Sora Goong Tengah Peuting
(bag. 11)
Amarah
Ujra ngagolak. Gancang nyampeurkeun ka nu tiluan.
“Bédi
téh aing..., deuleu! Si Ujra.....! Ngaran aing téh Bédi…..! Nyaringkah
siah... Nyingkaaah.....!” Ujra ngahaok bari ngabekaskeun témbakan. Dihaja pélorna
sina mancawura lebah deukeut suku katilu anak buahna. Teu wudu Artisah ngarénjagna.
Ngajerit bari meungpeukan ceuli. Saharita ogé, Céngos, Duléh, jeung Kamhar
saroakeun. Gancang tingbalecir. Ngacir. Purat-pérot. Baca Salengkepna.....