Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)
Wirasusaha lain kagiatan nu ujug-ujug. Tapi, ngaliwatan
tahapan-tahapan nu nété tarajé nincak hambalan. Modél mitembeyan mekarkeun
wirausaha digambarkeun ku Bygrave jadi léngkah-léngkah, Innovation
(Inovasi), Triggering Event (Pemicu),Implementasi (Pelaksanaan), jeung Growth (Pertumbuhan).
Nu ditataan bieu, urang pedar hiji-hiji, najan sabéngbatan.
Kahiji, inovasi nu asalna tina diri pribadi bakal jadi pangjurung kana
ngamimitian mekarkeun usaha. Ari paktor-paktor environment atawa lingkungan nu
ngajurung inovasi téh, ayana lolongkrang
( peluang), pangalaman, jeung karancagéan.
Kadua, nu maksa manusa boga pangjurung atawa Triggering téh
di antarana, lantaran kateusugemaan kana pagawéan nu keur disanghareupan
kiwari. Ku kituna, éta pribadi jelma téh bakal néangan tarékah séjén sangkan
kahirupanana leuwih hadé. Lian ti éta, bisa jadi lantaran eureun atawa
dieureunkeun tina pagawéan (PHK), nepi ka teu aya pakasaban séjén. Sabab
lianna, bisa lantaran paktor umur, kawani nyorang rasiko, jeung patékadan nu
kuat kana karepna ancrub dina widang bisnis.
Nu ngalantarankeun munculna karep usaha ogé, lantaran ayana
saéngan bisnis, nyampakna sumber-sumber usaha nu bisa dimangpaatkeun, saperti
boga tabungan modal, warisan, ngabogaan wawangunan di tempat nu merenah
(strategis), jeung sajabana.
Milu kana latihan-latihan atawa Incubator bisnis ogé bisa
jadi nyumangetan kana wirausaha. Lantaran di dinya bakal meunang pangalaman nu
bisa dilarapkeun dina dunya usaha.
Kiwari loba kursus-kursus bisnis jeung lembaga ménéjemen
fakultas ékonomi nu ngalaksanakeun palatihan jeung inkubator bisnis.
Kitu deui kawijakan pamaréntah, bisa ngarojong tumuwuhna
wirausaha. Upamana, pihak pamaréntah méré lolongkrang nu raket patalina jeung
upaya mekarkeun wirausaha, upamana sadiana pasilitas kiridit jeung bimbingan
usaha nu dilaksanakeun ku pihak Departemén Tenaga Kerja (Depnaker).
Lian ti nu ditataan di luhur, aya ogé paktor sosiologis nu
bisa numuwuhkeun karep wirausaha. Kitu téh, lantaran ayana hubungan-hubungan
manusa jeung manusa. Ayana tim nu bisa diajak babarengan usaha, ogé ayana
pangjurung kolot pikeun muka lawang usaha.
Katilu, satutas jinek karep usaha, léngkah saterusna mah
palaksanaanana. Sababaraha hal nu ngarojong palaksanaan bisnis, lantaran mémang
geus aya wirausaha nu siap méntal dina ngalaksanakeun bisnis. Nya tangtu wé,
dina kasiapan ogé rupa-rupa, aya nu siap méntal sacara gembleng dina
ngalaksanakeun bisnis; ayana ménéjer nu ngalaksnakeun bisnisna, ayana kasiapan
tékad nu jinek (komitmen) dina ngalaksanakeun bisnis, jeung ayana visi jauh ka
hareup geusan ngahontal kasuksésan.
Kaopat, prosés kamekaran. Mekarna usaha dirojong ku faktor
organisasi, di antarana ayana tim nu sauyunan (kompak) dina ngalaksanakeun
usaha, nepi ka rarancang jeung palaksaanana bisa dilaksanakeun sahadé-hadéna.
Lian ti éta, ayana strategi nu jinek minangka buah tina kakompakan téa. ***
(Hanca)
*) Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan