Ku Karno Kartadibrata *)
Sakeudeung deui taun 2014 cunduk tur Pilprés 2014 - 2019
bakal diayakeun. Atuh pamaréntahan SBY
ogé bakal marén. Naon hasilna? Teu acan aya nu munel, komo deui karasa
mangpaatna ku rahayat balaréa. Bisa jadi pamaréntah ngagulkeun angka tumuwuhna
ékonomi 6,8 % minangka hasil pangwangunan nu mucekil. Kitu deui meureun bisa
disebut préstasi, pamaréntahan kaitung stabil, buktina kabinét henteu “jatuh
bangun”. Minangka catetan, ti saprak taun 1998, apan ngan Présidén SBY nu
mampuh mingpin nagara jeung pamaréntahan salila dua kali jabatan.
Tapi, tétéla angka tumuwuhna ékonomi nu luhur teu nyambung
geuning jeung karaharjaan rahayat. Coba waé, lahan pagawéan apan teu nyampak,
buktina TKW kulayaban ka mancanagara. Kitu deui pangabutuh dasar saperti
perumahan pohara teu nyukupanana. Conto nyata, iklan perumahan méwah sakitu
ceuyahna dina tv, tapi mana program pamaréntah nyadiakeun perumahan murah keur
rahayat? Atuh, katahanan pangan ogé, upamana swasembada béas, teu kahontal,
sanajan ari rahayat nepi ka kalaparan mah, saperti di Koréa Utara mémang henteu
kungsi kajadian. Satuluyna katahanan énerji ogé teu puguh tahapanana, buktina
supsidi BBM angger waé matak nyekék anggaran nagara.
Korupsi
Korupsi ogé angger mahabu. Lebah dieu mémang lain saukur
kahéngkér pamaréntahan ayeuna, ku lantaran geus kajadian ti pamaréntahan
saméméhna. Ngan nu matak codéka, parakader partéy Démokrat minangka partéy
pamaréntah milu ogé kana polah korupsi. Sasatna ari kitu mah taya onjoyna atuh
dibandingkeun jeung partéy séjénna. Masing kumaha waé ogé, pingpinan partéy
Démokrat piraku teu neundeun curiga kana polah kader partéyna nu korupsi, tapi
ku naon atuh henteu dipahing ti awalna kénéh? Upamana waé Anas Urbaningrum,
minangka Ketua Umum Partéy Démokrat, tangtuna apal kana polah Nazarudin, kitu
deui SBY, minangka Ketua Pembina Partéy Démokrat, piraku teu meunang laporan
ngeunaan polah kaderna. Tapi ku naon atuh Nazarudin diangkat jadi bendahara partéy?
Lian ti kitu, Présidén SBY ogé teu némbongkeun prakarsa
aktip nyegah korupsi di pamaréntahan. Buktina, Présidén SBY saukur “menghimbau”
supaya para menteri ulah midua kasatianana antara nyumponan pancén nagara jeung
pancénna minangka pangurus partéy pulitik. Tapi, nepi ka ayeuna, angger waé
geuning paramenteri nu polahna kitu téh diantep henteu diwarah? Atuh Présidén
ku anjeun ku naon henteu méré conto, ngundurkeun diri ti partéy pulitik supaya
bisa namplokkeun pamaliréna kana pancén pamaréntahan jeung kanagaraan? Padahal,
Busyro Muqodas, minangka salasaurang Ketua KPK, apan kungsi togmol ngusulkeun
supaya Présidén SBY méré conto ngécagkeun kalungguhanana di partéy pulitik.
Tapi, lebeng nepi ka ayeuna, can aya jawabanana ti Présidén SBY kana usulan
Busyro Muqodas bieu.
Konflik sosial
Indonésia padamuji pédah bisa répéh-rapih sanajan bangsana
sakitu pluralna (diwangun ku rupa-rupa étnis, agama, jeung ras). Éta téh bisa
lumangsung ku lantaran parapamingpin bangsa urang geus sapuk nyekel pageuh
Pancasila, minangka dasar nagara sarta sawangan hirup bangsa Indonésia sakumna.
Tapi, hal nu matak pujieun kitu téh ayeuna mimiti rengat tur marékplékan.
Contona, kajadian di Cikeusik, Banten, sababaraha taun ka tukang, kitu deui
kajadian di Sampang, Madura, sababaraha bulan ka tukang.
Nu matak hanjakal, kajadian konflik sosial nu kahudang ku
béda paham kaagamaan téh can bisa diréngsékeun waé. Malah pamaréntah kawas nu
ngantep, atawa masalahna disalénggorkeun kana hal séjén. Upamana waé kajadian
di Sampang, saukur disebutkeun “masalah kulawarga” nu sasatna ngapilainkeun
béda paham kaagamaan nu tumuwuh dina tanggapan masarakat ngeunaan paham Suni
jeung Syiah. Atuh nu leuwih parna, hukum teu mampuh ditanjeurkeun, nu akibatna
kajadian saperti kitu bisa kajadian deui di mangsa nu bakal datang. Sasatna
konflik henteu dianggeuskeun nepi ka dasar masalahna, tapi diantep angger dina
kaayaan “tiis-tiis jahé”.
Kitu deui konflik sosial nu dibalukarkeun ku masalah tanah
jeung sajabana. Can témbong tarékah pamaréntah nu sipatna gembleng
(komprehensip) pikeun ngaréngsékeunana.
Jelas, kahéngkér pamaréntahan ayeuna, di antarana, balukar
henteu anggeusna pangwangunan dina widang pulitik. Sanajan sistem pamaréntahan
kasebut présidénsial, tapi teu nyambung jeung kahirupan partéy pulitik nu
sasatna multi partéy. Kahirupan multi partéy apan leuwih nyambung jeung sistem
pamaréntahan parleméntér. Hal nu “rancu” saperti kitu ngalantarankeun teu
kahontalna pamaréntahan nu kuat, minangka pasaratan utama pamaréntahan nu
démokratis.
Tangtu waé, hal saperti kitu teu bisa diteumbleuhkeun ka
pamaréntah wungkul, ku lantaran mangrupa tanggung jawab DPR ogé nu sarua boga
pancén ngawangun kahirupan pulitik nu luyu jeung amanat konstitusi. Sanajan
kitu, pamaréntah sabenerna boga kawajiban utama pikeun ngayakeun torobosan
pulitik, upamana waé ngabasajankeun jumlah partéy pulitik. Mémang, pamaréntah
geus ngayakeun koalisi partéy pulitik, sababaraha partéy pulitik saperti
Golkar, PAN, PKB, PKS, jeung nu séjénna, diajak ngagabung jeung Partéy
Démokrat. Tapi, hanjakal tarékah bieu téh gaplah alias gagal total. Partéy
Démokrat tétéla teu mampuh ngajak partéy pulitik séjénna nu ngagabung dina
koalisi, sabilulungan ngeunaan masalah-masalah nu dianggap penting saperti
pentingna naékkeun harga BBM jeung isu strategis séjénna.
Palajaran keur Pilprés 2014
Présidén SBY mémang geus hasil ngarawat kakawasaan nu geus
kahontal ku dirina nepi ka dua kali mangsa jabatan. Hal kieu nya bisa waé
dianggap mangrupa préstasi. Tapi, naon sumbangan nu nyata tina sapuluh taun kakawasaanana pikeun karaharjaan
rahayat sakumna?
Tina sababaraha kahéngkér pamaréntahan SBY saperti nu geus
ditataan, témbong réa masalah nu teu anggeus, malah saukur jadi momotan masalah
pikeun pamaréntahan satuluyna. Dalah di kumaha, Présidén SBY leuwih remen
ngabalicet tina masalah, lain tarung anggeus-anggeusan ngaréngsékeun masalah,
bari jeung wani narima résiko, saperti pamingpin gedé nu neundeun tapak dina
sajarah. Ana kitu, rapor pamaréntahan SBY, hésé dibantahna, kaasup teu
nyugemakeun. Ieu mangrupa palajaran penting pikeun urang saréréa nu bakal milih
présidén nu bakal datang.***