Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Nguatan Jiwa Wirausaha


Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)

Sikap mental wiraswasta bisa ngarobah pikiran sikep miskin jadi sikep mikir maju. Jalma nu cara mikirna miskin bakal angger aya dina panalikung kamiskinan. Ari jalma nu ngabiasakeun mikirna hayang maju, hirupna gé bakal waluya. Lantaran, karep usahana gé bakal dibarung ku kasuhudan.
Gambaran idéal kapamingpinan wiraswasta mah némbongkeun sikep nu najan dina kaayaan kumaha waé bakal mampuh nulungan dirina sorangan. Bisa ka luar tina bangbaluh nu nalikung dirina. Hartina, jiwa wirausaha mah, bakal loba akal dina ngungkulan rupa-rupa pasualan jeung bangbaluh.
Jiwa wirausaha boga kayakinan husus kana duit. Duit mah ngan bakal satia upama dijadikeun palayan. Tapi, duit bakal kacida ngabahayakeunana upama dijadikeun dunungan. Sagala hasil usaha bakal gumantung kana kasadianana korban, rajin, jeung daék itikurih najan kudu riweuh nyanghareupan pagawéan. Lantaran, hirup téh digawé, digawé téh bajuang, bajuang téh mikanyaah, jeung mikanyaah téh hartina daék korban; daék korban téh hirup, hirup téh martabat gawé saméméh maot.
Aya nu nyebutkeun, kamampuh pangrohakana nu kapimilik ku sakumna jalma nu geus ngahontal kamajuan lir numpak angin topan jeung nyanghareupan gelebugna angin. Jalma nu héngkér bakal hésé rék suksésna, jeung bakal angger aya dina dampal suku gunung préstasi. Ari nu dumuk di puncak mah tiiseun, lantaran kacida saeutikna nu nepi ka lebah dinya mah.
Geusan metik hasilna ngala buahna tina nu dipikawanoh, sakuduna urang ngalaksanakeunana kalayan tarékah satékah polah dibarung ku kadariaan. Keur ngahontal nu kawas kitu, mémang urang kudu boga ugeran jeung tatapakan nu écés tur témbrés nu nété tarajé nincak hambalan. Urang sakuduna wanoh kana naon-naon nu dipikarep jeung dipikahayang ku urang, apal di mana tempat ngahontalna, apal kumaha carana bisa ngahontal nu kawas kitu, jeung apal iraha nu dipikahayang bisa kahontal.
Sumber daya kapamingpinan wiraswasta, lian ti napel kana jiwana, ogé dina kawaspadaan méntal nu dibutuhkeun. Kitu téh, keur ngahontal sagala rupa kasempetan. Naon waé nu baris nguntungkeun dirina, bakal écés nepi ka teu hangham dina ngudag jeung ngahontalna.
Méntal wirausaha, mémang kudu ‘ngawaja’. Kudu kuat nahan rupa-rupa bangbaluh hirup. Hartina, teu gampang serah bongkokan sadayadaya. Malah, sabalikna tangtangan téh jadi tanaga keur ngagedurkeun sumanget anyar.
Mun diibaratkeun kana langlayangan, apan jinek, bisa sotéh ngapung ngawang-ngawang lantaran nangtang angin lain kokoléaban nuturkeun jeung kabawa angin. Nya dina kaayaan kitu, bakal ngalaman rupa-rupa pasipatan angin boh nu matak panas boh nu matak seger.
Agen-angen kapamingpinan wirausaha, nulungan diri sorangan tur ngamajukeun lingkungan, numuwuhkeun pasipatan kapangéranan nu soléh salaku manusa urusan Illahi, waspada ngahontal kasempetan, ogé salawasna nyiptakeun hal-hal anu anyar.
Sagala nu éndah jeung nikmat dina hirup, payus karasa ku sakumna jalma, kalayan payus diusahakeun pikeun ngahontalna. Nu kawas kitu téh, mémang jalan wiraswasta najan modalna téh ‘katugenahan’.
Upama wiraswasta jadi pilihan. Tékad gé kudu kitu. Dr. Suparman Sumahamijaya (1981), nandeskeun tékad jeung ucap wirausahaan. “Kuring mémang geus gilig milih wiraswasta minangka tugas hirup kuring geusan ngawujudkeun ngamajukeun lingkungan. Bajuang geusan mastikeun angen-angen kawas kitu jadi kanyataan!” Tah, kekecapan kitu kudu jadi pamatri karep dina haté sanubari pikeun ngalaksanakeun wiraswasta.***
(Hanca)

*)  Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan