Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Kolom Prof. Adjat


Panasbumi 
Rajakaya Tatar Sunda


Ku Adjat Sudradjat *)
 
Dina éarna biantara ngeunaan krisis énérji sok mindeng ngagalindeng kecap panas bumi anu dipiwadi bakal bisa ngajait bangsa urang tina jurang paceklik énérji. Naon sababna? Sabab ieu énérji téh moal orot sanajan disedot. Béda pisan jeung minyak tanah anu beuki lila beuki korédas. Cenah minyak tanah nu masih kapendem di nagara urang téh ngan kari 23 tauneun deui. Ari anu maraké unggal taun nérékél méh 8%. Geus kabadé yén dina hiji waktu urang bakal kakurangan énérji.