Halaman

Bagéa Wilujeng Tepang

Majalah SundaMidang munggaran medal sasih Nopémbér 2004. SundaMidang mibanda motto : Majalah Sasihan Aoseun Warga Nu Nyarunda. Midang makalangan ngawedelan hirup huripna Pérs Sunda di Nusantara. Sanajan karék sababaraha taun, SundaMidang mayeng tur maneuh nepungan palanggan satiana di tatar Jawa Barat, Banten, Jakarta, malah nepi ka wewengkon séjénna

Éksékusi

Ku Endan Sukanda *)

(SundaMidang 100 Kaca 26)

Nurutkeun papayan sajarahna, hukum pati téh asalna mah ku cara ditunggel jangga, istilah anu dipaké pikeun ngalemeskeun “diteukteuk beuheung” atawa dipeuncit. Dipapay leuwih ka tukang deui, dina jaman baheula béhditueun baheula, upamana anu kacatet dina jaman Aristotéles mah, jalma-jalma anu dianggap siwah dina pamadeganana, manakomo dianggap ngabangkang kana kailaharan, dihukum patina ku cara dipaksa nginum (diinuman) racun. Sakitan kokolojotan, tina bahamna ngabudah sésa-sésa racun anu tangtu wé matak maténi. Sanajan waktuna kaitung cukup rada lila, kitu lah antara satengah tepi ka sapoé jeput ti mimiti racun asup kana kadut tepi ka aya réaksina anu tuluy sakitan téa ngemasi pati.
Ari ditunggel jangga mah, sakitan anu leungeunna dibarogod (da bisi kabur) digiringkeun ka hiji tempat anu maneuh, terus beuheungna sina nyindekel kana talenan anu jangkungna kira-kira 60 cm, rubak buleudanana 40 cm. Srog logojo anu bosongot ngangsrog, cleng sirah sakitan misah tina awakna digampleng ku gobang atawa kampak parantina. Wassalam, gumantung kana amalna, naha di ditu rék ka naraka atawa sawargana mah. Ngan anu sidik, sirah anu baloboran kénéh ku getih, laju dipulung ku logojo, saterusna ditémbongkeun ka balaréa anu nyaksian, sangkan nu lalajo jadi saksi yén sakitan téa geus dihukum pati.
Jaman raja-raja nyakrawati di Perancis bihari, hukum pati ditunggel jangga téh aya kamajuan anu kaitung rada “nyakola” sahanteuna asa teu kaciri bengis teuing. Alat pamotong beuheung, mangrupa beusi atawa logam anu beuratna ratusan kati. Éta “péso” anu rubakna kira-kira sadeupa, panjangna punjul satengah deupa kalayan beulah handapna ngahaja sina seukeut, digantungkeun cacangkedna anu disambungkeun maké tambang dadung. Mun cangkedna ditarik, ieu péso atawa kampak raksasa téa ngagulusur kana jalan parantina murag kalawan neundeut, ninggang kana beuheung jalma sakitan anu mémang keur nunggu-nunggu diteukteuk. Éta pakarang anu matak muringkak saawak-awak, muriding sabulu-bulu gading téh guilotine disebutna, maneuh paranti neukteuk beuheung sakitan.
Rada béh dieu pisan, anu dihukum pati téh ku jalan digantung, kaasup dina jaman modérn ayeuna. Upamana waé anu kajadian dina mangsa Ordeu Lama baheula, aya tilu soldadu urang anu dihukum gantung di Malaysia. Nya kitu deui Ali Bhutto, jalma dina jaman modéren nagarawan anu ngalaman gugulayunan dina tihang gantungan téh. Malah tepi ka ieu tulisan dijieun ogé, Nagri Jiran tatangga urang mah masih kénéh nerapkeun hukuman pati ku jalan digantung pikeun sakitan anu diponés maot, upamana bandar narkoba, atawa anu ngahaja maéhan.
Saterusna hukum pati beuki maju, dina harti merhitungkeun jihat kamanusaan. Dina hal ieu mah inohong logojo néangan jalan jeung ihtiar, kumaha carana sangkan sakitan teu lila teuing nandangan panyiksa saméméh datang ajalna. Nya kapanggih ku jalan dibedil. Kalawan rerencepan, sakitan téa dibawa ka hiji tempat anu dirusiahkeun. Leungeun sakitan dibangkol, panonna ditutupan tuluy dituyun ka tempat éksékusi. Di dinya geus nyampak sungut-sungut bedil anu jumlahna 12 bedil. Ti dinya kalayan rerencepan komandan regu témbak ngasupan salasahiji bedil ku pélor, sedengkeun bedil nu sawelas deui mah kosong. Cunduk waktu anu tangtu, pas datang kana mangsana, 12 urang penémbak jitu (sniper) dipanggil pikeun ngalaksanakeun pancénna. Tilu, dua, hiji, témbak! Belesur tina salasahiji sungut bedil aya pélor anu ngabelesat meneran kana jajantung sakitan, da ngahaja geus dicirian minangka sasaran témbak. Beletak, dada sakitan keuna, satuluyna aya nu ngalémbéréh dina palebah dada si sakitan, hiji, dua, tilu... sapuluh detik (atawa leuwih saeutik) kulahék waéh beuheung sakitan ngulahék. Dokter ngarampaan pigeulang sakitan, jslté anu saterusna nyieun viseum anu nétélakeun yén sakitan geus bener-bener maot dina jam menit jeung detik saanu.
Hukum pati anu “panggenahna” dina harti anu dihukumna teu pati lila teuing kasiksa, nya éta diuk dina korsi listrik. Palebah urat nadi sakitan, kayaning dina palebah beuheung, pigeulang leungeun duanana, luhureun bincurang suku duanana jeung palebah dada dibeulitan logam panganteur arus listrik anu panghébatna. Tilu, dua, hiji! Aliran listrik anu ngamalir kana korsi listrik téa dicetrékkeun. Kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, kolojot, hos. Ieu mah antara 3 - 5 detik tepi ka wasalamna, gumantung daya tahan (endurance) jasmani sakitan.
Heup, nyaritakeun anu dihukum pati mah bisi kabaca ku anu leumpeuh yuni, malaur katempuhan anu nulisna kéh. Enya da dicaritakeun deui di dieu sotéh pikeun babandingan carita anu aya pakaitna jeung kecap éksékusi, anu kiwari mah lain waé mindeng kapireng ku urang saréréa, tapi geus teu matak ngabirigidig.
Béda jaman, béda jalma nu ngajamanan. Sok sanajan asalna mah, dina kamus naon waé harti kecap éksékusi téh diheureutkeun ngan wungkul pikeun anu dihukum pati. Upamana dina Kamus Ensiklopédi Indonésia taun 1992 kabaca dina kaca 1345. Di dinya mah malahan kapanggih rupa-rupa hukum anu kungsi diterapkeun di nagara urang, di antarana aya hukum dera atawa hukum cambuk. Cenah gé kieu, katerangan ngeunaan hukum dera mah, “hukuman menyakiti badan dengan pukulan kayu, rotan atau cambuk, dsb. yang masih banyak dijalankan sebelum tahun 1900 tetapi kini sudah terlarang” Dina kaca éta kénéh, ditétélakeun kieu, “hukuman mati dalam hukum pidana Indonesia termasuk hukuman yang paling berat”. Dina Kamus Umum Bahasa Indonesia (KUBI) W.J.S Poerwadarminta, boh anu medal taun 1987 nya kitu KUBI wedalan taun 2006 dina kaca 313 masih kénéh sarua kabaca, “éksékusi adalah pelaksanaan putusan hakim, hususnya hukuman mati” Malah dina Kamus Inggris-Indonesia Indonesia-Inggris mah leuwih tembres deui, “execute” vb melakukan; -- somebody, menjalankan hukuman mati atas. “execution” hal melakukan (hukuman mati).
Saluyu jeung mekarna jaman, ieu kecap jadi ngalegaan jeung ngajembaran. Dina harti kiwari mah éksékusi téh dilarapkeun dina rupa-rupa pakumbuhan kahirupan, upamana éksékusi wangunan anu jadi bahan patelak, éksékusi lahan, jslté.
Jadi, lamun kiwari urang di dieu di sarakan (anu cenah gemah ripah loh jinawi) maca atawa ngabandungan hiji warta aya kalimah, “Si Ontohod lantaran kaasup koruptor, sakeudeung deui baris diéksékusi (tangtuna gé lain jasmanina anu rék dihukum pati, tapi... harta kakayaanana anu meunang hasil ngagerejud tina duit rahayat atawa ngagasab kakayaan nagara). Pan heueuh geus pasti, da di urang mah lain di Cina anu kungsi kabéjakeun dina warta, yén pajabat-pajabat nagara anu duruwiksa, anu jadi koruptor ngorowot tepi ka duit nagara copong gorowong téa ditibanan hukum pati. Tumerapna, minangka rambat kamalé tina ieu kawijakan pamaréntah Cina, anu rék ngicip-ngicip korupsi, rék nyoba-nyoba ngagasab harta rahayat jeung nagara, jadi mikir sababaraha jumpalikan.
Naha perlu kitu di nagara urang ogé (anu majar cenah gemah ripah loh jinawi téa) harti éksékusi kiwari diriutkeun tepi ka ngaheureutan deui saperti bihari? Keur koruptor, utamana anu geus nyata nyangsara masarakat tepi ka jaradi masakat rosa, ka hareupna lamun urang mireng béja aya ti antara maranéhna anu diéksékusi téh dina sawangan urang geus pasti maranéhna disetrum dina korsi listrik, didor, ngagulayun digantung; atawa cara anu leuwih ka tukang deui diguilotin jeung diinuman racun? Manakomo da geus ti jaman Menkumham Patrialis Akbar, hukum pati di nagara urang bisa dilaksanakeun ka koruptor saupama kalakuan kotor ceceremedna téa dina kaayaan nagara keur walurat atawa ngagasab waragad anu diancokeun keur musibah. Beu, mun enya téh...***
*) Nu nulis guru Sajarah SMAN 3 Kota Sukabumi