Metakeun
Jurus-jurus Wirausaha
Ku Dr. H. Yoyo Kartoyo, MM. *)
(SundaMidang
100 Kaca 7)
Kahirupan bisnis neueul kana sabudeureun “Persaingan”, geusan meunangkeun pasar, sumber daya, tahan, legana wewenang. Nu
ditataan bieu tangtu wé didodoho ku halangan-harungan ogé “Risiko”, nu dilantarankeun talajak jalma séjén atawa ogé pangaruh alam. Ku lantaran kitu, hartina ogé butuh “Perilaku” jeung
“Strategi” (sangkan nyorang hirup jeung huripna).
Bédana leuweung bisnis jeung leuweung nu saenyana téh patali jeung lingkungan ogé pipikiran manusa. Leuweung bisnis sarua bahayana, tapi jauh leuwih pajurawet. Kitu téh patali jeung rarancang, pipikiran, jeung strategi manusa jauh leuwih ngabahayakeun.
Kalanggengan bisnis jeung ngungudag kaunggulan di dunya usaha remen ngalantarankeun tindakan séjén ti lawan bisnis nu balukarna ngarugikeun malah maéhan salasahiji pihak. Contona, perang harega nu kejem sarta ngagunakeun pangaruh nu sawenang-wenang, oge ‘ngarebut’ pausahaan leutik nu ‘dirangsadan’ hartana atawa nu dimérger, ahirna mah leungiteun idéntitasna, paéh wéh!
Ménéjer abad ka-21 ngalaman lumangsungna strategi persaingan (papunjul-punjul) nu kejem. Geusan tetep ngabogaan daya tahan dina bisnis, tangtu wé kudu tetep ngimeutan kamekaran dunya usaha. Lian ti kitu, tangtuna ogé kudu tetep waspada, ati-ati jeung gemet dina nyanghareupan pihak séjén. Hartina ogé kudu waspada dina nyanghareupan pamangsa-pamangsa nu kejem!
Kapamingpinan Wiraswasta Pamaréntahan dipedar panjang lébar ku David Osborne jeung Ted Gaebler (1992) dina buku nu judulna Reinventing Government, ditarjamahkeun “Mewirausahakan Birokrasi”. Pandangan kawiraswastaan, ayeuna leuwih maju, jeung deuih asup kana séktor pamaréntahan. Pamaréntah mimiti mikahayang, ngokolakeun assét nagara sacara wiraswasta.
Parapajabat kaasup sagala tingkatan aparatna kudu ngabogaan jiwa kapamingpinan wiraswasta, nalingakeun aspék-aspék ékonomis, untung / rugi dina ngajalankeun, ngurus assét nagara. Pamarentah mimiti ngurangan supsidi nu mingkin lila mingkin ngaganggu kauntungan nagara. Ku lantaran kitu, pamaréntah kalayan sakumna réngrénganana, kudu ngarobah oriéntasina (sawangan jeung tujuanana) nu neueul kana kapentingan rahayat.
Dina kaayaan saperti kitu, pamaréntah sakuduna leuwih ngarahkeun batan ‘ngalaksanakeun’ kudu ‘nyuntikeun’ persaingan kana garapan gawé palayanan. Pamaréntah, kudu leuwih neueulkeun sawangan jeung tujuanana ka palanggan, birokrasi pamaréntah kudu ngahasilkeun batan tuluy-tuluyan ngabalanjakeun duit nagara.
Patali jeung pakarepan kitu, hartina ogé pamaréntah téh kudu leuwih ngaheulakeun ‘nyegah’ batan ngubaran. Dina palayanan, pamaréntah gé kudu mampuh nyugemakeun masarakat nu narima éta palayanan. Upama karasana nyugemakeun, masarakat gé moal asa-asa mayar pajeg, rétribusi jeung sajabana keur kapentingan pamaréntah.***
*) Nu nulis Diréktur Utama PT. Fajar Parahiyangan