Tilu Bagian Poko Wirausaha
Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)
Wirausaha neueul kana karancagéan. Patali jeung éta, aya sababaraha tiori nu nétélakeun hubungan karancagéan jeung otak manusa. Ceuk para ahli, otak téh ngawengku sababaraha bagian. Gunana gé béda-béda. Dina mutuskeun pasualan, upamana, wirausahawan mah leuwih suméndér ngandelkeun otak katuhu. Éta téh nu ngarojong timbulna ketak nu dumasar kana intuisi jeung inisiatip wirausahawan nu saolah-olah ngabogaan indra kagenep.
Ceuk ahli kadokteran kiwari, aya béda nu écés antara pungsi otak kénca jeung otak katuhu. Otak kénca ngabogaan pancén dina ngajawab patalékan-patalékan naon, naha, jeung kumaha. Otak katuhu pancénna téh dina mikir ‘kreatif’ nu teu dibarengan heula ku alesanana. Masing-masing jalma dina maké otak teu persis sarua, aya nu leuwih neueulkeun kana otak katuhu, aya ogé nu neueulkeun kana otak kénca. (Sperry, 1981)