Ku Dudi Santosa
Béda cai béda tampian. Kitu ceuk paribasa gé. Kurang leuwih,
hartina téh, masing-masing jalma atawa kolompok jalma boga ciri mandiri atawa
adat-pangadatan séwang-séwangan.
Warna-warni kahirupan kawas kitu, upama larapna dina
ékonomi, bakal kacida gedé mangpaatna. Lantaran hiji pihak jeung pihak séjénna,
bakal sililengkepan. Hartina, bisa silicumponan pangabutuh. Nya dina kaayaan
kitu roda ékonomi bakal tuluy-tuluyan muter.
Nyaritakeun ékonomi, moal henteu bakal tetep neueul kana
séktor produksi. Hartina ogé bakal ngandelkeun kabeungharan atawa kaayaan alam.
Tatar Sunda upluk-aplak, ngalantarankeun ogé ngahasilkeun
rupa-rupa hasil bumi. Hartina, upama dikokolakeun kalayan daria, ogé dumasar
kana kaunggulan daérah séwang-séwangan, hasilna bakal karasa ku balaréa,
mangpaat keur jalma réa.
Ngan, kumaha buktina ayeuna? Bisa kasaksén, ti waktu ka
waktu, dina nyumponan kabutuh pangan gé remen kénéh ngandelkeun ti mancanagara.
Mémang, kitu téh, bisa jadi tarékah teunggeul deukeut, lantaran perkara kabutuh
pangan mah tara beunang dipersabenan. Tapi, mun haben ngungkulan bangbaluh
pangan ku cara kawas kitu, antukna angger bakal kacida gumantungna ka
deungeun-deungeun. Padahal, harega diri bangsa di antarana téh lantaran
kamandirianana, pangpangna mah dina sual pangan.
Salila ieu, matéahkeun widang tatanén, ngandelkeun pisan
masarakat. Padahal, sawadina urusan pangan téh, teu ngan ukur diteumbleuhkeun
ka masarakat. Komo deui, upama tarékah masarakat ngokolahkeun tatanén ogé
dipaké kauntungan pihak-pihak séjén.
Kiwari, mémang lain sakadar béja, upama sual binih pepelakan, sual gemuk, jeung cara
masarkeun hasil tatanén, loba rambat-kamaléna. Pamustunganana, lantaran loba nu
hayang milu untung ti patani, nu kabagéan ripuhna mah angger wé patani.
Kahirupan patani, mémang beuki dieu beuki ripuh. Buktina,
loba nu kapaksa ngajual lahan geusan dipaké kapentingan séjén. Teu jarang para
nonoman urang lembur ngurihit ka kolotna meuli kandaraan saperti motor, kajeun
ngajual tanah atawa sawah demi bisa ‘ngojég’. Hartina, usaha tina ngandelkeun
ngolah lahan turun pamor, nepi ka dianggap ‘teu ngajangjikeun’.
Masalah tatanén, mémang lir katindih ku kari-kari. Lian ti
loba teuing nu milu ngamangpaatkeunana, ogé kawijakan pamaréntah nu teu jinek.
Apan, kasaksén saban waktu lahan keur tatanén gé haben ngurangan, robah rupa
jadi tempat pamukiman, pakantoran, pabrik jeung sajabana. Alesanana, mémang
rupa-rupa, kaasup butuh lahan keur pamukiman padumuk nu terus nambahan.
Mémang kaharti, upama saha waé gé butuh tempat dumuk anu
merenah. Hartina, butuh imah. Ka dituna, butuh lahan keur piimaheun. Tapi, dina
ngurus padumukan warga gé, deui-deui pamaréntah teu jinek. Contona, dina
lahan-lahan tatanén nu aya di pakotaan, jlug-jleg wawangunan nu sabenerna mah,
lain keur nu kacida butuhna ku imah, lantaran nu diadegkeunana gé sakelas
apartemén!
Mémérés sual kabutuh pangan, mémang butuh rarancang nu
gembleng ti mimiti sungapanana nepi ka hilirna. Ti mimiti kawijakan pamaréntah
nepi ka nu ngalaksanakeun éta kawijakan. Kaasup deuih ngabasmi ‘rorongona’ nu
ngahihileudan masalah pangan.
Mun nanya saha nu kudu nalingakeun sual tatanén, nya tangtu
wé pihak-pihak nu boga kawijakan téa. Cindekna mah pihak pamaréntah boh puseur
boh daérah. Di dieu perelu kanyaah nu bener-bener jujur, butuh nu bener-bener
nyaah ka rahayat lain lantaran kapentingan pulitik.
Dina ngawangun daérah, kiwari mah, apan jinek gék-gékanana.
Kamajuan daérah gé teu ngan ukur kudu neumbleuhkeun ka pamaréntah puseur.
Lantaran otonomi daérah téa. Hartina, masing-masing bupati atawa walikota bisa
ngurus ngatur daérahna kaasup nu patali jeung sual tatanén.***