Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Banjir Jakarta

Ku Adjat Sudradjat *)

(SundaMidang 100 Kaca 14)

Saréréa geus pada-uninga yén Jakarta téh saban taun kabanjiran. Ngan dina taun ieu, karaosna rada mokaha. Éta waé Jalan Thamrin anu ngabulungbung di tengah kota, nepi ka kakeueum. Kitu deui istana. Ceuk téori, istana mah moal nepi ka kabanjiran, lantaran Walanda geus mendet cai anu bakal ka dinya ku pintu Manggarai. Cai dikamalirkeun ka wahangan Mookervaart, anu terusna ka Cisadané di Tangerang. Sigana taun ieu mah hujanna rada ngagebrét, cenah ceuk ahlina mah lantaran aya badéy tropis di Samudera Hindia.
Nurutkeun catetan, ti jaman Purnawarman kénéh kira-kira 1700 taun ka tukang, wewengkon Jakarta téh geus loma kana banjir. Dina batu lingga anu ditulis jaman harita, kailo yén Raja ngawangun wahangan pikeun ngamalirkeun cai. Dina jaman Jan Pieterszoen Coen mah geus puguh, wahangan téh digedé-gedékeun jiga di Amsterdam. Pijalaneun téh lain di darat, tapi dina cai mapay-mapay wahangan. Demi jalan sisi wahangan éta diancokeun bongkar muat barang wungkul. Nepi ka ayeuna kitu kaayaan di Nagri Walanda. Kaharti, sabab urang Walanda mah ngeunteungna téh ka sagara. Ku kituna ngaropéa laut, nyieun parahu atawa ngamumulé basisir téh tigin pisan. Sigana nagri urang anu cenah basisirna pangpanjangna sadunya, sawadina meureun kitu. Jalésvéva Jayamahé, kitu saur parapahlawan laut urang ogé.

Mawat Banjir
Nilik kana kaayaan alam fisikna mah saéstuna Jakarta téh sayang banjir. Ieu wewengkon téh merenahna dina hiji léngkob. Cai ti Citarum wétaneun léngkob, méngkolna téh ka léngkob Jakarta, kitu deui ti beulah kulon ti Cisadané. Ciliwung anu merenahna di tengah-tengah, notog pisan ka Jakarta. Dina jaman Coen mah Ciliwung téh sékéna kahirupan. Basa Coen meunang widi pikeun ngadegkeun gudang, merenahkeunana téh di sisi Ciliwung. Kitu deui urang Portegis anu ti saméméhna geus ngokolakeun gudang di sisi beulah wétan. Ciliwung sasatna diapit ku puseur niaga anu paeunteung-eunteung. Ku kituna Ciliwung téh jadi pupuhu jalan.
Sanggeus ngusir urang Portegis, Coen nyieun wahangan ka kénca ka katuhu, sangkan parahu bisa lalar liwat ka suklakna ka siklukna di wewengkon Batavia. Ku kituna, nilik kana kodratna Jakarta téh kota cai. Tutumpakan, boh barang boh jelema, ngandelkeun jalan cai. Tangtu waé lamun dibalik kana tutumpakan jalan darat jiga kiwari, nya masih kénéh kudu bireuk jeung cai. Ngarobah falsafah kota geus tangtu merelukeun waktu. Kungsi aya béja cenah Pamaréntah Jakarta mitembeyan ngamumulé deui wahangan pikeun tutumpakan cai. Ieu téh kacida alusna lantaran saluyu jeung kodratna kota.
Ayeuna lantaran tutumpakan di darat leuwih genah tur pangpangna mah kitu kahayang balaréa, nya teu nanaon pindah ti kodrat cai ka kodrat darat. Ngan tangtu ngarobah kodrat, komo ieu mah lantaran kodrat perbawa alam, geus tangtu henteu gampang. Nu ngokolakeun Dayeuh Jakarta ti baheula ogé geus wanoh kana téori-téorina pikeun ngarobah falsafah tina kota cai kana kota darat. Ngan tangtu dina prakna henteu bisa gagancangan, lain waé perelu waragad, tapi ogé perelu waktu. Katurug-turug Jakarta sakitu gegekna, ngaléngkah gé hésé.

Alam fisik wewengkon Jakarta
Wewengkon Jakarta téh tumuwuh dina léngkob anu disaeur ku keusik gunung. Ratusan réwu taun ka tukang, sarupaning babatuan anu diburakeun ku Gunung Salak, Gunung Gedé, jeung Pangrango saeutik-saeutik ngurug Léngkob Jakarta anu harita mah jirimna laut. Tempat pangurugan merenahna di palebah Bogor. Nu matak alam fisik Jakarta-Bogor wujudna méncos ka Bogor bari ngalegaan ka Jakarta. Wangun sarupa kitu téh teu béda jeung kipas atawa ku ahlina sok disebut kipas aluvium (alluvial fan). Basisir Léngkob Jakarta jaman harita kira-kira merenahna di wewengkon Cibinong.
Cai anu monténg ti Bogor ka Cibinong teu eureun ngakutan keusik, nepi ka kipas aluvium téh ngalegaan. Kitu jeung kitu waé, saeutik-saeutik basisir ngésér ka kalér. Biwir kipas tungtungna nepi ka wewengkon Senayan. Ti Bogor nepi ka Senayan, taneuhna beureum, anu disebut taneuh laterit anu asalna tina keusik gunung anu ngawangun kipas téa. Ti Senayan ka kalér, léngkob téh kaurugna ku leutak anu ngendek di walungan. Urut basisir masih katangar manjang ti wétan ka kulon ngajajar ti kidul ka kalérkeun. Ieu anu disebut geger basisir (beach ridges), lébarna 50 méteran, jangkungna aya kana dua tilu méterna. Ayeuna tapak geger basisir téh geus teu pati écés, lantaran dilindes ku wangunan kota. Tapi kodratna mah aya kénéh, nya éta ieu geger téh mendet cai. Katurug-turug lahan tukangeunana téh urut rawa anu taneuhna henteu nyerep cai. Di palebah dieu cai pasti ngeuyeumbeu. Jalan Sudirman jeung Thamrin motong geger basisir anu manjang ti wétan ka kulonkeun. Ku kituna, palebah jalan motong lahan urut rawa, geus pasti cileungcangna rada jero. Ti baheula anu kawentar téh wewengkon Sarinah.
Aya deui anu nyebutkeun yén banjir Jakarta téh aya patalina jeung cai jero taneuh anu disedotna kaleuleuwihi. Ku lantaran kitu, taneuh neundeut, cai asin rembes ti laut nepi ka Monas. Tapi teu saeutik ahli anu teu sapagodos. Panalungtikan katompérnakeun maké isotop, nétélakeun yén cai asin téh lain ti laut, tapi ti anggalna geus aya di dinya. Perkara neundeut, bisa jadi bener, tapi dina enyana masih bisa dikokolakeun ku ngawatesan nyedotna cai taneuh. Tapi aya deui anu nalungtik, cenah neundeutna Dayeuh Jakarta téh lantaran ngareunteutna alas Léngkob Jakarta. Ieu téh patali jeung soéhna tatapakan léngkob di deukeut Tangerang jeung deukeut Bekasi. Sasatna Léngkob Jakarta téh dumadina lantaran dihapit ku dua wewengkon anu cicingna henteu teteg. Cenah teu mustahil ieu soéh téh nguliat deui di jaman kiwari anu disebut néotéktonik. Ieu panalungtikan tacan masagi masih perelu kénéh disusud jeung diteuleuman.
Kumaha akalna sangkan ulah banjir? Nya rada hésé, lantaran kudu ngarobah kodrat fisik kota. Tapi lamun aya waragadna mah teu hésé-hésé teuing. Anu ngokolakeun Jakarta geus apal kana kaayaan alam fisik Jakarta. Cenah rancangan pikeun nangkes banjir ogé geus sababaraha kali digulang-gapér. Wahangan Wétan (Banjir Kanal Timur) anu geus diwangun kacida hadéna. Dibarengan ku wahangan beulah kulon anu geus diwangun ku Walanda sigana bakal mampuh ngabénténgan Jakarta tina cai anu narajang ti beulah kidul.
Ayeuna tinggal bénténg ti beulah kalér, lantaran cenah cai laut ogé dina usum ngijih sok mancal basisir. Éta kaharti lantaran cai ti Citarum jeung Cisadané ngulibek ka Léngkob Jakarta. Buktina, délta Citarum henteu tumuwuh ka kalér, tapi ngeluk ka Léngkob Jakarta. Atuh caina ogé ngulibek ka dinya. Ku kituna beungeut cai laut di Léngkob Jakarta ngaluhuran. Demi cai walungan geus tangtu ngeuyeumbeu lamun neumbrag cai laut anu leuwih luhur. Leuwih ti kitu, ngabayabah ka mamana. Dina perkara ieu, rancangan pikeun ngamumulé basisir kalér Jakarta merenah pisan. Ku modél polder siga di Nagri Walanda cai laut bisa diajak badami. Urang Walanda mah cenah geus 800 taun ngomé cai modél kitu téh. Ngompa caina maké kincir angin. Ngan di urang mah meureun maké BBM anu geus tangtu unggal poé kutar-ketir.***
*) Nu nulis ahli géologi, dumuk di Dago Babakan, Bandung. Serélék: asudradjat@yahoo.com