Bagéa Wilujeng Tepang
Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna
Ngalalana di Turki
Ku H. Usép Romli, HM.
Merlukeun waktu lila pikeun nyaba ka suklak-sikluk Turki, boh nu aya di béh kulon (Istanbul katut sabudeureunana, nu mangrupa bagéan benua Éropa), boh di béh wétan (daratan Anatolia, nu mangrupa bagéan Asia). Bakat ku loba tempat-tempat wisata aréndah tur ngandung sajarah nu patula-patali jeung sajarah kuno. Ti jaman Rumawi, jaman “Perjanjian Baru” (Kristen), jeung jaman Islam.
Tapi lumayan ogé dina waktu opat poé bisa ngadongdon tempat-tempat nu parenting. Di beulah kulon, nganjang ka kota Edirne, kl. 200 km ti Istanbul, nu ngawates ka Yunani jeung Bulgaria. Kota kuno titinggal Karajaan Thrace. Ngaranna baheula Adrianople, dikawasa ku Romawi Byzantium, taun 125 M. Kasohor ku “wrestling”, olahraga gulat tradisional Turki. Pangaruh éta olahraga kungsi nerekab ka mamana. Kaasup ka Bandung taun 1930-an. Harita di Bandung réa klub “worstelen” nu mindeng ngayakeun “adu-gelut” di gedong-gedong bioskop, tur ramé pada ngadeugdeug (“Bandung Baheula” jilid 1-2, karya R. Moch. Affandi, 1969).
Sanggeus Dinasti Utsmani Turki (1282-1924) nalukkeun Romawi Byzantium, taun 1445, Istanbul katut kota-kota séjénna diéréh ku sistim Islam. Di Edirna dugdeg masjid badag agréng. Di antara masjid “Selimiye Camie” (Masjid Jami Salim). Ngalap ka nu nyieunna, Sultan Salim (1512-1520), sultan katiluwelas Dinasti Utsmani. Ari nu nalukkeun Istanbul, Muhammad II al Fatih (1444-1446), sultan kasalapan Dinasti Utsmani.
Kota Istanbul, pangkasohorna di Turki. Leuwih sohor batan Ankara, puseur nagara (ibukota). Sabab Istanbul mangrupa puseur pamaréntahan Dinasti Utsmani nu nanjeur salila tujuh ratus taun. Di dieu nyampak rupa-rupa wangunan unik tur agréng. Bangsaning karaton, museum, jambatan, pasar jsb.
Museum Topkapi, nu nyimpen rupa-rupa barang kakayaan Islam ti jaman Nabi Muhammad SAW, unggal poé padet-padet baé. Geus puguh pasar “Grand Bazaar”, pagegelek ku nu balanja. Geus puguh masjid.
Aya tilu masjid badag kamashur di Istanbul, Turki, mindeng didongdon ku urang mamana, boh doméstik, boh mancanagara. Nya éta Masjid Jami Sulaiman (Suleymaniye Camii), Masjid Sultan Ahmad (Masjid Biru), jeung Masjid Jami Abu Ayub Al Anshari (Eyyup Camii).
Keur mangsa kajayaanana, Dinasti Utsmaniyah Turki réa pisan ngawangun masjid di sakuliah wewengkon kakawasaanana di tilu benua: Asia, Afrika jeung Éropa. Karajaan-karajaan Islam di Nusantara, kayaning Pasai, Ternaté, Tidoré, Bacan, Jailolo, kitu deui Malaka (Malaysia), jeung Moro (Filipina), aya dina “féderasi” Turki Utsmani nu dianggap puseur “Khilafah” (pusat pamaréntahan Islam sadunya).
Sulaiman, katelah Al Qanuni (Nu nyieun Undang-Undang), sultan katiluwelas Dinasti Utsmani. Maréntah taun 926 - 974 H / 1520 - 1566 M. Anjeunna ngawangun masjid jami pangbadagna di Istanbul katut sakuliah Turki, taun.1550-1557. Digarap ku arsiték kamashur Turki, Sinan. Éta masjid ngabogaan opat munara, jeung balkon sapuluh. Dilengkapan ku asrama sakola kadokteran, rumah sakit, dapur umum, pamandian umum, jeung pamakaman kulawarga. Basa pupus, Sulaiman dikurebkeun di dinya. Kitu deui garwana, Roxellana, wanoja katurunan Rusia.
Interior masjid, beunghar ku dékorasi nuansa warna biru jeung putih “majolica”. Ngahudang kaasrian, paadumanis jeung cahya panonpoé nu nyulusup tina saratus tilu puluh dalapan jandéla sirkulasi nu dihias ku kaca warna-warni.
Sajaba tempat salat berjamaah sapopoé, jeung salat Idain (Idul Adha jeung Idul Fitri), Masjid Jami Sulaiman gé deuih jadi tempat “nadran” (nazar) barudak lalaki nu rék disunatan, katut pangantén anyar ti Istanbul. Maranéhna ngagunakeun Masjid Jami Sulaiman pikeun latar kasang foto barudak sunat jeung pangantén maraké dangdanan pésta.
Masjid Jami Sultan Ahmad, nu leuwih sohor ku tetelahan “Masjid Biru”, pernahna peuntaseun “Aya Shofia” (Santa Sofia atawa Haghia Sofia), wangunan garéja munggaran jeung pangkahotna di Istanbul, nu ayeuna dipaké museum. Éta masjid diadegkeun ku Sultan Ahmad I (1012 -1926 H / 1603-1617 M), taun 1609, réngsé taun 1616. Nu ngagarapna arsiték Méhmét Aga, salasaurang katurunan arsiték Sinan.
Ari masjid Abu Ayub al Anshari, mangrupa monumén kapahlawanan Abu Ayub, salasaurang incu buyut sahabat Kangjeng Nabi Muhammad SAW ti kalangan kaum Anshor. Anjeunna ngahaja ngagabung ka pasukan Muhammad II Al Fatih, nalukkeun Istanbul tina kakawasaan Byzantium (Rumawi Wétan) taun 1445 M.
Ti Istanbul, ka Anatolia, kana férry. Nyorang Selat Bosporus. Selat lega nu nyambungkeun Laut Marmara di kidul, jeung Laut Hideung (Black Sea) di kalér. Kota nu pangheulana katincak di dieu, nya éta Iznik atawa Nicea. Kota kamashur di lingkungan agama Nasrani, sabab di dinya dihasilkeun “Konsili Nicea” nu jadi padoman amal ibadah umat Nasrani. Di Iznik aya masjid kuno “Haci Ozbek”, masjid munggaran nu diwangun ku Dinasti Utsmani taun 1332.
Ngaliwat ka Kota Troya, nu kamashur ku legénda “Kuda Troya” dina jaman perang antara Karajaan Troyan ngalawan Karajaan Achaeans. Ngidul ka Izmir, atawa Smirna, kota nu kamashur ku produksi karpét permadanina. Terus ngetan ngalér ka Pamukkale nu baheulana katelah Hierapolis. Ngadon mandi ngeueum dina cipanas alami nu ngumplang dina balong cadas umpak-umpak. Nyimpang ka Konya, kota tempat kalahiran Jalaluddin Rumi, pujangga sufi kamashur abad 13. Jarah ka makam Rumi nu katelah “Mausoleum Mevlana”, pagigir-gigir jeung “Selimiye Cami” (masjid jami Sultan Salim) nu wangunna persis masjid di Edirna.
Kebat ka Gunung Ararat. Gunung nu pinuh ku legénda. Kasebut-sebut dina Bible Perjanjian Heubeul. Atuh dina kisah Israiliat (carita Bani Israél) ogé mindeng kacaturkeun. Dina komik “Déwi Asri” karya RA Kosasih taun 1960-an (pupus Juli 2012), Gunung Ararat kasabit-sabit minangka panonoban jin. Gunung Ararat ogé mangupa huluwotan walungan Euphrat jeung Tigris nu ngaliwatan Suriah, jeung Irak, ngamuara di Teluk Arab.
Cenah, parahu Nabi Nuh di puncak Gunung Ararat eureunna, sabada banjir pangrongkahna sadunya, saat. Kai urut parahu Nabi Nuh, dipercaya dijieun tina kai “koka”. Tatalna sok dijieun kongkorong jeung tasbé.
Unggal tas salat, jeung ngadongdon sakur masjid di Turki, pipikiran sok kumalayang. Mapay sajarah kajayaan Turki Utsmani nu kuat tohaga, tur hébat, salila tujuh ratus taun. Sajajar jeung kajayaan-kajayaan Dinasti Islam saméméhna, saperti Umayyah Damaskus (661-750 M), Abbasiyah Bagdad (749-1258 M), Umayyah Kordoba (756-1031), Muwahhiddun Afrika kalér-Andalusia (1130-1269), Nasriyah Banu Ahmar Granada (1230-1492), Gaznawiyah Afghanistan (977-1186 M), Délhi India (1206-1555 ), Mughal India (1526-1858 M), jrrd. Tapi terus ancur lebur balukar rupa-rupa intrik internal (parebut kakawasaan sadulur), katut éksternal (ancaman musuh ti luar)
Komo Dinasti Utsmani Turki nu jadi puseur nagara Islam sadunya. Pada nongtoyong ti ditu ti dieu. Pangpangna ku konspirasi internasional, nu teu hayang nyeueung “Khilafah Islamiyah” ilubiung dina pakumbuhan dunya modéren. Pangpangna jadi hahalang badag pikeun Zionis Internasional dina ngamilik Paléstina. Parakekentong Zionis diguguluan ku Baron Rostchild, kungsi ngadatangan Sultan Abdul Hamid II (1876 - 1909), sangkan daék mikeun tanah Paléstina. Digantian ku bantuan mangmayarkeun hutang-hutang Turki, modérenisasi parabot perang jsb. Ku Sultan Abdul Hamid II ditolak sapajodogan. Sabab Paléstina lain milik pribadi Sultan katut Dinasti Utsmani. Tapi milik umat Islam sadunya. Mémang enya harita aya dina kakawasaan Utsmani. Tapi ukur administratif wungkul.
Dina widang literatur, kasohor buku petualangan karya pangarang Jérman, Karl May. Manéhna nulis serial Balkan, Kurdistan, Albania, jsb. nu mangrupa wewengkon kakawasaan Turki Utsmani. Eusina ngagogoréng pamaréntahan Utsmani. Karya-karya Karl May ieu dijadikeun salasahiji “paneunggeul” keur ngancurkeun Khilafah Turki.
Nepi ka datang wanci mustari. Turki dilibetkeun kana Perang Dunya I (1914-1918 M). Ngagabung ka Jérman jeung Austria, ngalawan Sekutu (Inggris, Prancis, jeung nagara Éropa séjénna, disokong ku Amérika Serikat). Dalah wewengkon Timur Tengah (Arab) nu diandelkeun ku Turki, bet malégot. Malik ngalawan.
Atuh teu mangga pulia. Turki kabawa éléh. Kakawasaanana dirangsadan. Éropa Wétan jeung Balkan ngamerdékakeun manéh. Timur Tengah direcah ku Inggris jeung Perancis. Téritorial nagara Turki tinggal Anatolia di Asia Kulon, jeung Istanbul nu kaasup Éropa, dipisahkeun ku Selat Bospurus. Puncakna katunggaraan, pamingpin anyar Turki, Mustafa Kémal Pasha Ataturk (Bapa Turki), ngabubarkeun “Khilafah” sakaligus ngamakzulkeun Sultan Abdul Majid II (1922-1924), tina kalungguhan sultan pamungkas Dinasti Utsmani.
Leuwih ti kitu, Mustafa Kémal ngarobah Turki tina hiji dinasti Islami, kana nagara republik sékulér. Kagiatan agama, utamana Islam, disungkeret pisan. Ukur meunang di masjid wungkul. Kitu gé ukur semet salat jeung ngadu’a wungkul. Luar ti dinya dilarang keras. Pakéan gamis, jubah, sorban katut sagala dangdanan nu ngaharib-harib Arab, dilarang deuih. Kaasup “tarbusy” kopéah khas Turki. Kudu diganti ku jas, pantalon jeung topi modél Éropa. Malah kalimah adzan gé diganti ku basa Turki.
Aya hiji ulama nu wani nengtang Mustafa Kémal. Nya éta Syékh Badiuzzaman Said Nursi. Langsung dicerek. Dikerem mangtaun-taun. Tapi karya Said Nursi, tafsir Quran “Risalatun Nur” (Risalah Cahya) bisa sumebar kalawan rerencepan. Jadi sumber ilham sumanget kaislaman rahayat Turki.
Sanggeus Mustafa Kémal maot, dina taun 1958, pamaréntah Turki malikkeun deui adzan kana basa Arab. Réa nu ceurik kagagas, barang ngadéngé éta adzan “asli”. Tapi ari kagiatan Islam di luar salat, saum, haji jeung du’a, ngurebkeun mayit mah, tetep baé diwatesanan. Kudu ngindung kana aturan sékulér nu tetep dipageuhan nepi ka kiwari.***