 2012 waktu musawarah MUI di Cipasung Tasikmalaya Jawa Barat. Dina éta fatwa dijéntrékeun :
Vasectomi téh haram, kajaba:
1. Keur tujuan anu hadé anu teu patukang tonggong jeung saréat. Mun ditarjamahkeun mah meureun, upama tujuanana téh sangkan mulus turunan, séhat kulawarga, barudak kaaping kajaring kajaga kariksa, luhur élmuna, jembar pangabisana, mulus balungna mekar otakna, sangkan takwa ka Nu Maha Kawasa dina mangsana.
2. Teu maneuh (permanén). Ngandung harti, meunang vasectomi upama teu mutuskeun turunan, tur bisa deui boga turunan. Hal ieu geus kajawab, yén anu geus divasectomi gé loba anu baroga budak deui lantaran ari boga budak mah lain urusan manusa, tapi urusan Alloh, sabab urusan manusa mah taya nu langgeng. Nepi ka sok jadi bukur catur buah carita, majarkeun pamajikanana nyolowédor, padahal sanggeus dibuktikeun mah salakina positip deui ngandung bibit, éta kersaning Nu Maha Kawasa.
3. Aya jaminan bisa nyambung deui jeung balik deui normal. Pikeun ngusahakeun fatwa éta pan aya tarékah rékanalisasi, nya éta nyambungkeun deui saluran spérma, jeung geus kabuktian aya nu hasil leuwih ti saurang.
4. Teu nimbulkeun bahaya atawa madlarat keur nu ngalaksanakeunana. Hal ieu ku urang bisa dipaluruh tur dititénan, yén mangrébu-rébu anu geus ngalaksanakeun vasectomi éstu teu ngabahayakeun ka dirina, hirup walagri dina rumah tangga.
5. Teu diasupkeun kana program atawa cara-cara alat KB Mantap. Ku lantaran kitu, vasectomi ayeuna sipatna lain targét, tapi kudu dirobah jadi ngalayanan paménta masarakat.

Inget vasectomi, inget lagu Kontap Pria ciptaan Kang Rukman téa, anu kieu unina:

Kontap Pria

Kontap Pria cara KB keur pameget
Kulawarga nu putrana langkung dua
Umur istri manjing tilu puluh
Sarat utama luyu sakulawarga
Ulah risi mun urang divasectomi
Saluran bibit nu dibeungkeut tali
Nu diturih ngan ukur sasénti
Dipigawéna husus ku dokter ahli
Vasectomi dijamin moal rék nyeri
Sabada operasi kudu ati-ati
Tapi omat ulah kacaian
Beh dituna tong loba pikiran
Sabada operasi ulah campur heula
Ditunda paling lilana saminggu
Mun ngamimitian arek sapatemon
Sementara maké kondom.***

Carpon

Nu Teu Mulang Tas Lebaran

Ku Ena Rs.

(SundaMidang 100 Kaca 46)

Kaasup alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dédé, kasampak keur aya. Malah témbong nyalsé, Haji Dédé keur maca koran dina téras hareup. Biasana Haji Dédé mah jarang di imah, hésé hayang panggih téh, malum pangusaha nu keur meumeujeuhna manjang.
“Aééh, geuning urang kota téh aya kénéh di lembur?” ceuk Haji Dédé bari nilepan koran.
Wija ngahéhéh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Batur mah nu marudik téh geus baralik deui ka kota, ari manéh Ja, naha aya kénéh di lembur?” Haji Dédé mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... Badé teras di lembur wé ayeuna mah... Horéam ka kota deui téh abdi mah...” Ceuk Wija. Haténa mah rada éra nyarita kitu téh.
“Sukur atuh ari geus rék bumetah di lembur mah... Teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur gé... Sukur... sukur lah, bungah lembur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditaringgalkeun ku nu naréangan kipayah ka kota...”
Wija nyéréngéh.
“Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija téh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... Meureun meujeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... Piraku rék saumur-umur usaha di kota waé, teu inget balik deui ka lembur...”
“Nya muhun nu saruksés mah Pa Haji... Nu nasibna saé sareng arageung modal mah mendakan kasenangan usaha di kota téh.... Abdi mah ukur kari daki wé di kota gé...” ceuk Wija. Luk tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji...”
“Enya, kétang nya, nasib meureun nu kuat mah. Tapi kétang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah kumaha patékadan urang. Mun urang kuat tékad dina ngarobah nasib, nya nasib gé bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah-satengah tékad urangna, meureun nasib gé moal bisa robah...”
Wija ngeluk deui waé.
“Atuh soal modal, ah kuring apal Ja urang dieu nu suksés usaha di kota. Itu Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda, pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Dagang basona gé di ruko ayeuna mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gedé modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manéhna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna...”
Teu lémék, Wija beuki ngeluk.
“Si Toha deuih, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot, Si Udéng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pemborong...”
“Muhun pan nu sanés mah, Pa Haji... Saraé milikna... Abdi mah angger wé pétot kahirupan téh...” Ceuk Wija karék némbalan.
Haji Dédé ngahéhéh.
“Ah, ulah dipaké leutik haté, Ja... Encan Wija mah... Pan ceuk kuring gé nasib mah bisa dirobah asal kuat tékad dina ngarobahna. Teu di kota teu di lembur pikeun jadi jalma suksés mah taya halangan. Modal ulah jadi halangan. Réa jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngaturna bet jadi beunghar. Kuring gé cicing di lembur lain agul Ja, ceuk batur mah pan disebut suksés...”
“Sumuhun...”
“Terus, Wija ayeuna di lembur rék usaha kana naon?”
Méméh némbalan Wija ngarénghap heula.
“Nya éta Pa Haji, abdi téh teu acan gaduh totoongan badé naon-naonna. Namung saheulaanan mah mamanawian abdi téh badé nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padamelan nu tiasa dipidamel ku abdi...” Ceuk Wija neger-neger manéh ngomong sakitu gé. Rumasa éra geus kapeupeuh ku omongan Haji Dédé cikénéh.
“Ah, éra ngagawékeun urang kota mah...” Haji Dédé ngahéhéhéh.
“Teu kénging kitu Pa Haji... sing hawatos wé ka abdi...” Beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Éra...
“Emh, hampura kétang Ja, heureuy kuring mah... Nya ari arék buburuh di kuring mah pék waé... Kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran téh, supirna ka karota... bisa nyupir kénéh lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji... Pan di Jakarta gé abdi nyupiran damel téh...” Témbal Wija giak.
“Nya atuh mimiti isuk wé gawéna. Kabeneran tas lebaran téh loba order ngakutan batu ka proyék perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh néangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja. Jagjag mobilna mah... Tapi jig wé ilikan ku sorangan. Kenékna si Hamid..., apal lin ka Si Hamid? Éta anakna Mang Cécé...”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig wé ilikan mobilna...”
Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dédé mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi téh. Nu séjénna mah tangtu keur jaralan, da réa mobil treuk Haji Dédé téh. Mun teu salah aya kana tujuh belasna.
Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z 7610 TB. Enya jiga jagjag kénéh. Tina cétna ogé katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kalacat naék kana mobil, konci kontakna ngagantung. Jegur dihirupan, didédéngékeun sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, gerentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang toong ka kolong mobil, nempoan handapna. Pér aralus, taya nu potong. Ban sakitu mah garaling kénéh. Tinggal mecut wé...
*
Mulang ti Haji Dédé teu tuluy mulang ka imah. Tapi méngkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana.
Panonpoé keur meujeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah di lembur manéhna mah taya nu kagaringan da boga irigasi nu kawilang kuat caina. Paré keur meumeujeuhna héjo, sawaréh témbong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu bapana, Wija tuluy muru saung. Gék diuk. Késang renung dina tarangna. Tapi késang nu karasana genah kana awak, lain késang lantaran baringsang ku panasna hawa Jakarta, tempat manéhna nyiar kipayah welasan taun ka tukang.
Gék Wija diuk dina talapuh saung. Nempo ka jauhna satungtung ngaplakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongokan sawah parentul na galengan. Ti beulah wétan aya manuk kuntul ngalayang muru watés pasawahan...
Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus ka liwat. Mangsa manéhna usaha di Jakarta. Wayah kieu bororaah bisa nyalsé, teu kawas ayeuna di lembur. Keur meumeujeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah... Gawé jadi supir Mayasari, hawa panas, macét teu anggeus-anggeus... hhhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manéhna masih ké-néh karasa capéna, ripuhna... Dipiki-pikir ayeuna mah uyuhan wé bisa tahan welas-welas taun kitu...
Keur Wija, omongan Haji Dédé tadi téh asa nyindiran ka manéhna, Enya batur mah saruksés, ari manéhna mulang ka lembur téh ngaligincing. Ladang usaha béak keur kahirupan sapopoé. Bisa neundeun gé teu sabaraha. Nu diancokeun téh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeunana gé bubar, érép pisan.
Nganjrek di imah kontrakan saumur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedéan usaha. Bisa undak pacabakan. Ari manéhna supir wé saumur-umur. Bororaah bisa cara batur...
Wija ngarénghap... Mun palid dina kahirupan kota manéhna mah rumasa. Jiga jalma beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon waé nu hayang diasaan. Kana kahirupan peuting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meulian pakéan teu kapetolan. Kajeun duit béak da isuk gé bisa néangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya wé anak pamajikan. Kikiriman ka lembur téh taya leuwihna, sasat sésa manéhna di Jakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabulan béak, sabulan béak. Nepi ka kolotna gegelendeng. Majar téh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya punjulna mah. Nyupiran mah di lembur gé réa ieuh nu bogaeun mobil. Asal daék ngadunungan ka batur...
Dipikiran dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tékad pikeun bumetah di lembur. Kumaha waé résikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya: Naha can ka Jakarta deui, naha di lembur kénéh...?
Sakuduna mah mulang bumetah deui di lembur téh geus kari ngahunang ngahening. Boga bekel nu kandel. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manéhna mah enol pisan téh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya ngamimitian ti enol deui waé.
Kaduhung, bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon hambur, gerentes haté Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tékad kuat ngarobah nasib... meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus capé, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur téh bati bingung. Dasar... ah... Wija garo-garo teu ateul.
Batur mah saruksés usaha di Jakarta téh. Ari manéhna....?
Encan Wija mah... omongan Haji Dédé nongtoréng deui. Wija ngoréjat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana lain kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah téh... Haté Wija norowéco.
“Kang Wija...” Aya nu ngageroan.
Wija ngalieuk. Horéng Hamid, nangtung di luareun saung. teu kadéngé jolna.
“Aéh, Mid... rék ka mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dédé, cenah énjing mah jalan jeung Kang Wija da badé damel di anjeunna...” ceuk Hamid.
“Enya, Mid. Daék lin buburuh babarengan jeung kuring?”
“Atuh kantenan, Kang. Bungah wé nu aya. Tos sabulan abdi mah teu buburuh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bungahna béh ditueun ti bungah... Abdi tiasa buburuh deui... Teu énak nganggur téh, Kang...”
Wija nyéréngéh. Haté manéhna gé bet milu bungah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian haténa. Rék diniatan ngarobah nasib. Rék ditékadkeun kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... Najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan.
Teu karasa waktu geus tangangé. Panonpoé morérét. Angin rada tarik, sora daun paré nu katebak kadéngé ngeresek.***

Lembur simpé,
Agustus 2012.

Éksékusi

Ku Endan Sukanda *)

(SundaMidang 100 Kaca 26)

Nurutkeun papayan sajarahna, hukum pati téh asalna mah ku cara ditunggel jangga, istilah anu dipaké pikeun ngalemeskeun “diteukteuk beuheung” atawa dipeuncit. Dipapay leuwih ka tukang deui, dina jaman baheula béhditueun baheula, upamana anu kacatet dina jaman Aristotéles mah, jalma-jalma anu dianggap siwah dina pamadeganana, manakomo dianggap ngabangkang kana kailaharan, dihukum patina ku cara dipaksa nginum (diinuman) racun. Sakitan kokolojotan, tina bahamna ngabudah sésa-sésa racun anu tangtu wé matak maténi. Sanajan waktuna kaitung cukup rada lila, kitu lah antara satengah tepi ka sapoé jeput ti mimiti racun asup kana kadut tepi ka aya réaksina anu tuluy sakitan téa ngemasi pati.
Ari ditunggel jangga mah, sakitan anu leungeunna dibarogod (da bisi kabur) digiringkeun ka hiji tempat anu maneuh, terus beuheungna sina nyindekel kana talenan anu jangkungna kira-kira 60 cm, rubak buleudanana 40 cm. Srog logojo anu bosongot ngangsrog, cleng sirah sakitan misah tina awakna digampleng ku gobang atawa kampak parantina. Wassalam, gumantung kana amalna, naha di ditu rék ka naraka atawa sawargana mah. Ngan anu sidik, sirah anu baloboran kénéh ku getih, laju dipulung ku logojo, saterusna ditémbongkeun ka balaréa anu nyaksian, sangkan nu lalajo jadi saksi yén sakitan téa geus dihukum pati.
Jaman raja-raja nyakrawati di Perancis bihari, hukum pati ditunggel jangga téh aya kamajuan anu kaitung rada “nyakola” sahanteuna asa teu kaciri bengis teuing. Alat pamotong beuheung, mangrupa beusi atawa logam anu beuratna ratusan kati. Éta “péso” anu rubakna kira-kira sadeupa, panjangna punjul satengah deupa kalayan beulah handapna ngahaja sina seukeut, digantungkeun cacangkedna anu disambungkeun maké tambang dadung. Mun cangkedna ditarik, ieu péso atawa kampak raksasa téa ngagulusur kana jalan parantina murag kalawan neundeut, ninggang kana beuheung jalma sakitan anu mémang keur nunggu-nunggu diteukteuk. Éta pakarang anu matak muringkak saawak-awak, muriding sabulu-bulu gading téh guilotine disebutna, maneuh paranti neukteuk beuheung sakitan.
Rada béh dieu pisan, anu dihukum pati téh ku jalan digantung, kaasup dina jaman modérn ayeuna. Upamana waé anu kajadian dina mangsa Ordeu Lama baheula, aya tilu soldadu urang anu dihukum gantung di Malaysia. Nya kitu deui Ali Bhutto, jalma dina jaman modéren nagarawan anu ngalaman gugulayunan dina tihang gantungan téh. Malah tepi ka ieu tulisan dijieun ogé, Nagri Jiran tatangga urang mah masih kénéh nerapkeun hukuman pati ku jalan digantung pikeun sakitan anu diponés maot, upamana bandar narkoba, atawa anu ngahaja maéhan.
Saterusna hukum pati beuki maju, dina harti merhitungkeun jihat kamanusaan. Dina hal ieu mah inohong logojo néangan jalan jeung ihtiar, kumaha carana sangkan sakitan teu lila teuing nandangan panyiksa saméméh datang ajalna. Nya kapanggih ku jalan dibedil. Kalawan rerencepan, sakitan téa dibawa ka hiji tempat anu dirusiahkeun. Leungeun sakitan dibangkol, panonna ditutupan tuluy dituyun ka tempat éksékusi. Di dinya geus nyampak sungut-sungut bedil anu jumlahna 12 bedil. Ti dinya kalayan rerencepan komandan regu témbak ngasupan salasahiji bedil ku pélor, sedengkeun bedil nu sawelas deui mah kosong. Cunduk waktu anu tangtu, pas datang kana mangsana, 12 urang penémbak jitu (sniper) dipanggil pikeun ngalaksanakeun pancénna. Tilu, dua, hiji, témbak! Belesur tina salasahiji sungut bedil aya pélor anu ngabelesat meneran kana jajantung sakitan, da ngahaja geus dicirian minangka sasaran témbak. Beletak, dada sakitan keuna, satuluyna aya nu ngalémbéréh dina palebah dada si sakitan, hiji, dua, tilu... sapuluh detik (atawa leuwih saeutik) kulahék waéh beuheung sakitan ngulahék. Dokter ngarampaan pigeulang sakitan, jslté anu saterusna nyieun viseum anu nétélakeun yén sakitan geus bener-bener maot dina jam menit jeung detik saanu.
Hukum pati anu “panggenahna” dina harti anu dihukumna teu pati lila teuing kasiksa, nya éta diuk dina korsi listrik. Palebah urat nadi sakitan, kayaning dina palebah beuheung, pigeulang leungeun duanana, luhureun bincurang suku duanana jeung palebah dada dibeulitan logam panganteur arus listrik anu panghébatna. Tilu, dua, hiji! Aliran listrik anu ngamalir kana korsi listrik téa dicetrékkeun. Kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, hos. Ieu mah antara 3 - 5 detik tepi ka wasalamna, gumantung daya tahan (endurance) jasmani sakitan.
Heup, nyaritakeun anu dihukum pati mah bisi kabaca ku anu leumpeuh yuni, malaur katempuhan anu nulisna kéh. Enya da dicaritakeun deui di dieu sotéh pikeun babandingan carita anu aya pakaitna jeung kecap éksékusi, anu kiwari mah lain waé mindeng kapireng ku urang saréréa, tapi geus teu matak ngabirigidig.
Béda jaman, béda jalma nu ngajamanan. Sok sanajan asalna mah, dina kamus naon waé harti kecap éksékusi téh diheureutkeun ngan wungkul pikeun anu dihukum pati. Upamana dina Kamus Ensiklopédi Indonésia taun 1992 kabaca dina kaca 1345. Di dinya mah malahan kapanggih rupa-rupa hukum anu kungsi diterapkeun di nagara urang, di antarana aya hukum dera atawa hukum cambuk. Cenah gé kieu, katerangan ngeunaan hukum dera mah, “hukuman menyakiti badan dengan pukulan kayu, rotan atau cambuk, dsb. yang masih banyak dijalankan sebelum tahun 1900 tetapi kini sudah terlarang” Dina kaca éta kénéh, ditétélakeun kieu, “hukuman mati dalam hukum pidana Indonesia termasuk hukuman yang paling berat”. Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia (KUBI) W.J.S Poerwadarminta, boh anu medal taun 1987 nya kitu KUBI wedalan taun 2006 dina kaca 313 masih kénéh sarua kabaca, “éksékusi adalah pelaksanaan putusan hakim, hususnya hukuman mati” Malah dina Kamus Inggris-Indonesia Indonesia-Inggris mah leuwih tembres deui, “execute” vb melakukan; -- somebody, menjalankan hukuman mati atas. “execution” hal melakukan (hukuman mati).
Saluyu jeung mekarna jaman, ieu kecap jadi ngalegaan jeung ngajembaran. Dina harti kiwari mah éksékusi téh dilarapkeun dina rupa-rupa pakumbuhan kahirupan, upamana éksékusi wangunan anu jadi bahan patelak, éksékusi lahan, jslté.
Jadi, lamun kiwari urang di dieu di sarakan (anu cenah gemah ripah loh jinawi) maca atawa ngabandungan hiji warta aya kalimah, “Si Ontohod lantaran kaasup koruptor, sakeudeung deui baris diéksékusi (tangtuna gé lain jasmanina anu rék dihukum pati, tapi... harta kakayaanana anu meunang hasil ngagerejud tina duit rahayat atawa ngagasab kakayaan nagara). Pan heueuh geus pasti, da di urang mah lain di Cina anu kungsi kabéjakeun dina warta, yén pajabat-pajabat nagara anu duruwiksa, anu jadi koruptor ngorowot tepi ka duit nagara copong gorowong téa ditibanan hukum pati. Tumerapna, minangka rambat kamalé tina ieu kawijakan pamaréntah Cina, anu rék ngicip-ngicip korupsi, rék nyoba-nyoba ngagasab harta rahayat jeung nagara, jadi mikir sababaraha jumpalikan.
Naha perlu kitu di nagara urang ogé (anu majar cenah gemah ripah loh jinawi téa) harti éksékusi kiwari diriutkeun tepi ka ngaheureutan deui saperti bihari? Keur koruptor, utamana anu geus nyata nyangsara masarakat tepi ka jaradi masakat rosa, ka hareupna lamun urang mireng béja aya ti antara maranéhna anu diéksékusi téh dina sawangan urang geus pasti maranéhna disetrum dina korsi listrik, didor, ngagulayun digantung; atawa cara anu leuwih ka tukang deui diguilotin jeung diinuman racun? Manakomo da geus ti jaman Menkumham Patrialis Akbar, hukum pati di nagara urang bisa dilaksanakeun ka koruptor saupama kalakuan kotor ceceremedna téa dina kaayaan nagara keur walurat atawa ngagasab waragad anu diancokeun keur musibah. Beu, mun enya téh...***
*) Nu nulis guru Sajarah SMAN 3 Kota Sukabumi

Banjir Jakarta

Ku Adjat Sudradjat *)

(SundaMidang 100 Kaca 14)

Saréréa geus pada-uninga yén Jakarta téh saban taun kabanjiran. Ngan dina taun ieu, karaosna rada mokaha. Éta waé Jalan Thamrin anu ngabulungbung di tengah kota, nepi ka kakeueum. Kitu deui istana. Ceuk téori, istana mah moal nepi ka kabanjiran, lantaran Walanda geus mendet cai anu bakal ka dinya ku pintu Manggarai. Cai dikamalirkeun ka wahangan Mookervaart, anu terusna ka Cisadané di Tangerang. Sigana taun ieu mah hujanna rada ngagebrét, cenah ceuk ahlina mah lantaran aya badéy tropis di Samudera Hindia.
Nurutkeun catetan, ti jaman Purnawarman kénéh kira-kira 1700 taun ka tukang, wewengkon Jakarta téh geus loma kana banjir. Dina batu lingga anu ditulis jaman harita, kailo yén Raja ngawangun wahangan pikeun ngamalirkeun cai. Dina jaman Jan Pieterszoen Coen mah geus puguh, wahangan téh digedé-gedékeun jiga di Amsterdam. Pijalaneun téh lain di darat, tapi dina cai mapay-mapay wahangan. Demi jalan sisi wahangan éta diancokeun bongkar muat barang wungkul. Nepi ka ayeuna kitu kaayaan di Nagri Walanda. Kaharti, sabab urang Walanda mah ngeunteungna téh ka sagara. Ku kituna ngaropéa laut, nyieun parahu atawa ngamumulé basisir téh tigin pisan. Sigana nagri urang anu cenah basisirna pangpanjangna sadunya, sawadina meureun kitu. Jalésvéva Jayamahé, kitu saur parapahlawan laut urang ogé.

Mawat Banjir
Nilik kana kaayaan alam fisikna mah saéstuna Jakarta téh sayang banjir. Ieu wewengkon téh merenahna dina hiji léngkob. Cai ti Citarum wétaneun léngkob, méngkolna téh ka léngkob Jakarta, kitu deui ti beulah kulon ti Cisadané. Ciliwung anu merenahna di tengah-tengah, notog pisan ka Jakarta. Dina jaman Coen mah Ciliwung téh sékéna kahirupan. Basa Coen meunang widi pikeun ngadegkeun gudang, merenahkeunana téh di sisi Ciliwung. Kitu deui urang Portegis anu ti saméméhna geus ngokolakeun gudang di sisi beulah wétan. Ciliwung sasatna diapit ku puseur niaga anu paeunteung-eunteung. Ku kituna Ciliwung téh jadi pupuhu jalan.
Sanggeus ngusir urang Portegis, Coen nyieun wahangan ka kénca ka katuhu, sangkan parahu bisa lalar liwat ka suklakna ka siklukna di wewengkon Batavia. Ku kituna, nilik kana kodratna Jakarta téh kota cai. Tutumpakan, boh barang boh jelema, ngandelkeun jalan cai. Tangtu waé lamun dibalik kana tutumpakan jalan darat jiga kiwari, nya masih kénéh kudu bireuk jeung cai. Ngarobah falsafah kota geus tangtu merelukeun waktu. Kungsi aya béja cenah Pamaréntah Jakarta mitembeyan ngamumulé deui wahangan pikeun tutumpakan cai. Ieu téh kacida alusna lantaran saluyu jeung kodratna kota.
Ayeuna lantaran tutumpakan di darat leuwih genah tur pangpangna mah kitu kahayang balaréa, nya teu nanaon pindah ti kodrat cai ka kodrat darat. Ngan tangtu ngarobah kodrat, komo ieu mah lantaran kodrat perbawa alam, geus tangtu henteu gampang. Nu ngokolakeun Dayeuh Jakarta ti baheula ogé geus wanoh kana téori-téorina pikeun ngarobah falsafah tina kota cai kana kota darat. Ngan tangtu dina prakna henteu bisa gagancangan, lain waé perelu waragad, tapi ogé perelu waktu. Katurug-turug Jakarta sakitu gegekna, ngaléngkah gé hésé.

Alam fisik wewengkon Jakarta
Wewengkon Jakarta téh tumuwuh dina léngkob anu disaeur ku keusik gunung. Ratusan réwu taun ka tukang, sarupaning babatuan anu diburakeun ku Gunung Salak, Gunung Gedé, jeung Pangrango saeutik-saeutik ngurug Léngkob Jakarta anu harita mah jirimna laut. Tempat pangurugan merenahna di palebah Bogor. Nu matak alam fisik Jakarta-Bogor wujudna méncos ka Bogor bari ngalegaan ka Jakarta. Wangun sarupa kitu téh teu béda jeung kipas atawa ku ahlina sok disebut kipas aluvium (alluvial fan). Basisir Léngkob Jakarta jaman harita kira-kira merenahna di wewengkon Cibinong.
Cai anu monténg ti Bogor ka Cibinong teu eureun ngakutan keusik, nepi ka kipas aluvium téh ngalegaan. Kitu jeung kitu waé, saeutik-saeutik basisir ngésér ka kalér. Biwir kipas tungtungna nepi ka wewengkon Senayan. Ti Bogor nepi ka Senayan, taneuhna beureum, anu disebut taneuh laterit anu asalna tina keusik gunung anu ngawangun kipas téa. Ti Senayan ka kalér, léngkob téh kaurugna ku leutak anu ngendek di walungan. Urut basisir masih katangar manjang ti wétan ka kulon ngajajar ti kidul ka kalérkeun. Ieu anu disebut geger basisir (beach ridges), lébarna 50 méteran, jangkungna aya kana dua tilu méterna. Ayeuna tapak geger basisir téh geus teu pati écés, lantaran dilindes ku wangunan kota. Tapi kodratna mah aya kénéh, nya éta ieu geger téh mendet cai. Katurug-turug lahan tukangeunana téh urut rawa anu taneuhna henteu nyerep cai. Di palebah dieu cai pasti ngeuyeumbeu. Jalan Sudirman jeung Thamrin motong geger basisir anu manjang ti wétan ka kulonkeun. Ku kituna, palebah jalan motong lahan urut rawa, geus pasti cileungcangna rada jero. Ti baheula anu kawentar téh wewengkon Sarinah.
Aya deui anu nyebutkeun yén banjir Jakarta téh aya patalina jeung cai jero taneuh anu disedotna kaleuleuwihi. Ku lantaran kitu, taneuh neundeut, cai asin rembes ti laut nepi ka Monas. Tapi teu saeutik ahli anu teu sapagodos. Panalungtikan katompérnakeun maké isotop, nétélakeun yén cai asin téh lain ti laut, tapi ti anggalna geus aya di dinya. Perkara neundeut, bisa jadi bener, tapi dina enyana masih bisa dikokolakeun ku ngawatesan nyedotna cai taneuh. Tapi aya deui anu nalungtik, cenah neundeutna Dayeuh Jakarta téh lantaran ngareunteutna alas Léngkob Jakarta. Ieu téh patali jeung soéhna tatapakan léngkob di deukeut Tangerang jeung deukeut Bekasi. Sasatna Léngkob Jakarta téh dumadina lantaran dihapit ku dua wewengkon anu cicingna henteu teteg. Cenah teu mustahil ieu soéh téh nguliat deui di jaman kiwari anu disebut néotéktonik. Ieu panalungtikan tacan masagi masih perelu kénéh disusud jeung diteuleuman.
Kumaha akalna sangkan ulah banjir? Nya rada hésé, lantaran kudu ngarobah kodrat fisik kota. Tapi lamun aya waragadna mah teu hésé-hésé teuing. Anu ngokolakeun Jakarta geus apal kana kaayaan alam fisik Jakarta. Cenah rancangan pikeun nangkes banjir ogé geus sababaraha kali digulang-gapér. Wahangan Wétan (Banjir Kanal Timur) anu geus diwangun kacida hadéna. Dibarengan ku wahangan beulah kulon anu geus diwangun ku Walanda sigana bakal mampuh ngabénténgan Jakarta tina cai anu narajang ti beulah kidul.
Ayeuna tinggal bénténg ti beulah kalér, lantaran cenah cai laut ogé dina usum ngijih sok mancal basisir. Éta kaharti lantaran cai ti Citarum jeung Cisadané ngulibek ka Léngkob Jakarta. Buktina, délta Citarum henteu tumuwuh ka kalér, tapi ngeluk ka Léngkob Jakarta. Atuh caina ogé ngulibek ka dinya. Ku kituna beungeut cai laut di Léngkob Jakarta ngaluhuran. Demi cai walungan geus tangtu ngeuyeumbeu lamun neumbrag cai laut anu leuwih luhur. Leuwih ti kitu, ngabayabah ka mamana. Dina perkara ieu, rancangan pikeun ngamumulé basisir kalér Jakarta merenah pisan. Ku modél polder siga di Nagri Walanda cai laut bisa diajak badami. Urang Walanda mah cenah geus 800 taun ngomé cai modél kitu téh. Ngompa caina maké kincir angin. Ngan di urang mah meureun maké BBM anu geus tangtu unggal poé kutar-ketir.***
*) Nu nulis ahli géologi, dumuk di Dago Babakan, Bandung. Serélék: asudradjat@yahoo.com