Ku Adjat Sudradjat *)
Jaman ayeuna balaréa geus loma kana gambar jagat panoongan
tina satelit. Baheula mah gambar modél kitu téh kaasup rusiah anu disumputkeun
pangrikipna. Sababna, lantaran ieu téh salasahiji pakarang pikeun ngintip
musuh. Kaayaan alam jeung padumukan musuh baris kakolongan tina gambar satelit.
Komo sanggeus manusa nyieun gambar ku meulah cahaya jadi mangpirang-pirang
rupa. Teu béda ti katumbiri di langit. Unggal rupa dicirian aya kana 64
undakna. Dina rék dicitak jadi gambar, unggal rupa katut undakna
diadumaniskeun, nepi ka katimu nu pangcékasna. Kodak anu camperenik jaman
kiwari kabéh maké téknologi sarupa kitu, anu disebut dijital téa.
Ku jalan meulah cahaya, méh sagala rupa nu kumelip di alam
dunya baris katoong tina satelit. Gunung, walungan, tatangkalan, jalan, mobil,
cindekna sagala bakal nembrak dina gambar satelit. Sigana ngan bulu tuur anu
teu katingal téh. Ayeuna méh sakuliah dunya beunang disebutkeun bulistir. Komo
sanggeus éta gambar-gambar téh diuar-uar dina internét.
Éléktromagnét
Dina kaayaan walurat, manusa sok réa akalna. Kitu deui basa
jaman perang dunya kadua. Manusa merih sangkan kapal terbang musuh bisa
katangén saméméh nepi. Ku jalan masang lamat di jomantara, naon baé nu ngaliwat
ka dinya bakal katohyan lantaran ngoyagkeun benang lamat. Ieu anu disebut radar
téa. Cenah ieu téknologi téh saenyana nyonto ciciptaan Alloh SWT anu nyangkaruk
dina lalay. Sanajan hiber di nu mongkléng ogé, lalay mah tara teuteunggar.
Saterusna katalungtik yén lalay téh ngaluarkeun sinyal éléktromagnét anu baris
ngoyagkeun sarafna lamun sinyal neumbrag naon baé sarupaning barang di
hareupeunana. Ieu sinyal disebutna ombak éléktromagnét.
Ti dinya kapalaruh yén di alam dunya téh ranteng benang
éléktromagnét, tapi anu katangén ku manusa ngan anu panjang sinyalna antara
0,38 nepi ka 0,72 mikron (hiji mikron = sapersaréwu milliméter). Ieu sinyal
bisa ngoyagkeun saraf panon urang, nya éta anu ku urang disebut cahaya. Sinyal
éléktromagnét anu leuwih pondok disebutna ungu ultra (ultra violet, UV) ari nu
panjang disebutna beureum infra (infra red, IR). Ieu sinyal téh kakara katangar
lamun urang maké pakakas sajabaning kodak jeung radio. Dina palebah dieu sok
aya nu ngaleuleuwihi. Cenah aya jalma pinter anu teu kudu maké pakakas ogé bisa
nalingakeun éta sinyal. Cindekna anu teu kareungeuh ku batur ku manéhna mah
katingal. Kitu deui anu teu kadéngé ku batur ku manéhna mah kadangu. Palebah
dieu élmu pangaweruh teu ngabibisani, sabab seukeutna saraf panon jeung saraf
ceuli saban jalma bisa jadi baréda. Komo lamun tigin diasahna.
Tina kodak kaarah potrétna anu jadi hancengan panon. Ari
tina radio kaluar sora pikeun dangueun ceuli. Lantaran bahanna mah sarua nya
éta sinyal éléktromagnét, duanana bisa dikantétkeun, nya jadi televisi téa. Ka
béhdieunakeun diropéa deui jadi barang anu bisa dikeukeupeul ku urang anu
disebut hapé (hand phone) téa.
Satelit
Baheula motrétan wewengkon musuh téh maké kapal terbang.
Upamana, dina jaman Jepang, sok aya kapal Walanda anu nyulusup ti Ustrali ka
Batawi tuluy motrétan markas jeung instalasi militér Jepang. Komo anu ka
Ambarawa mah ngahajakeun motrétan pangbérokan urang Walanda, lantaran
maranéhanana nyahoeun yén Jepang téh ngumpulkeun kabéh tawanan awéwé di
Ambarawa. Tangtu waé kapal terbang modél kitu gampang katohyan musuh. Ku
lantaran kitu sanggeus perang dunya lekasan, tur diganti ku mumusuhan “dua buta
térong”, sili-intip téh maké pesawat terbang anu hiberna luhur pisan, anu
disebut pesawat U-2. Sanajan méh nyundul langit, ari potrétna mah cékas
lantaran maké téknologi dijital téa. Lila-lila pesawat U-2 ogé bisa diberik ku
pesawat musuh. Tungtungna sangkan teu kaberik, ieu dua buta térong téh
babalapan paluhur-luhur hiber. Dina perkara ieu salasahiji pinunjul ku bisa
nyieun sputnik. Buta nu hiji deui tangtu waé karérab. Kabeneran basa ngabuburak
Jérman dina perang dunya kadua, urang Jérman anu palinter buru-buru diampihan.
Aya saurang anu kawentar anu ngaranna von Braun. Nya ieu jalma anu diperih sina
nyieun rokét. Ari rokét téh tutumpakan pikeun ngagandong satelit ka jomantara.
Paramitra tangtos uninga perkawis perang bintang téa.
Tina satelit éta dua buta teu reureuh sili-intip ku jalan
motrétan wewengkon musuh jeung korawana. Bangsa anu lian mah ngan ngalalajoan,
sanajan satelit pasuliwer luhureun suhunanana tur bari motrétan lemah caina.
Rék diberik teu kaudag da hésé ngahontalna, nya kapaksa ngan gegelendeng.
Lila-lila ku lantaran satelit téh bisa dimangpaatkeun pikeun komunikasi,
kapikir ku maranéhanana yén satelit téh piduiteun. Tungtungna dibalantikkeun.
Singsaha waé bisa ngéngkén satelit, kaasup bangsa urang ngéngkén Palapa téa.
Ayeuna mah nelepon ka suklakna ka siklukna ogé bisa lantaran sinyal
éléktromagnét ditojokeun kana satelit. Ti dinya éta sinyal malik deui ka dunya,
tuluy dibagikeun maké pangulang
(repeater).
Gambar satelit Tatar Sunda
Lain waé satelit komunikasi anu diduitkeun téh, potrét ogé
ayeuna mah didagangkeun. Wewengkon mana waé aya, kaasup tatar Sunda. Baheula
mah kudu meuli, tapi lila-lila gambar anu geus heubeul diobral sarta bisa diala
tina internét, sanajan tetep waé teu meunang didagangkeun ku nu ngalana. Sok
rajeun satelit téh motrét kajadian anu anéh, saperti upamana bituna Gunung
Merapi di Jawa Tengah. Pikeun panglaris, biasana potrét modél kitu mah harita kénéh
dicai-atahkeun, alias gratis cukup ku nyebut ngaran anu motrétna.
Gambar satelit tatar Sunda écés mintonkeun gunung anu
ngariung dina geger tatar Sunda. Di tengah-tengahna aya léngkob Kota Bandung.
Di pakidulan ngajajar gunung anu ngémploh héjo, kasimbutan tangkal entéh.
Beulah kalér katingal Gunung Tangkuban Parahu anu manjang. Di lamping kidulna
ngendat gurat anu katelah Patahan Lémbang téa. Di lamping kalérna ngampar
tatangkalan entéh jeung pasawahan Subang-Pamanukan. Kaharti lamun tatar Sunda
gemah ripah téh, lantaran séké cai anu aya di congcot gunung ditandéan ku
pasawahan anu mayakpak dina lampingna. Komo lamun ieu cai téh diawét-awét,
disimpen dina tandon siga bendungan Jatiluhur, Cirata, jeung Saguling. Ti dinya
kakara dijeujeuhkeun pikeun karaharjaan parapatani, salian ti muterkeun mesin
listrik. Lamun lahanna lega mah saenyana masih loba wewengkon anu manjing
pikeun bendungan saperti kitu. Ngan hanjakal ayeuna mah padumukna patétéép nepi
ka hésé néangan lahan.
Walungan Citarum anu ngembat di tengah-tengah, éta baheula
jadi ciri tapel wates Karajaan Sunda jeung Galuh. Dina gambar satelit atra
pisan katingali katut tilu bendungan anu ngajajar ti Saguling nepi ka
Jatiluhur. Kacida pikareueuseunana lantaran ieu walungan dimangpaatkeun ti
girang nepi ka hilir. Di Nusantara teu loba walungan anu dibendungna sababaraha
kali modél kitu. Lamun ditilik-tilik ieu walungan téh muarana méngkol ka
kulonkeun siga anu mayungan Léngkob Jakarta. Tangtu waé pikainggiseun bisi
lila-lila laut palebah léngkob ngadéétan, tur kapal teu bisa balabuh. Cenah
puseur dayeuh Karajaan Majapahit, Trowulan anu kiwari jauh mela-melu ti
basisir, baheulana mah labuan tempat ngariungna armada laut anu ngeréh
sajagating Nusantara. Wallohu’alam.***
*) Nu nulis ahli géologi, dumuk di Dago Babakan, Kota
Bandung. Serélék: asudradjat@yahoo.com