Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Tong Inggis Ku Basa Iggris 94


Proverb

Paribasa (ditarjamahkeun bébas)

Beautiful as mountain from away = Sari gunung. Dilarapkeun ka awéwé anu katempo ti kajauhan siga geulis ari ti kadeukeutan teu geulis teu sing.
Bending without breaking = Ngéléhan lain hartina éléh.
Be slow to promise but quick to perform = Pikir heula bulak-balik lamun rék ngucapkeun jangji, tapi kudu buru-buru lamun nohonan jangji.
Better buy than borrow = Leuwih hadé meuli ti batan nginjeum.
Better do than none = Leuwih hadé baranggawé ti batan nganggur teu puguh.
Better face in danger than be always in fear = Leuwih hadé nyanghareupan bahaya ti batan salilana aya dina kasieun.
Better forgiven than resentment = Leuwih hadé ngahampura ti batan ngunek-ngunek hayang mulangkeun kanyeri.
Better late than never = Mending leuir ti batan mangkir, mending elat ti batan teu datang.
Birds of the same feather flock together = Sosobatan nurutkeun lingkungan hirup kumbuhna séwang-séwangan. Guru sosobatan jeung guru, santri sosobatan jeung santri jsb.
By hook or by crook = Ku cara wijaksana atawa ku cara tipu daya.
By learning to obey we know to command = Ku jalan diajar kumaha carana nurut kana paréntah, urang jadi bisa kumaha carana maréntah.
Despise another, despise yourself = Ngahina batur téh sarua baé jeung ngahina sorangan.
Destroy something is easier than to construct = Ngancurkeun leuwih babari ti batan ngawangun.
Diamond in the mud is always glowed = Inten mah najan dina leutak ogé angger baé teu weléh gugurilapan.
Diamond cuts diamond = Motong inten ku inten deui. Mikat manuk titiran ku manuk titiran deui.
Don’t be overjoyed before you are entirely out of dificulties = Ulah waka suka bungah saméméh anjeun bener-bener lubar atawa lésot tina kasusah.
Don’t wait till tomorrow what you can do today = Ulah didagoankeun nepi ka isukan naon-naon anu bisa dipigawé poé ieu.
Do what you can do now! = Pigawé naon anu ku anjeun bisa dipigawé ayeuna!
Diligence is the way to prosper = Rajin sarta motékar téh jalan kana kauntungan.
Early bird catches the worm = Manuk anu goréjag anu pangheulana ngahakan cacing. anu kuuleun taya kadaék moal kabagéan rejeki. Rejeki atawa kauntungan ngan pikeun anu rajin jeung daékan.
Easy come, easy go = Babari meunangkeun, babari méakkeun. Rejeki anu babari diarahna, babari dibéakkeunana.
Economy is the easy chair of old age = Bibilintik ti leuleutik, geus gedé ngan kari maké.
Empty vessels make most sound = Lodong kosong ngalentrung.
Enough is as good as a feast = Basajan leuwih hadé ti batan kaleuleuwihi.
Every cloud has a silver lining = Sabot ngarandapan kasusah sok aya ngolébat sinar kabungah.
Every person is the maker of his own destiny = Hadé goréng milik saban jalma dijieun ku dirina séwang-séwangan.
Fire is a good servant but a bad a master = Seuneu, leutik bisa jadi sobat, gedé bisa jadi musibah.
Friends are many while the pocket is full = Réa duit (komo bari royal) réa sobat.
Full coin, full point = Réa duit réa bibit berewit.
Great things have small beginnings = Hasil karya anu rohaka dimimitian mah ku migawé anu teu pira heula. Ngawangun hotél anu nya megah nya méwah, upamana, mimitina mah masang batu cikal heula.