Bagéa Wilujeng Tepang
Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna
Ngala Emas Di Tatar Sunda
Ku Adjat Sudradjat *)
Lamun aya sésa, geuwat beulikeun kana barang teuas,” kitu kasauran sepuh. Saréréa padauninga anu disebut barang teuas téh utamina emas. Saéstuna kitu pisan, banda tatalang raga. Dina aya karerepet, emas mah teu hésé ngajualna. Kitu deui ngagadékeunana. Salian ti éta, harga emas salilana nérékél. Dina jaman inflasi, pangaji emas ngayonan kénéh, upamana dibandingkeun jeung jasa atawa bagi hasil ti Bank. Éta ogé keur singsaha anu pangalana nyésa. Réréana bisa jadi ieu téh ngan ukur dongéng.
Ti jaman bihari kénéh Nusantara geus kawentar ku emasna. Nepi ka Pulo Sumatera jeung Pulo Jawa harita mah disebutna Swarnadwipa jeung Javadwipa anu pihartieunana nagari emas Kalér jeung Kidul. Di zaman kiwari tétéla emas di nagara urang téh teu saeutik. Produksi emas Nusantara dina taun 2000-an méh nepi ka 60 ton sataun. Ari anu kapendem kénéh, ceuk para-ahli mah nepi ka 1.700 ton.
Di Nusantara aya 15 sabuk emas. Anu pangpanjangna nganteng ti Acéh nepi ka Pulo Wétar di Nusa Tenggara, ngaliwatan Pulo Jawa, Lombok jeung Florés. Sabuk séjénna manjang ti Kalimantan Kulon ka Kalimantan Wétan. Anu di Sulawesi ngagebay ti Sulawesi Kalér ka Sulawesi Kulon. Emas anu kaasup pinunjul sadunya, nyangkarukna di geger Pulo Papua, nya éta di Gumunung Jaya Wijaya. Di dieu aya gunung emas anu disebut Érstbérg. Ngan hanjakal éta gunung téh ayeuna kari liang nu gudawang. Emasna geus limit. Baheulana kungsi ngaluarkeun emas nepi ka 25 ton sataun, pérak 60 ton dina salila leuwih ti 20 taun. Di kaléreunana aya kénéh Grassbérg anu masih diala. Kitu deui di beulah kulon jeung wétan anu disebut Kucing Liar jeung Kubah Wétan. Teu mustahil di palebah dinya téh aya kénéh emas anu ruméngkolna tacan kakolongan.
Emas batu jeung emas walungan
Emas alam aya dua rupa. Kahiji emas walungan atawa emas gegedoh, nya éta bubuk emas anu ngendek di dasar walungan. Kaduana emas batu anu nyungsep dina jero batu. Emas walungan sok disebut emas sekundér. Ieu emas asalna tina emas batu anu kabawa palid lantaran batuna kakurud ku cai hujan. Bubuk emas pagalo jeung keusik atawa koral. Ngalana cukup ku ngeueum jeung ngamodal dulang. Tangtu waé kabulusan bari hasilna teu nyukupan lantaran nu diala ngan bubukna wungkul.
Emas anu kadua nya éta emas batu atawa emas mitembeyan (primér). Dibandingkeun jeung emas walungan, emas batu leuwih mucekil. Tapi ngalana rada mudarat, lantaran emasna nyungsep dina jero batu. Kapaksa kudu momodal mesin pikeun ngaliangan atawa ngorowot batu.
Emas walungan gampang ngalana. Ku sabab kitu ti baheula kénéh loba anu ngala emas di walungan. Tapi dumasar konstitusi, anu miboga emas téh nagara, ku kituna ngala emas kudu dibarengan ku widi ti nu ngageugeuh nagri. Tapi loba anu teu wanoh kana éta aturan. Balukarna ngala emas jiga kitu disebutna pertambangan emas tanpa izin (Peti). Nu ngaralana disebut gurandil. Tapi saenyana dina Undang-Undang No. 4 taun 2009 aya aturanana anu disebut tambang rakyat.
Emas di Tatar Sunda
Emas di Pulo Jawa ngembat mapay-mapay pakidulan, mimiti ti Ujung Kulon nepi ka Banyuwangi. Di pakidulan Banten emas geus diala ti jaman Walanda kénéh nya éta di Cikotok. Ti wewengkon Banten jalur emas téh terus ka Jampang. Ti dinya ka pakidulan Bandung (Soréang), pakidulan Garut, Tasik (Salopa), Ciamis jeung Banjar (Cinéam). Di wewengkon Bogor jalur emas téh ngarancabang aya nu ka kalér ka Cariu (Purwakarta) aya ogé anu ka wewengkon Cianjur.
Jalur emas anu pinunjul ayana di pakidulan Banten, nya éta di Cikotok téa anu mitembeyan diala dina taun 1940. Dina jaman nanjungna, unggal taun ti Cikotok diala emas 230 kilogram, pérak 2 nepi ka 3 ton. Sanggeus 50 taun, emas téh beuki korédas, tungtungna dina taun 1990-an kapaksa lekasan. Dumasar panalungtikan, kapaluruh akar emas téh aya nu mucunghul di Gunung Pongkor, leuwih kurang 32 kilométer kulon-kiduleun Bogor. Ku lantaran kitu, ngala emas téh diteruskeun di Gunung Pongkor. Ayeuna unggal taun ti dieu diala emas leuwih kurang 2,8 ton jeung pérak 40 ton. Nurutkeun itungan cadangan emas anu aya kénéh dina jero taneuh leuwih ti 32 ton jeung pérak leuwih ti 600 ton.
Salian ti di Gunung Pongkor, emas ogé dikoréhan di Cibaliung, kuloneun Cikotok. Di dieu nu diala kakara saeutik, kurang ti 150 kilo dina sataunna. Tapi kawasna cadangan emasna aya kénéh. Nepi ka ayeuna masih ditalungtik.
Dumasar kaayaan géologina, emas jeung pérak téh ngaliudna di wewengkon pakidulan Banten jeung Bogor. Ari sababna lantaran di dieu aya batu gunung anu umurna leuwih kolot ti sakumna batu nu aya di pakidulan Pulo Jawa. Ku kituna, dina jalur emas Pulo Jawa téh ngan di Tatar Sunda beulah Kulon anu emasna pinunjul. Di tempat séjénna kayaning di pakidulan Garut, Tasik, jeung sawatara tempat di Jawa Tengah jeung Jawa Timur emasna moal mucekil.
Batu anu umurna kolot di Banten téh katelahna kubah Bayah anu eusina magma anu geus ngabatu. Ieu magma biangna emas, ari kubah sayangna. Emas tina magma séséléké dina jeroning liang anu bengkah dina kulit kubah. Di dinya ngendek. Kiwari, kulit kubah geus kakurud ku cai hujan (érosi), nepi ka emasna nembrak, buktina di Cikotok (beulah kidul), di Pongkor (wétan) jeung di Cibaliung (kulon). Ku kituna teu mustahil di beulah kalér ogé kuduna mah aya. Ngan sigana wewengkon ieu mah dihancenganan pikeun leuweung geledegan Taman Nasional Gunung Halimun (TNGH) anu ku saréréa kudu diriksa.
Tempat merenahna emas téh wujudna manjang jiga urat (vein). Ngala emasna kudu nuturkeun urat, henteu dikakat atawa dirungkadkeun, cukup ku nyieun torowongan. Barangkalna teu pati ngahunyud. Katurug-turug di Gunung Pongkor mah barangkal téh diéntépkeun di jero liang (cut and fill), jadi teu kungsi diangkut ka luar.
Saperti di tempat séjénna, di Gunung Pongkor ogé teu sepi ti gurandil. Ngaralana emas, biasana lamun geus peuting, ngaraliang ngorowotan lamping. Ukuran liang ngan asup sakujur awak (lubang tikus), kaharti lamun di jero sok aya nu kadempét atawa katindihan batu. Biasana mah lamun teu katulungan, tara ibur, da bisi katohyan. Sanajan kitu, paragurandil teu kapok, sabab ngala emas mah genah ku cus-cosna lalamunan (mining is gambling). Komo cenah cék béja, saméméh bral miang téh kudu nungguan ilapat heula. Wallohu’alam.***
*) Prof. Dr. Ir. Adjat Sudradjat dumuk di Dago Babakan, Bandung. Serélék:asudradjat@yahoo.com