Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Gapura 94


Bukti Nyaah ka Sasama
Ku Dudi Santosa

Dina basa naon waé nu disebut pamingpin mah, kagambar dina kekecapanana. Saperti dina basa malayu, apan di antarana téh aya kecap ‘ketua’. Tangtu wé, éta téh, mun di Sunda mah méh saharti jeung nu dipikolot.
Di urang, di Sunda, keur nyebut pamingpin téh, di antarana ku sesebutan ‘pupuhu’. Di dinya gé écés, éta kecap téh nuduhkeun mun dina dahan mah bagian nu ‘panggedéna’, pangkuatna.
Sesebutan kitu, tangtu wé, lain ukur lalambé. Gelar nu disandikeun ka jelema, nu dipiharep deuih paripolah jeung ketakna gé kitu, némbongkeun kapunjulna upama dibandingkeun jeung jalma réa. Komo jeung somah atawa rahayat mah.
Upama somah atawa rahayat murba miharep pisan kanyaah ketua, pamingpin, pupuhu, jeung naon waé sebutanana nu ngagambarkeun ‘pamuka’ masarakat, mémang pantes kacida. Kitu téh, lantaran ‘pancén’ nu mingpin téh nalingakeun nu dipingpinna.
Ngan, kumaha kanyataanana? Nu écés, saperti kekecapan Lord Acton, nu boga kakawasaan téh teu weléh nyalahgunakeun kakawasaanana. Atuh, leuwih gedé kakawasaanana, antukna mah, matak leuwih gedé mamalana keur balaréa!
Pamingpin nu hadé, tangtu wé, nu ngaraharjakeun masarakatna. Mémang, pancén pamingpin téh loba kacida. Mun ceuk ki dalang mah, saperti nu kagambar dina kekecapan subur mamur gemah ripah sepi paling towong rampog. Hartina, lian ti cukup kabutuh pangan jeung sandang téh, deuih matak ningtrimkeun, lantaran pangaruh pamingpin téa bisa ngadalikeun hamba-hamba hukum nepi ka ahirna ngabuahkeun hasil katingtriman.
Jengléngan pamingpin, mémang kacida pentingna. Da, nangtukeun kahirupan balaréa. Malah, dina babasan Cina mah, apan aya kekecapan “Sakumpulan embé nu dipingpin ku singa bakal leuwih hadé batan sakumpulan singa nu dipingpin ku embé!” Hartina, deui-deui pamingpin téh kacida nangtukeunana dina kahirupan masarakat nu dipingpinna. Malah, nya ahirna, maju mundur jeung bagja-cilakana nu dipingpin bakal gedé gumantungna ka pamingpinna.
Najan kitu, najan saha waé butuh pamingpin nu écés ketak jeung paripolahna, kalungguhan masing-masing warga atawa masarakat gé kacida pentingna. Enya téa mah, butuh pamingpin nu hadé, tapi tetep urang jeung urang gé kudu leuwih silipikanyaah. Komo deui di urang mah apan aya kekecapan silih asah, silih asih, silih asuh!
Papatah karuhun kitu, perlu bukti, lain ukur dina lalambé. Nya tangtu, dina larapna mah luyu jeung kalungguhan, ogé kamampuh séwang-séwangan. Nu dipikabutuh ti pamingpin keur rayatna minangka tanda kanyaah ka somahna, pangpangna mah nu patali jeung kawijakan. Da, sagala urusan nu patali jeung kabutuh balaréa, huluwotanna mah tina kawijakan pamaréntah nu dikaluarkeun ku parapamingpinna.
Nyaah henteuna pamingpin, nembrak naker. Kari ngimeutan wé. Nu kasaksén, dina kahirupan sapopoé, saperti nu patali jeung nyumponan pangan, apan bakal kacida gampang kabandunganana. Naha enya pamingpin téh mikanyaah rahayatna, atawa ngan demi kauntungan pihakna jeung golonganana?
Kamajuan ékonomi, keur masarakat mah teu sing lahuta. Mun dagang, cukup bisa dagang, kalayan aya tempat nu merenah keur dagangna. Nu kabagian dina widang produksi, babari ngusahakeun produksina sangkan tetep nguntungkeun. Atuh, nu kuli, bisa meunang buruhan lain ukur bati ripuh.
Pamingpin, kudu nganggap masarakat téh kulawargana. Ku kituna, sawadina, henteu mikeun mun rahayatna loba kénéh nu katalangsara. Moal sugema mun bubutuh hirup kudu nguyang ka batur atawa nagri deungeun. Jeung, nu kacida pentingna, apan butuh martabat!
Tapi, mun nyumponan pangabutuh sorangan kudu nguyang ka batur, di mana atuh martabat bangsa? Mun kajadianana tetep kitu, tangtuna ogé ukur wasa ngusap dada. Kawas ceuk Kahlil Gibran, “Deudeuh teuing hiji bangsa nu dibaju lain tina tinunan beunangna, nu ngadahar roti lain tina gandum hasil panénna, nu nginum anggur lain tina hasil peresanana.” ***